Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

dipucong

kamari poe minggu kuring berangkat jam sebalasan ka tempat awu, bari mawa sparepart anu rek diorder karena kiwari mesin ngamuk deui alias teu bisa jalan. pas keur diimah si awu kuring meunang telpon ti bos ayong yen kuring kudu ka kantor manehna hayang ngomong langsung cenah . sanggeus makan siang kuring langsung berangkat ka kantor tapi eta supir Mr Ba'on kalah kuring dibawa heula ka bengkel. terus nungguan eta mobil di servis heula nepika aya meureun 2jam leuwih.
nepi ka kantor rada burit langsung ngebel bang pinto menta buka pintu, eh ternyata orang orang pucong masih lengkep keneh , tapi cek beja mah arek parindah ka lain tempat.
sanggeus omong-omong kuring ulin ka tesco bareng jeung a yana, a ucu , adi jeung mengla. pas dijalan hareupeun kantor papangih jeung bos karek datang teuing tostimana. ah kuring cuek wae da tos kagok aya diluar. pulang ti tesco kuring lansung menghadap bos, manehna mere beberapa intruksi ngeunaan cara kerja di pabrik bari jeung nanya keluhan kuring salila diditu, nya teu asa asa barabat wae kuring ngungkapkeun sababaraha keluhan nu kira kira etis, bari jeung kuring nanyakeun paspor naha make dicekel ku bos atuh saya jadi was-was teu bisa ka supermarket2 acan . ternyata Ayong teu nyaho hal eta, berarti anu nahan paspor lain manehna meureun ku bos lain atawa emang kalakuan si awu anu tengil, tapi ayong janji rek cari tau eta paspor disaha jeung rek mulangkeun ka kuring.
beres miting jeung bos ganti acarana meeting jeung balad2 dipucong. rada seru oge mun dibaturan arak mah , bari sugan acara perpisahan a yana nu rek berangkat ka negerina babah tong eng. Share

punten


punten ah sababaraha dinten ieu moal waka update, aya suatu hal nu moal dibeja beja.
Share

kiwari


Share

nineung


katineung kuring
Share

permit geus jadi

sori euy 2poe ieu teu bisa update, gara2 na mah ieu nu dipake teh komp server, ku boss dicaram dipake nulain, tapi jang kebutuhan server sebagai penyuguh tayangan online cctv, tapi aing ateul hayang update,ieu blog geus jiga sobat dalit, rasana mun teu update asa aya nu teu merenah. kamari kuring geus transfer ka pamajikan jeung ka lina ( mayar hutang) sori ah kaliwat sabulan nya nong , lain poho tapi kaburu dikirim kabeh ka indung budak nu bulan kaliwat mah.
bang pinto aya nelpon tadi ngupahan emosi aing, ceuk manehna mun aya keluhan nu geus teu tahan ngomong wae ka ayong, manehnamah orangna memang bageur jeung paling mempertahan keun anak buah cenah. kuring jadi asa kandel deui simanget teh euy, ngan ujadi heran permit aing geus jadi nepika februari taun hareup, tapi eta paspor teu dibikeun ngan potocopiana, ceuk si awu mah dicekel ku bos, teuing bos numana kuaing ditanyakeun ka pinto, ayong mah tara kikituan. teuing mun boss lain sieun aing mabur meureun. Share

isuk isuk biasa si MB datang kadieu , kuring ningali akun keur ngalamun di hareup, terus manehna curhat saeutik tentang pagawean didieu, menurut manehna gawe didieu leuwih cape , jeung teu bisa kamamana (nyari cewe cenah).
padahl aing oge bete leuwih ti kitu, ngan jang naon curhat kamanehna sarua jeung nalanjangan sorangan, dina waktuna aing mabur nya mabur wae teu kudu loba omong lah.
aing mere nomer telpon pamajikan ka si fran, bisi jeung bisi aya nanaon karandapan kuaing manehna bisa ngabejaan ka lembur.
beurang ieu aing terus ngabenahan blog ieu, bari jeung surfing ka situs situs anu perlu, jiga ilmu komputer, komputek ,pcplus jeung teu poho ningalian harga hengpon (baca: Handphone),
lantaran yayang hayang ganti hengpon da nu sony z600 sering heng(baca: hang), jeung susah meunang sinyal.
tapi aing inget tukang ojeg nungaran sikaleng , lamun menehna meunang sinyal mah jelema sok kalabur ( kenapa eh kenapa ?) karena sinyal manehnamah kaluar tina liang waduk alias hitut, ha ha ha ha ha ha ha ha
Share

Boss hoyong tepang








tadi boss sms dina intina manehna hayang panggih jeung sayah yen baris nanyakeun detailna masalah stabilizer. tapi teuing iraha kuring dijemput kadieu, nepika weyah kieu si awu can nonghol nonghol kadieu.
ayeuna kuring aya waktu ngabebenah ieu blog ambeh rada rapih, jeung genah ditingali, tapi kuring loba make scrip-sccrip gambar anu di link ka web lain, teu nanaon ambeh hemat ruang lah , soalna kuring dipasihan 1gb, ah cukup gede nya pikeun gratisan mah.
Share

poho login id

wah belegug euy aing teu bisa masuk ka fotopage.com aing poho nama user id na, komo passwordna mah maklum geus ampir 2 taun teu di update. nya kapaksa ke rek dipindahkeun kabeh fotona mungkin ka alamat web anyar tangtuna anu gratisan, cilaka yeuh ari geus poho hese pisan diinget inget, teu cara ngaran kabogoh najan dipopohokeun oge eh sok inget wae.
Share

pabaliut

dimalaysia rasana jiga negara teu pararuguh , memang didieu negara kaya, ceuk aing mah kaya keneh indonesia, ngan masalah bahasa asa pajuliwet komo ngomong jeung urang cina anu barelegug, ngomong melayu lieur, ngomong inggris pagujud, ngomong cina aing teu ngarti, piraku kudu make bahasa tubuh wae, kawas aing jelema dongo wae, atawa jiga jelema pireu.
ternyata eh ternyata babaturan di ofice oge mere koment ka blog ieu, sok maraca oge ning, sukurlah ambeh loba batur curhat.
ngan aing kadang sok hararese arek komunikasi , kadang urang ngomong kitu manehna teu ngarti kitu oge sabalikna. kalah kieu mah aing bisa gancang huisan, mun urang office nu ngaran mas iman pinter euy bahasa melayuna teuing pedah manehna urang melayu oge, kadang mun di office sok nanya ka manehna naon eta ucapan melayu teh. Share

bibi sms an


bibi sms an nih lagi baca blog suayah, thank rajin rajin aja baca nya biar tambah deket rasanya bisa curhat ada yang dengerin. kalo emang bisa ngerti kondisi Aa disini tentunya Bibi bisa maklum. sayang bibi hpnya gak bisa ditelphon, gak apa lah irit pulsa dikit masa belon sebulan pulsa udah abis 130 ringgit, boros juga nih, paling boros kamari pake nyarekan simamang, habis pulsa habis energi nih , untung dia udah clear, malah si fitri juga di email na ngupahan wae.
Share

dicukur


sanggeus tadi aya informasi mesin teu kudu jalan karena stabilizer rek di omean heula, kuring nungguan si MB cenah manehna nunggu, jelema rek kirim cai minum, 10 galon. sanggeus eta tukan cai balik kuring jeung si MB cabut ka tempat cukur orang india , bagus oge euy jeung rapih, hargana ngan 8 ringgit, mun di pucong mah mahal nepika 60 ringgit edan sugan 7kali lipetna. tadi aya oge jelema nu ngomean pager, malah datang orang cctv, mere surat setingan website jang si awu, malah aya oge ownwr pabrik datang mere surat tagihan cai bulan heubeul.
Mr yong aya nanya oge urusan kunaon eta stabilizer bisa kitu nya kukuring dibere asumsina lah , tapi kuring oge nanya oge sih ka pak yudi, anu geus ahli masalah listrik arus kuat.
nuhun ah pa, punten tatanya wae.
Share

stabilizer kebakaran, gajian diundur



wah hari ini agak repot malahnya mesin walaupun lagi lancar2nya, eh stabilizer meleduk alias kebakaran. alhasil gua langsung nelpon awu, dia lagi di office dengan ayong. ayong juga ada tanya gua tentang hal itu , langsung gua terangin sama dia, tak lama afong datang (wireman), lihat2 stabilizer terus dia pergi. keputusannya mungkin besok giman si awu aja, gua hawatir kalo gak pake stabilizer masalahnya ngerembet ke mesin.

Yang paling kesel gua dapet kabar kalo gajian diundur tgl 9 , mana bisa tahan coy. Share

emosi yeuh





poe ieu loba pi emosieun yeuh , kuring meunang fordward sms deui ti pamajikan, eta eusina sms si mamang bet nyarekan pamajikan aing bahasana nganyerikeun hate pisan. ku kuring si mamang di sms bertubi tubi tuluy di telpon, eh manehna ngomong rek putus hubungan. ceuk aing ok lamun hayangna kitu, ari ges giliran ngeunahna hayang putus hubungan teu cara keur susah. keun we lah ges kitu adatna aing ngarti, tapi lamun berurusan jeung aing moal bisa kitu wae , tong harap bisa beres nepika dinya. ngan untung na manehna menta dihampura. teu masalah da memang manehna nu neangan masalah ka aing. memang mun dilayanan sarua gelona. tapi aing kudu melindungi keluarga iang, gimana pun carana mun aya nu menghina pamajikan sarua jeung ngahina aing. pan moto aing 'orang yang mencintai keluarganya lebih dari mencintai dirinya sendiri, ( keren oge tah)
poe ieu aing aya oge sms an jeung mang didin(bi eli), aya oge nelphon ka bapa pandi ,manehna keur di cikembar cenah, ker gajian meren, kuring nenya kabar bapa+ema, jeung menta pidu'a ti maranehna.
Share
isux isux ngaing geus nyaring, awak asa pasiksak, maklum kamari tos ngadorong pc 3 palet ku duaan. sanggeus mandi kuring terus ngesian desel 1drum bari jeung hararese kusorangan.
aya beja ti pamajikan ' simamang ngambek masalah manehna transfer duit ka rek pamajikan sayah, terus hayang dicandak poe senen, kuring sorangan can gajian euy, sedangkan saldo di bca kurang ti 3,5 juta mah teu bisa cicokot ku buku, pamajikan jadi bingung, kecuali transferna liwat ti tilu juta ya bisa diambil gitu. eta ge bisa tapi urang sarua jeung tutup rekening.
ah keun wae lah, eta urusan maranehna, soalna ATM na dibawa ku aing didieu. Share

Yayang ngupahan

Poe kamari kuring curhat (tapi lain curuk jahat >> curahin hati ) ka nu jadi bojo, intinamah kuring nepsong pisan ka eta jelema nu ngaran awu, hate jahat aing mah hayang ngalebok wae eta jelema. atawa didoa keun tabrakan tuluy cacat atawa pengkor ( punten ah )
Pamajikan tuluy ngupahan , memang urang kudu rada sabarayeuna ayeuna mah posisi keur tidak menguntungkan urang nya bu,
aing kesel oge ayeuna geus tanggal 2 tapi can gajian keneh, manehna ge can ngomong nanaon , ari ceuk si MB (muka Babi) mah Bos masih aya di luar negri, ah paduli bos aya dimana ge kuring mah butuh duitna lain jelema na.
kadang didieu kuring sok sedih, taya batur pakumaha, teu bisa curhat, jeung rada hanjakal saeutik, jiga babasaan moro julang ngaleupaskeun peusing. memang gaji 1000$ limayan gede pikeun aing tapi resikona asa leuwih gede yeuh , jeuh jauh lewih cape.
mun di KV (karyamas) mah pagawean unggal poe ukur nyo'o komputer (ngan mun hayang online sok susulumputan bari jeung sok ngabates jam online, tapi didieu mah cape na 3X lipet, geus kitu dicarekan teupupuguh karena misunderstand wungkul eta teh komo mun bener2 aing ngalakukeun salah.
hanjakalna aing loba hutang dilembur gara2 krudat kridit, tah jadi kieu geuning jaba budah keur mejeuhna loba kahayang. Ah mudah2han aing bisa sabar, niatna oge rek ibadah nyiar rejeki insya Allah berjuang sakuat tanaga. Share