Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.
isux isux ngaing geus nyaring, awak asa pasiksak, maklum kamari tos ngadorong pc 3 palet ku duaan. sanggeus mandi kuring terus ngesian desel 1drum bari jeung hararese kusorangan.
aya beja ti pamajikan ' simamang ngambek masalah manehna transfer duit ka rek pamajikan sayah, terus hayang dicandak poe senen, kuring sorangan can gajian euy, sedangkan saldo di bca kurang ti 3,5 juta mah teu bisa cicokot ku buku, pamajikan jadi bingung, kecuali transferna liwat ti tilu juta ya bisa diambil gitu. eta ge bisa tapi urang sarua jeung tutup rekening.
ah keun wae lah, eta urusan maranehna, soalna ATM na dibawa ku aing didieu. Share