Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Nasehat Rasulullah Ngabagéakeun Bulan Ramadan


Suhunkeun ka Alloh Rabb anjeun jeung niat anu tulus sarta haté anu suci ambéh Alloh Nuduhkeun pikeun ngalakonan syiyam sarta maca kitab-Na.

Cilaka pisan jelema anu henteu meunang ampunan Alloh di bulan anu agung ieu. Sawangkeun jeung rasa lapar sarta hanaang, kalaparan sarta hanaang di poé kiamat. Bersedekahlah ka kaum fukara sarta masakin.

Muliakaeun jalma-jalma kolot anjeun, pikanya'ah anu ngora, bageakeun tali duduluran,
jaga létah anjeun, tahan tetempoan anjeun ti naon anu henteu halal manéh melongna, sarta dedengean ti naon anu henteu halal manéh ngaregepkeunana.

Pikadeudeuh barudak yatim, niscaya dipiasih manusa barudak yatim anjeun. Mundut tobat
ka Alloh ti dosa-dosa anjeun.

Angkatkeun dua leungeun pikeun Ngadoa dina waktu solat anjeun alatan éta pisan waktu-waktu anu pangutamana sabot Alloh Azza wa Jalla nulungan hamba-hambana kalawan pinuh kaasih; Allah némbalan maranéhanana sabot maranéhanana ngadu'a, ngabagéakeun maranéhanana sabot maranéhanana Nyambat mantena, sarta mengabulkan maranéhanana sabot maranéhanana ngadoa ka Alloh.

Wahai manusa! Saéstuna diri-diri anjeun kagade keun alatan amal-amal anjeun, mangka bebaskeun eta kalawan istighfar. Tonggong2 anjeun beurat alatan beungbeurat (dosa)-anjeun, mangka dihampangkeun kalawan manjangkeun sujud anjeun.

Coba kanyahokeun! Alloh Ta'ala tos sumpah kalawan sagala kaAgungan-Na yén Manéhna moal ngazab jalma-jalma anu solat sarta sujud, sarta moal ngancem maranéhanana kalawan naraka dina poé manusa nangtung dihareupeun Rabb Al-'Alamin.

Wahai manusa! Sing saha diantara anjeun mikeun buka ka jalma-jalma Mukmin anu puasa di bulan ieu, mangka disisi Alloh peunteunana sarua kalawan membebaskan saurang budak sarta manéhna dibéré ampunan luhur dosa-dosana anu saterusna.

(Sahabat-sahabat nanya:" Enya Rasulullah!Teu pisan-pisan kami kabéh sanggup migawé kitu." Rasulullah neruskeun:)
Jaga diri anjeun ti seuneu naraka sanajan ngan kalawan sasiki korma. Jaga diri anjeun ti seuneu naraka sanajan ngan kalawan seleguk cai.

Wahai manusa! Saha anu ngaluskeun ahlaknya di bulan ieu manéhna baris junun ngaliwatan sirath dina poé sabot suku-suku tikosewad.

Sing saha anu ngahampangkeun pagawéan jalma-jalma anu dipiboga leungeun katuhuna (pagawé atawa pembantu) di bulan ieu, Alloh baris ngahampangkeun pemeriksaan-Na di poé Kiamat. Sing saha nahan kagorengan di bulan ieu, Alloh baris nahan murka-Na dina poé manéhna paamprok sareng Anjeuna.

Sing saha ngamuliakeun anak yatim di bulan ieu, Alloh baris ngamuliakeunana dina poé manéhna paamprok sareng Anjeuna.

Sing saha menyambungkan tali duduluran (silaturahmi) di bulan ieu, Alloh baris nyambungkeun manéhna kalawan rahmat-Na dina poé manéhna paamprok sareng Anjeuna.
Sing saha megatkeun kakulawargaan di bulan ieu, Alloh baris megatkeun rahmat-Na dina poé manéhna paamprok sareng Anjeuna.

Sing saha ngalakonan solat sunat di bulan ieu, Alloh baris nuliskeun , Alloh baris nuliskeun pikeunana kabébasan ti seuneu naraka. Sing saha ngalakonan solat fardhu pikeunana nyaéta ganjaran kawas ngalakonan 70 solat fardhu dibulan anu séjén.

Sing saha ngalobakeun shalawat ka kuring di bulan ieu, Alloh baris ngabeungbeuratan timbanganana dina poé sabot timbangan ngahampangan. Sing saha dina bulan ieu maca hiji ayat Al-quran, ganjarannya sarua kawas mengkhatam Al-qur'an dina bulan-bulan anu séjén.

Wahai manusa! saéstuna panto-panto surga dibukakan pikeun anjeun, mangka suhunkeun ka Pangéran anjeun ambéh moal kungsi nutupkeunana pikeun anjeun.

Panto-panto naraka katutup, mangka suhunkeun ka Rabb anjeun pikeun moal kungsi dibukakan pikeun anjeun. Setan-setan dibarogol, mangka suhunkeun ambéh manéhna teu deui kungsi ngawasa anjeun.

Amirul Mukminin k.w. ngomong,:Kuring nangtung sarta ngomong,"Ya Rasulullah! Naon amal anu pangutamana dibulan ieu?”
Jawab Nabi:Enya abal Hasan!
Amal anu pangutamana di bulan ieu téh ngajaga diri ti naon anu diharamkan Alloh".
Share

ID kuring six4sep

awal mula eta ngaran teh nyeta beunang ngareka-reka kuring sorangan
naha cenah make six4sep lain:
sikasep===> sipatning adigung muji diri sorangan, kuring teu resep.
maksud utami na mah tina :
six=genep (dina bahasa inggris)
4=four=for=untuk=kango
sep=>disundakeun tina save(aman)
jadi mun disatarabaskeun mah jadina ==>genep kango aman
aya seueur inspirasi tina angka 6 salah sahijina rukun iman.
ieu awal mula kuring balik deui kayakinan kana islam.
jadi ampun paralun lain hayang disebat sikasep(puguh ge teu butut2 acan kuring teh).
kulantaran 6 jadi angka nu masket dina ati.
di YM room bandung6, kuring matuh nongkrong didinya , nu manggil teh make six wae,
sanajan aya penghuni matuh laina phsycotriplesix contona (punten pak de disebat ID na),
tapi ayeuna keur bosen ka chat room, riweuh loba pagawean.
tah janten jelas kitu, six4sep sanes dimaksudkeun sikasep. Share

kursor kujang

beuh sapeupeuting uprak oprek oprek hayang ngurusan deui ieu blog, meungpeung rineh,
tah ka saha bae nu hoyong cursorna jiga di blog ieu, atawa anu di multiply
tiasa di copy wae script na (dihandap) teras paste keun dina jajaran pangluhurna di custom css, atanami dina edit template(edit html) blog salira, tong hilap backup heula !.
/* CURSOR: BODY */
body { cursor:url("http://i296.photobucket.com/albums/mm198/six4sep/Ciung-Pakuan-Carangka-Keno_-1.gif"),default; }

/* CURSOR: LINKS */
a,a:link,a:visited,a:active,a:hover { cursor:url("http://i296.photobucket.com/albums/mm198/six4sep/Ciung-Pakuan-Carangka-Keno_-1.gif"),default; }

/* CURSOR RAIL AREAS*/
.railstart { cursor:url("http://i296.photobucket.com/albums/mm198/six4sep/Ciung-Pakuan-Carangka-Keno_-1.gif"),default; }
.railbody { cursor:url("http://i296.photobucket.com/albums/mm198/six4sep/Ciung-Pakuan-Carangka-Keno_-1.gif"),default; }



baktos
six4sep
Share

Ringrang


peuting ayeuna jiga sarua jeung peuting2 nu kamari...
sarua hese sare jeung teu tibra hate,
kalah kuring bulak balik kaluar kajero ti rohangan ieu,
malah hate tambah ringrang.....
Ringrang ka nu jadi anak, nu ayeuna masih keneh di rumah sakit bunut.
jaba ujug ujug didieu hate langsung jadi barosen,
najan mesin nambahan terus nu di beuli ku si bos pagaweueun jadi tambah loba.
gajih anger keneh.
waaaah jadi leuwih ringrang deui mun nyawang masa depan
naha kuring bakal bisa nepika nganteurkeun+ngabiayaan anak2 kuring nepika jaradi jalma?
pertanyaan nu pikaringrangeun
sawab teu boga pisan garansi pikeun eta
sanajan sababaraha asuransi di iluan,
sok sieun ari umur ngabongohan,
anak2 kuring katalangsara.
tambah ringrang hate
mun inget kana pagawean nu teu matuh,
mun status didieu sih emang teu paruguh,
jadi tukang ngawaskeun pagawean jeung mesin produksi.
memang kuring di ogo ku si bos didieu
tapi nepika iraaha bisa kitu?
kadang hate leutik sok nanya, naha rek kieu wae boga gawe teh?
sanajan kuring kekepehan hayang kana pagawean nu lain ge
buktina brasna ka dieu dieu keneh.
nya sugan geus guratana jadi tecnik engineer sa umur2.
hate leutik mah hayang sakola deui.......
kuamaha da 2 budak eta sakolakeuneun keneh.
yaaaaaa bati ringrang we ayeuna mah. Share

Tobat gusti

tobat teuing ya gusti, sanes kuring mahido ka gusti
sanes kuring cangcaya kagusti
paralun ampun sanes kuring teu tiasa narima papasten gusti
ming saukur paneda kuring ya gusti,
mugia enggal2 cabut deui panyawat pun anak
asalna ti gusti, nya gusti oge nu tiasa nyandakna.

hapunten kuring ya gusti
jadi sepuh anu tambelar
jadi bapa nu teu walakaya
kapan kuring nuju ikhtiar
hoyong nyubadanan anak pamajikan
namung duh tulung ya gusti
tangtayungan kulawarga kuring nu dikantun di lembur
SmileyCentral.com Share

dedeuh teuing Fadli

dedeuh teuing duh anaking
ayeuna anaking nuju teuwalakaya
ngagoler katut infus dirumah sakit
pasti anaking kasiksa
pasti anaking kuciwa
pasti anaking nanya
kamana ayah?

ceurik


ayah rumasa tambelar ka anaking
ayah rumasa tacan bisa ngaping ngajaring anaking
ayah rumasa.......... rumasa......... rumasa
tacan bisa ngabahagiakeun anaking.
hampura ayah ,..........anaking
ceurik Share

aing jadi ripuh, kamar gentengna bocor, jaba hujan gede mani ngagebret, jaba teu aya nu mantuan
nya kapak sa beberes sorangan jaba mesin ngaradat.
poe kamari jiga nigmar(night mare).
aing jadi sebel sorangan Share