Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

IKET - SUNDA


(Talari Paranti - Djati Diri) 


TALI
Tali atau Iket adalah talari(tali paranti) yaitu PAKEM,aturan dan tata-tjara
warisan leluhur budaya sunda.
Iket seperti koncer, talekung, podol kebo, barambang semplak, parengkos
nangka adalah merupakan model iri kha suatu daerah yang memiliki makna.
Iket di tempatkan dikepala (mustika), tempat paling tinggi pada manusia

Kepala merupakan tempat awal dari segala pikiran dan perbuatan dalam
kehidupan, Itulah sebabnya iket ditempatkan dikepala, supaya “TERIKAT”
terkendali menjadi satu ikatan menuju saling asah,asuh,asih (siliwangi)

Di berbagai tempat iket disebut dengan berbagai penamaan seperti:
Telekung (kanekes jero), Udeng (sumedang), Totopong(tasik, tjikondang), Saromal(kanekes luar), Palekot, Parekos, Paros, Paro’os (tjipta gelar).

SUNDA jika diurai menjadi 2suku kata SUN-DA memiliki makna
Sun= Isun (diri) dan Da= Dat (djati), jadi sunda artinya DJATI – DIRI.

PARANTI (Pamake)
Pamake, artinya digunakan pada tempat yang esuai dengan yang berlaku
pada lingkungan dan si-pemakai dapat memahami nilai yang terkandung
pada iket yang sedang digunakan sehingga setjara tidak langsung telah
menjalankan bakti dan bukti (jampe pamake).

Bentuk iket seperti :
Udeng (anak-anak-remaja).
Parekos Gedang, Babarengkos, Pa’tua (dewasa-sawawa).
Kiparana(baris kolot) seperti model iket di daerah tjipta gelar.

Dalam upatjara yang disakralkan keluarga Kasepuhan (Abah) memakai
Iket sunda berwarna PUTIH (sebagai KOLOT yang menjabat kabuyutan)
Share

Dongeng Taruma Nagara


Handjuang Taruma Nagara:

Di kendan didaerah tjitjalengka sekarang ada seorang tokoh
atau kokolot yang disebut Sindula yang bergelar Sang Hyang
manik maja, beliau mempunyai dua orang anak laki-laki dan
perempuan.

Anak yang sulung perempuan bernama Galuh Kandiawati,
dan adiknya laki-laki bernama Djalu Kandiawan.
Galuh kandiawati kemudian dikenal dengan sebutan Dayang
Sumbi dan Djalu kandiawa dikenal dengan sebutan Dewata
Tjengkar.

Seorang radja putra dari salaka nagara yang bernama Wisnu
Gopa sang Tumenggung (Tumang), yang kemudian dikenal
dengan sebutan Adji Saka.

Adji Saka meminang Dayang sumbi kepada Sang manik maya Pernikahan adjisaka dengan dayang sumbi membuat tatanan
baru dalam Keradjaan Salaka Nagara.

Dayang sumbi setelah menikah dengan Tumenggung(Tumang), berputra 5 orang, diantaranya :
1.Sang-Kutjika (laki2)………………………maha dewa
2.Sang-Purutja (laki2)……………………..dewa angin
3.Sang-Garga (laki2)……………….……….….dewa api
4.Sang-Maistri (perempuan)……………dewa bumi
5.Sang-Patandjala (laki2)……………..………dewa air

Tumenggung (Tumang)adalah pewaris tahta Salaka Nagara,
Setelah Tumenggung (Tumang) naikTahta menggantikan
ayah-nya Prabu Sungging Purba Hyang Kara, Tumang
membuat maklumat tatanan Kenegaraan yang disebut
GEGER SUNTEN (Geger Suanten).

Kelima anak-anaknya diangkat mendjadi penguasa tunggal
dimasing-masing wilayah kekuasaan Nagara Salaka Nagara

1.Sang- Purutja menjadi penguasa Swarna Dwipa dan
didewakan berkedudukan di Gunung Siguntang, yang
kemudian menurunkan Wangsa Ishora.

2.Sang- Garga menjadi penguasa Waruna Dwipa dan
didewakan berkedudukan di Kutai sungai Mahakam,
yang kemudian menurunkan Wangsa Isyana.

3.Sang- Maistri menjadi penguasa Simhala Dwipa dan
didewakan berkedudukan di Pulau Syailon, yang
kemudian menurunkan Wangsa Syailondra.

4.Sang- Patandjala menjadi penguasa Djawa Dwipa dan
didewakan berkedudukan di Pulau Djawa di Gunung
Puntang, yang kemudian menurunkan Wangsa Sanjaya.

5.SangKutjika menjadi Raja Putra kabuyutan parahyangan
dengan gelar DAPUNTA-HYANG Yang kemudian dikenal
sebagai “Sang- Kuriang”

Radja putra dari Kendan Djalu Kandyawan, diangkat menjadi
Ratu Medang Kamulan dengan gelar “DEWATA TJENGKAR”
menggantikan ayahnya Prabu Sindula. Dewata Tjengkar
ber-kedudukan di Gunung Manglayang. Yang kemudian
menurunkan ratu-ratu medang di Keraton Galunggung.

Dayang Sumbi setelah ditikah oleh Tumenggung menjadi
Permaisuri Negara yang kemudian bergelar Galuh Kandiawati
Mayang Sunda, berkedudukan di Bukit Tunggul.
Gelar tersebut memberikan arti bahwa Dayang Sumbi
menempati Sebagai posisi “RAMA” yang memiliki kedudukan
Ratu Galuh dari ayahnya Prabu Sindula dan sebagai Permaisuri
Negara Parahyangan. (Sebagai Kedudukan RAMA)

Kedudukan Rama inilah yang diinginkan oleh Sangkuriang
(Da-punta Hyang) sebagai penguasa PARA HYANGAN.
Inilah yang melatar belakangi Sangkuriang BOGOH ka Indung
Sangkuriang menginginkan Kedudukan Ibunya sebagai
Pewaris MAHA RAJA di Parahyangan.

Handeuleum Taruma Nagara:

Adji Saka /Hadji- Saka = Adji/ Hadji artinya Adjaran/ menuju
Saka = Tunggal (suwung) Tumang/ Tumanggung = Anegleng
Sindula (sang Hyang Manik maja) silib siloka Djagat Bumi
(Planet Bumi).

Dayang Sumbi, adalah silib siloka Hawa Bumi (Galeuh-na Bumi)
1.Garga siloka saripati api
2.Purutja siloka saripati tanah
3.Manisri siloka saripati air
4.Patandjala saripati angin

5.Sang Kutjika Tjahaja (Da-Punta Hyang)
Da-Punta Hyang berada diParahyangan adalah siloka Raga(Awak)
Share

TATAR - SUNDA

(Papat Kalima Pantjer)

TATAR = adalah tanah(Bumi) tempat kita hidup dalam bahasa
sunda dahulu disebut KAHYANGAN, dalam istilah lain disebut
“TJIPTA”

SUNDA jika diurai menjadi 2suku kata SUN – DA memiliki makna,
SUN = Isun(diri) dan Da = Dat(Djat) jadi Sunda artinya Djati – Diri.

Diri adalah sukma(hawa) yang berasal dari saripati-saripati alam.
saripati dari empat unsur yaitu (tanah, air, angin dan api), yang di
sebut atjining-atjining alam. Atjining alam ini sering di-istilahkan
dengan “ SIR “

Atjining-alam(saripati alam) tersebut jika dikonsumsi oleh djasad
Disebut KAMA atau NAFSU dalam istilah lain disebut “ BUDI”

DA, atau djati adalah wujud halus dari RAGA (djasad) manusia.
Rupa djat dari djasad adalah TJAHAJA yang disebut RASA.
Jadi Raga adalah wujud kasar dan Rasa adalah halus.
Raga ada didalam Rasa dan Rasa membungkus Raga.

Dari uraian tersebut menjadi satu tatanan DJATI-DIRI (SUNDA).
TJIPTA----------SIR---------BUDI--------RASA--------(PE-RASA-AN).
(Bumi)-------(Hawa)------(Nafsu)------(Rasa)------------(Raga)
---1--------------2-------------3------------4-------------------5

Tatar Sunda ini kemudian disebut “ PAPAT KALIMA PANTJER “
*Nuhun ka kersana mang joe
Share

KUJANG : Naon ahengna ? noan guna na ? jeung kumaha make na keur urang ayeuna


  1. PANGANTEUR

Kujang mangrupakeun pakarang teuteupaan/tempaan/enggineered hasil kamotekaran urang sunda, nu baheulana, diantarana katuliskeun dina naskah sunda kuna sang hyang siksa kanda ing karesian, ngarupakeun ganggaman (gegaman) wong tani (patani) nu dipake pakeun ngala/ meunangkeun kikicapeun/dahareun jeung iinumeun. Sedengkeun Teuteupaan (nempa) upaya ngabentuk/nyieun ngaenggineer ngarekayasa “bahan teuas/hese diolah” supaya dibentuk/dijieun/dimanipulate dipake sakumaha kaperluan. Baheula mah ukur dipake kana logam ayeuna mah jelema ge nu dididik/dilatih sok biasa oge disebut ditempa/hasil tempaan.

Waruga kujang, nu pokona, congona seukeut ‘lancip’ bisa nyongkel nubles, tonggongna seukeut bari aya liang/bolong keur ngagampangkeun ‘maneuver’ ‘ngorek’ dijero taneuh/tangkal/peujit jrrd, Bagian beuteungna oge seukeut matak aya babasan kujang dua pangadekna kana maksud hiji kekecapan jalma sabab dua ‘sisi panjang’ kujang (najan beda ‘bentuk’na’ –tonggong +beuteung) bisa dipake ngadek. Buntutna bisa ditutupan di perahan. Bahanna teuteupaan/tempaan tina logam jeung aya oge –arang kapanggih nu bisaeun nempana jadi kujang - tina bahan meteor nu ‘sesana’ sok loba ragrag kapanggih di tanah sunda.

Tempatna dina kaidah ajaran sunda Tri-tangtu  (Ratu-Rama-Resi) kujang mangrupakeun pakarang jalma dina realm/tangtu Rama, nyaeta keur ngala dahareun jeung inumeun. Lain keur ngabahayakeun/nyilakakeun/maehan jelema atawa perang sakumaha pakarang dina realm ratu/prabu kayaning Pedang, golok, keris. oge lain pakarang nu dipake keur ngagaris/ngagurit/mahat diantarana peso raut, peso pangot  para pandita/wiku dina  realm/ tangtu resi (tingali naskah siksa kanda ing karesian).

Guna kujang nu aya patula patali jeung tani masih keneh bisa kasungsi diantarana didaerah kanekes, di dulur dulur kanekes mah  aya babasan
bentang kidang turun kujang nu maksudna lamun bentang kidang –bintang wuluku- geus kaciri di langit cirina geus waktuna mitembeyan  (keur kaum agraris mah tani) nya kujang nu asalna ukur diluhur ‘digantungkeun’ dicokot diturunkeun dipake keur ngamimitian gawe-bari jeung lamun ka semah mah tara ieuh ngabasakeun kujang cukup ‘bedog’ wae sab arinyana tarapti nyumputkeun harti tara asal betus.


Dikalolobaan daerah sunda mah, kaayeunakeun, geus jarang dipake –mun teu kasebut tara- malah geus jarang/teu dipikawanoh dina kabiasaan usaha/gawe neangan dahareun inumeun ayeuna sab kamajuan teknologi dina pertanian jeung kusabab mekarna upaya ngala dahareun-iinumeun nu lain saukur dina tani. Malah kujang teh jarang kapanggih iwalti jadi alat souvenir atawa hiasan imah nu bahana ge loba cukup tina beusi sesa atawa urut per mobil jieunan pabrik /teu ditempa ku sorangan tinu bahan asal.

‘hardware’ kujang nu aya keneh ayeuna  geus teu dipake, tapi ukur dipercaya ngabogaaan ‘software’/pamor/maunat atawa boga nilai seni nu guna/dipikaresep keur/ku nu  nyimpena/collectorna. Najan kitu, keur sabagian mah sabab manggihan nyieun software/hardware na teh teu gampang atawa manehna teu bisaeun teu sanggupeun  nurutan/nyieuna nepikeun ka nyimpena ge dipupusti/ dihurmat pisan/dihargaan/ diagungkeun  bakat ku reueus ku kaluhungan luluhurna/nu nyieuna.

Malah teu saeutik nu nganggap kujang -kalolobaanana kana kujang heubeul - boga kakuatan gaib (gaib sab teu kahartieun kumaha bisa kitu tapi kabuktikeun ayana kumanehna dina eta kujang) jadi we nerekab kujang teh pakarang nu boga kakuatan mistis.

Tuluy we ku jalma ayeuna ngarana ge disusur make cara ‘kirata’ di kira kira supaya siga nyata/enya saluyu jeung rekaan ati-pikirna/ imajinasina-sangkana sab ningali/manggihan kamampuh/pamor/maunat/softwarena kujang -Naskah sunda kuna mah tara ngahartikeun kecap make wancahan kirata aya oge dijaman basa sunda orba-orla baheula. Cenah ge, kujang teh asal/wancahan tina kudi (senjata nu boga kakuatan gaib) + hyang (asma Allah na urang sunda nu kapake  da enya nepi ka ayeuna).

Ku kitu teh, ahirna nyambung jeung aktivitas ritual, kayakinan, filosofis, simbolis, jeung oge -kudu disebut- aya nu nyambung kana pamusrikan, tahayul, mitos jrrd jrrd, malah nepikeun ka ngarobah (nambahan/ngajembaran) kujang jeung attribute attribute / value addedna - nu asalna tina baheulana realm rama jadi kana realm ratu jeung resi, misalna wae: nu asalna dipake jadi symbol pamarentahan sipil nu  gunana ngaronjatkeun pangwangunan gemah ripah wibawa mukti (1945) tuluy nambah dipake jadi symbol/ngaran batalyon infanteri –militer- nu boga maqam ‘queen of teh battle’ (1960)  encyclopedia sunda (2000), najan teu nyebutkeun timana sumberna sacara langsung, malah nyebutkeun yen kujang salian ti alat tani oge alat keur perang. Kamari kamari, dina facebook aya komunitas  sipil ‘legion kujang’ nu nga-klaim kumpulan  gabungan ‘jawara jawara aliran dan perguruan pencak silat ditatar padjadjaran, para kolektor kujang, grup tosan aji, padepokan seni dan budaya, lembaga adat lembaga adat kabuyutan dan kahuripan, ORMAS, OKP, paguyuban, lembaga lembaga pendidikan dan latihan seni budaya’ –lain para entrepreneur/ahli karaharjaan (2010) nu  kutilu hal eta oge, ngajadikeun ‘kesan’ pakarang kujang teh jadi boga hawa hawa perang/militer hawa hawa jawara, oge hawa hawa seni/kolektor/sekte, lain pakarang keur usaha ngahontal karaharjaan ‘meunangkeun dahareun jeung iinumeun’ sacara jembar.

Tapi sabenerna naon ahengna kujang teh nepika kudu dianggap jadi warisan nu kudu dimumule  di jaman ayeuna ?? kieu geura urang buka saeutik lalangsena sugan sugan aya pieusianeunana.
II. KUJANG: PAKARANG NU BISA METAKEUN LELEMBUT KU LELEMBUTAN DINA GANGGAMAN KEUR KARAHARJAAN
Pakarang hartina alat pakeun ngolah karang, karang hartina taneuh – sarupaning bahan/unsure dunya  nu bisa di olah dimanipulate - dipacul dipelakan diteuasan di pupuk disaeur digali jrrd jrrd bahan/unsure nu  di bias engginered/direkayasa bari loba kandunganana/eusina/potensina/faedahna. Matak dina harti jembarna hasil olahan uteuk make pakarang  (peso pangot, pulpen, keyboard, touch screen, voice recognition, gerak mata motoric sensor) disebut karangan. Taneuh sabudeureun imah nu geus diolah (make pakarang) sakumaha kahayang nu boga imah disebutna pakarangan. Pulo leutik /taneuh ditengah sagara disebutna karang kambang. Wilayah dimana taneuh jeung hasil bumi sakabehna katut pangaweruh nu dihasilkeun ti ieu daerah bari dibarung kuhasil kaparigelan kaluhungan nu ngeusian/nu ngolahna nu ngajadikeun kamulyaan sabudeureunana disebut karang kamulyan (ayeuna ukur jadi situs) kongas nepika ayeuna aweuhan Sang Manarah luluhur Galuh di karang kamulyan teu sirna sirna manjang natrat apanjang apunjung. disebatna ge ku rahayat mah Prabu Ciung Wanara (Kujang anjeuna kujang ciung nu ngaraharjakeun ngarahayukeun (kerisna mah wanarabraja atawa sok disebut oge sarotama – kujang ciung beda  bentuk/rupana jeung kujang nu dipake di kanekes dina mitembeyan tani).

---
Naha kujang dicepeng ku ieu ratu? Naha bet ciung?, kitu oge naha bet pakarang Sri Baduga bet ‘two in one’ keris jeung kujang ngahiji bari hasil yasana “ngadamel” leuweung tutupan jeung talaga rena mahawijaya –tingal carita parahyangan-nu bisa ‘ngaluarkeun’ 4 ‘lelembut’
udubasu Banaspati, Pulunggana, Surugana, tingali  bag IV). ----
Ganggaman alat/pakarang andelan/penting nu dicekel/kacekel ku leungeun. Baheula kujang keris peso pangot  nu beda di tiap relam/tangtu ayeuna mah bisa wae pestol, kuas, handphone, jam tangan, tablet PC jrrd. 

Sang hyang siksa kanda ing karesian nyebutkeun:
Sa(r)wa Iwir/a/ ning teuteupaan ma telu ganggaman palain. Ganggaman di sang prabu ma: pedang, abet, pamuk, golok, peso teundeut, keris. Raksasa pina/h/ka dewanya, ja paranti maehan sagala. Ganggaman sang wong tani ma: kujang, baliung, patik, kored, sadap. Detya pina/h/ka dewanya, ja paranti ngala kikicapeun iinumeun. Ganggamam sang pandita ma: kala katri, peso raut, peso dongdang, pangot, pakisi. Danawa pina/h/ka dewanya, ja itu paranti kumeureut sagala. Nya mana teluna ganggaman palain deui di sang prebu, di sang wong tani, di sang pandita.

Tina cutatan diluhur katingal yen
, Tani  mangrupakeun sagala usaha pakeun ngala dahareun jeung inumeun. Nu tangtu ayeuna mah usaha meunangkeun dahareun jeung inumeun lain dina widang agraris mungkul tapi bisa oge di bidang industri perdagangan jeung sakabeh usaha pakeun meunangkeun karahayuan karaharjaan cukup sandang pangan papan.  Jadi nu nyieun lambang pamarentah provinsi jawa barat harita, bisa disebut ngartieun pisan/sasmita kana ‘kapasitas’ pamarentahan provinsi nu teu boga kakawasaan militer tapi leuwih kana ngaronjatkeun pangwangunan pakeun ngahontal karaharjaan karahayuan gemah ripah wibawa mukti matakna make symbol kujang nu jadi pakarang wong tani lain symbol keris dikaratuan atawa boga kakuatan militer/perang.

Leuwih na pakarang kujang, lain saukur beusi tempaan, sabab kamampuh luluhur sunda dina nyieuna teh lain saukur ‘ngabentuk’ beusi jadi hardware/alat mungkul -nu boga kamampuh aplikasi jeung boga nilai seni - tapi nambahan masieup mere ‘value addded’  kana eta barang ku jalan dibere program. Hal ieu teh ditunjukeun ku kecap
“Detya pina/h/ka dewanya, ja paranti ngala kikicapeun iinumeun”.

Ari detya teh hartina  lelembut mahluk nu teu kaciri ku mata teu kasat mata, tapi bisa mangaruhan jelema tempat imah wangunan tutuwuhan tatangkalan cai hawa dahareun iinumeun jeung lingkungan sabudeureunana  (keris raksasa dewana –raksasa=buta/gede/tanaga rosa kuku ranggoas seukeut/kasat mata- sabab keur maehan). Hal nu teu kasat mata ieu ulah dihartikeun jurig siluman sileman mungkul tapi virus bakteri sasalad  hama unsure hara kelembaban ‘ketenangan’ gawe, rasa aman migawe, karesep katemen migawe, pamor/kualitas hasil tani jrrd jrrd hal hal ‘gaib/teu kasat mata’ tapi aya pangaruhna kana hasilna / kahontal henteuna  karaharjaan karahayuan jelema.

Proses nyieuna ge lain mistis tapi, hiji pagawean temen rumit enya enya bari kudu kuru cileuh kentel peujit timimiti: milih bahan; mere tambahan bahan/ramuan lamun rek nyieun model ciung, bangkong, kuntul jrrd; teknik nempana; bahan naon salian ti cai/getih sato keur nyimpen trigger supaya lelembutan nu nyieun bisa metakeun ngamanipulate ngontrol lelembut lelembut nu dimaksud; kumaha nyieun sort cut link jeung lelembut lelembut, kumaha nyieun ‘template’ ameh engke nu rek makena bisa nambahan nyocokeun ‘personalised’ jeung nu makena –karakter wewedalan ngaran naktu nenet jrrd jrrd- kumaha maintenancena lamun salah make  kumaha nyipuhna kumaha nyieun security lock lamun dipake ku nu lain haqna; Rajah naon nu dipake supaya pamorna enya matih mancur angger; keur dirampa naon triggerna, keur disalusur naon wae nu di scanna, keur dijadikeun ganggaman naon ajina, kudu naon wae nu make engke ameh lelembutanana bisa make eta software kujang; raga kasarna make hardwarena  ameh bareng itikad jeung peta/usikna ameh metu matih aya hasilna jrrd jrrd jrrd jrrd

Wah siah bener ieu teh lain ngawadul mungkul? Kumaha bisana nyusud teknik proven baheula di jaman ayeuna? Naha bisa aya rupa rupa kujangna? Kumaha bisa nyebut lain mistis tapi hiji ulikan established ngeunaan lingkungan? Naon gunana keur urang ayeuna eta kamampuh??? Naha aya kajadian bisa kujang dicekel ku Ratu? Naha bet ayeuna malah kujang (hardwarena) bisa dibere software pamor diluar widang karaharjaan karahayuan?? Naha bet ayeuna aya nu teu boga hardwarena tapi bisa softwarena??

Dina  nyieun kujang, nempa  ngabentuk rupa/wujud jeung mere software ‘default’ katut  mere lologkrang supaya bisa ‘personalised’ saluyu jeung pamake katut lingkunganana, pakeun neangan kadaharan jeung iinumeun saperti nu geus dicaritakeun di bagian samemehna (Bag I)  kujang boh dina rupa/hardware/wujudna, boh kagunaan specifikna, boh kelas pamor oge nu make/nu nyekelna jadi warna warna rupa rupa tingkat tingkat.

Keur somah /jalma biasa mah, lain lulugu/kapala kelompok/kokolot atawa nanggananna, lolobana ukur mangrupa pakarang nu jadi ‘short-cut’ atawa ‘linked’ ka pakarang lain nu jadi sumberna nu biasana dicekel ku kelas strata nu leuwih luhur. Nepikeun ka kujang kujang nu dicekel/ ganggamana somah mah ukur biasa wae kumaha jentul hardwarena. Karek bijil pamor teh lamun di trigger ku software mangrupa jangjawokan atawa rajah nu dipakena memeh gawe atawa keur gawe.  Ciri kecap kecap Rajah/jangjawokana make ‘referens’ heula/teu langsung ‘direct command’ kayaning  ‘ka hyang /embah anu….. nu ngawasa detya anu… muga muga anu teh sing anu’- atawa  ukur dibarengkeun/di linked ku kujang  luluguna.

Sedengkeun Kujang lulugu dina nyieun, nyimpen, make jeung ngaropeana leuwih ‘sophisticated’. Tara sagawayah dibijilkeun komo diabar abar mah, ukur dipake dina: Mitembeyan/ngamimitian atawa dina  ngontrol lamun aya hal hal teu saluyu jeung nu diharepkeun, misalna  aya hama, bagong ka kebon atawa aya kacilakaan dina keur migawe-, atawa dina nganggeuskeun/panen/nganuhunkeun /syukuran hasil tani  jeung tahap evaluasi keur aktivitas satuluyna. Kekecapan/ basa programming dina AJI-na sifatna direct ‘si anu teh kudu jadi dat anu, atawa ieu/eta teh “anu” matakna kudu anu’  teu rea sanduk sanduk nga’link’ kana/ tara loba macakeun mariksakeun “reference”  kayaning nyebut nyebut luluhur ti ditu luluhur tidieu nu jadi ‘source code’na, tara sab beda kelas.

Cara nyieun pamor/software siga nu ‘nyiksa sato’, dumeh salah sahijina diala getihna keur kapentingan jelema. Tapi justru kaluhunganana teh sab dina hiji daerah teu kudu tiap nu tani boga kujang nu dibere pamor, teu kudu hii kujang hiji sato tiap wong tani. Hiji atawa dua kujang -kujang lulugu/pimpinan  - bisa dipake keur wilayah nu lega/kaperluan bala rea-kelompokna. Matak ahirna teu kabeh kujang nu kapanggih aya pamor/maunat/program/softwarena.

Tuluy lamun kujang somah dijieun sacara ‘pabrikan’ dina jumlah nu rea nu oge leuwih ngagedekeun kualitas hardware keur ngadekna, kujang kujang lulugu mah dijieun dumasar ‘pesenan’ leuwih ‘personalised’ hardwarena dihade hade nepikeun ka siga leuwih kaciri nilai ‘art’ jeun gpamor aweuhana katimbang guna keur ngadekna – komo beuki lila mah ukur kaciri ‘pernah’ seukeut mungkul. Kujang lulugu kadieunakeun jadi kujang pusaka sab saeutik bari hese nyieuna, bisa disebut teu bisa ditiron ukur dijieun replica, tapi masih keneh aya gunana keur nu bisa metakeunana, tungtungna dipupusti dirawat enya enya.

III. GUNA RUPA RUPA KUJANG

Di taun 1862 keur sunda diajah walanda, Jonathan Rigg  bule inggris nu ngaku  nyieun dictionary “meunang guguru ti gunung meunang diajar ti guriang”, 
paling henteu saperti pangakuanana kalolobaanana hasil kaluhungan/pangaweruh/yasana Demang Jasinga Raden Nata Wireja sareng juru Pantun Ki Gembang  ti Bogor nu ngabantuanana, netelakeun yen Kujang teh mangrupa “a variety of chopper iron with crooked blade”. Kujang sakumpulan rupaning beusi-beusi pangadek/pemotong bari ciri cirina sisina/bilah peso na teu lempeng/sudat sedot, ari chopper biasana dipake dina aktifitas ngolah dahareun jeung iinumeun-Tani.  ’liku liku’na  beda jeung keris, sabab Keris mah disebut Rigg sajenis senjata di militer/perang (weapon) kawas peso balati nu geus umum di Indonesia nu dipake pakeun tangtu ratu “the well known malay weapon or dagger of this name”.

Sanggeus sunda saukur jadi provinsi, Team LBSS lembaga basa jeung sastra sunda  (kamus umum basa sunda 1969 -1975) nyatet yen Kujang teh mangrupa  pakarang urang sunda nu bisa dipake ngadek/motong jeung  bisa dipake newek /meuncit/nubles  nu saluyu jeung kaperluan aktifitas kaum Tani. Sedengkeun Keris pakarang nu bisa dipake nubles mungkul.  Team encyclopedia Sunda (2000) nyebutkeun yen kujang  nurutkeun  bahana aya nu dijadikeun kujang pusaka aya nu ukur alat keur tani.

Guna specific atawa dipakena sababaraha jenis/rupa kujang lulugu /‘pesenan’/pusaka  saperti diantarana kujang ciung, kujang kuntul/bango, kujang bangkong jeung  kujang badak urang tepikeun  dihandap ieu:

KUJANG CIUNG

Kujang ciung pakarang nu  dipake  keur ‘ngamanage’/ngaheuyeuk/ngolah leuweung katut sabudeureunana: lamun rek asup ka leuweung, neangan dahareun iinumeun tileuweung kaasup miara/ngala kai kai  jeung tutuwuhan leweung, sirah cai, walungan, curug, pasir jeung pangeusina  kayaning sato boroeun soto ingueun sato ingkahaneun katut pangaruh Detya-na jrrd  (harti/maksud Detya tingali bag I)  . 

Ciung teh ngaran manuk leuweung nu lain sabangsaning eagle, falcon, garuda, dadali, heulang nu neangan mangsana ngandelkeun ‘high speed’ ti jarak jauh- nepikeun ka kudu luhur hiber ngawang ngawang/luhur ngajaul lir ka panonpoe/neangan caang panonpoe.  Tapi manuk anu membumi nu neangan kadaharan ti tangkal ka tangkal ti rungkun ka rungkun dileuweung tara hiber luhur kasaksi ku jelema ngajaul ka awang awing, loba kapanggih kujelema ge lain hiberna/wujudna heula tapi SORAna diantara rembetna tatangkalan leubeutna dadaunan. Jadi lamun ngahartikeun ciung sarua jeung caang nu disambungkeun ibarat manuk nu hiber nuju ka panon poe eta mangrupa imaginasi nu “ngawang ngawang”. 

Ayana manuk ciung di leweung, nu gampang katingali indikatorna ku sora-na, nunjukkeun kaayaan leuweung nu masih rembet rungkun rungkuna rea kakaian daerahna subur keneh nu mere gambaran loba pangeusina loba alaeun loba olaheun. Tuluyna tangtu geus pada nyaho, lamun leuweungna subur/alus keneh tangtu daerah sabudeueruenana moal susah, moal banjir moal kakurangan cai, taneuh moal urug, hawa alus, taneuhna subur, tuluy daerah tani sabudeureunana sawah sawah kebon kebon ingon ingon lembur lembur  moal susah hirup jrrd jrrd jrrd nu pangaruh dina leuwih jembarna ngaraharjakeun ngarahayukeun dayeuh dayeuh sakuliah nagara agraris.

Eta sababna kujang rupa ciung sok dijadikeun kujang lulugu/pusaka dina level nu leuwih luhur sab trigger ka leuweung teh bisa nerekab aweuhanana ka sakuliah nagara aweuhanana jadi nunjukeun kawilayahan -kasebut ukur menak menak baheula nu make/nu nyekelna tara somah –ukur turunan menak mah can tangtu, najan loba nu agul kupayung butut.

Lelembutan ciung/getihna sok dipake jadi salah sahiji  aweuhan pakeun nyimpeun pamor/program  pakeun ngamanage detya-detya leweung (maksud detya tingali bag I) nu engke dina hardwarena jadi trigger metakeun pakarang ngauban ngokolakeun leuweung jeung sabudeureunana -kaasup metakeun papagon neangan kadaharan jeung iinumeun ti/di leuweung.  Nu nyekelna/ nu bisa/weruh kana ngagunakeun software/hardwarena sok tara loba ukur lulugu menak-na – sakabeh detya nu 4  aya kaasup nu di manage dina rajahna- ngalatih softwarena ge sok kucara saba/numpi/napaan leweung/gunung.

Ari somah mah ukur nyahona, misalna wae, lamun kaleuweung ulah nyebut maung tapi si belang atawa kerod- nga program yen nu bijil lain sifat carnivore-na tapi ukur ngajorelat belangna/kerodna, lamun ka bagong kudu nurut ka detya anu –ulah asal tubruk ulah asal ngaranjah, lamun ka sirah cai kudu neangan huripna, mencegerna, asihanana, kajayaanana lamun nyadap kudu nga trigger heula si anu nu ti anu lain asal cokot/salah nempatkeun pangalana, jrrd jrrd  jrrd pecahan aweuhan rajah aji/software nu masieup kujang ciung. Dijieuna ge enya enya ‘limited edition’ hardwarena ditempa dipasieup dihade hade.

KUJANG KUNTUL/BANGO

Aya dipake didaerah leuwi, situ, muara keur ngala sabangsaning nu kapanggih di cai. Kuntul/bango hiji mahluk nu daek geten nungguan kadang kaciri sok ajeg bari jengke lila nangtung ngadodoho mangsa/alaleun, oge jadi ciri lamun leuwi/situ masih keneh aya eta manuk  hartina aya keneh dahareunana/aya keneh inumeunanna, ari dahareun kuntul/bango nya dahareun/iinumeun jelema oge. Jadi lelembutan bango dipake nga trigger aya henteuna boroeun/alaeun sakaligus kasalametan dina ngara lauk jeung tatanen deukeut muara/leuwi/situ.

Contona, didaerah nu kaliwatan walungan citanduy ciamis ti mimiti padaherang emplak kalipucang tunggilis nepikeun ka  muara di laut kidul nu sok remen caah lamun usum hujan. Kokolot/lulugu lembur nu kawaris ulikan tuturunan aya keneh nu metakeun software make kujang rupa kuntul/bango..makena ukur ditancebkeun kana taneuh terus maca rajahna  memeh ararindit ngala lauk jeung melak/ngala tatanen/palawija jeung neang sawah.  Rajahna ngatrigger salah sahiji detya ‘anu’ nu aya hubungana jeung nu sok ngalalodok taneuh. Cenah ge, lamun caah buaya ge sok ‘kasered’ ka daerah tani atawa di leuwi saru teu kaciri. Salah sahiji kecap pecahan rajahna nyebut buaya ukur catang – malah aya nu pantang nyebut buaya tapi cukup nyebut catang. Nu maksudna lain saukur kapamalian/katahayulan tapi nga ‘manage’ yen lamun pasanggrok/deukeut ka jelema nu bijil lain sifat cannibal buayana tapi sipat keur pasifna nu kawas catang ngambang dileuwi.

Arang kacaritakeun dina ngala dahareun inumeun teh dimangsa buaya. Ngan lamun palebah aya kasus nu dihakan buaya, kaws kajadian taunan katukang, nu dipake lain kujang, tapi keris. Kerisna ukur dideukeutkeun kana baju nu dihakan buayana dibaca rajah wewesen, henteu leuwih ti tilu poe eta buaya geus kapanggih tuluy ditalikung dibawa ka kokolot. Lamun buaya eta kaciri cimataan (air mata buaya) sok dicokot/dipelesan loba gunana. Eta buaya tuluyna mah dipaehan sabab ‘kaduhung pura pura’–geus nyaho/diprogramm software kujang tapi angger daek ngahakan jelema nu hartina  instinct buayana geus  ‘defected’  file na geus corrupted geus teu kakontrol ku rajah kujang, dipaehan sab bisi ngabahayakeun ka nu lainna. Tapi lamun euweuh cimataan sok disaliksik bisi nu salahna jelemana, misalna wae ngalanggar wilayahna, nya sok dileupaskeun deui.

KUJANG BANGKONG

Kujang bangkong keur di daerah tani –sawah kulah empang kebon jrrd. Lamun aya keneh bangkong –bisa hirup di dua alam-  cirining masih bisa diolah masih keneh bisa produktif aya hakaneun. Bangkong sering nu  jadi pangheulana ngeusian cai nu ku sato lain encan/tara – mun urang boga ‘swimming pool’ di imah tangtu sering manggihan najan cai kukaporit/uyah sato lain teu bisa aya – bangkong mah kadang sok kapanggih ti  peuting bijl ti liangna ngadon ngojay/kawin. Dina nyalindung lamun detya ngabahayakeuna bangkong bisa cicing dina liangna bulan bulan. Nya pakeun ngolah eta dipake lelembutan bangkong katut rajah-rajah keur detyana dina ngontrol ngamanagena.

Kabiasaan tani ieu sok dipake nyindiran barudak nu hayang diajar kapribadian; yen manehna teh bisa kaasup kana alam bangkong nu dikongkorong kujang, ka cai mamawa pecut  lain useup atawa kecrik jst ari sab nu bener mah kujang nu sapopoe mawa aweuhan/ngatur bangkong  - lain bangkong nu ragag rigig –padahal- dikongkorong kujang. Tangtu bakal hese kahartina ku barudak sunda ayeuna nu  cicing di kota/di kobong bari teu apal kabiasaan tani  make kujang bangkong.

Didaerah Subang teu jauh ti Ciater, aya tempat leuwih ti 5 ha-an nu jadi laboratorium sakaligus tempat produksi perusahaan pupuk organic, pambasmi hama daun jeung bahan bahan pertanian laina, nu gaduhna alumni angkatan ka-1 pertanian UNPAD. Ditempat produksi eta ngahaja nyieun ruangan husus nu teu meunang sagawayah diasupan batur/tamu nu eusina pakarang pakarang nu saurna kapanggih tidinya waktu meuli eta tanah - diantarana kujang bangkong. Nurutkeun anjeuna, ide ide formula pupuk/pembasmi hama tanaman  teh kapanggih ku  ‘mixed’ antara pangaweruh akademis jeung –lolobana- kawijaksanaan/data base ti luluhur. Hiji waktu memeh indit ngilu pameran dina konferensi internasional ngeunaan sustainable development di bali ngawakilan Jawa barat-aya pangrojong ti Bappeda- eta pakarang dibijilkeun, cara metakeunana katunjukkeun: hardwarena ukur di tanclebkeun kana taneuh bari metakeun rajah nu jadi softwarena. Nepikeun ka ayeuna  parijkianana dina pupuk – mun teu salah geus oge diteraskeun ku putrana-  pusakana di pupusti pisan.  Saurna, asalna mah produksina berskala nasional sabab kerjasama jeung pihak lain, tapi kusabab kudu  mikeun rasiah formulana ka pihak partner leuwih milih usaha/modal mandiri.

KUJANG BADAK

Kujang badak keur ‘ngamimitian’ ngala bahan bahan tambang/galian sab daya hirupna mandiri di leuwung dina leutak, daya hirup dina getihna nu sok dipake nyimpen program lelembutan supaya lamun dipetakeun bisa nguatan sumanget, daya tahan kasabaran nu gawena najan lila meunangna,  bisa naratas jalana jrrd jrrd.

Contona, kapanggih dina usaha pengeboran air. Sanajan lamun memeh ngebor make mesin ngandelkeun survey geo listrik keur nganyahokeun aquiferna, tapi supaya milih tempat nu dihandapna euweuh batu batu gede sok ditaratas make kamampuh software nu aya dina kujang badak – nu gaduhna nyebutna basajan pisan “ah ieu mah mung babadakan” – bari tara diabar abar dibawa bawa cukup diimah di pake mimitina - dilapangan ukur diitung itung ku awi nu cenah ngawakilan babadakan. Teknologi ieu gede mangfaatna pakeun ngahemat biaya operasional, teu kudu minggu minggu ukur maju sababaraha centi ngabolongan batu – tara nenggel di batu nu gede gede.

Jadi ceuk saha Kujang –utamana software na- geus tara dipake atawa teu boga kamampuh applikatif? Najan memang, saperti nu ditepikeun di bag I, beuki kadieu geus jarang kapanggih atawa dipikawanoh ku loba loba jalma kusabab kamajauan teknologi, pangaruh budaya deungeun, pamahaman sempit ngeunaan agama, jeung euweuhna agent agent nu bisa jeung daek jadi ahli waris dina ‘passing over’ atawa ‘transfer knwoledge’.

 IV. NAHA AYA DINA REALM RATU/ KUJANG BET BISA DICEKEL KU RATU?

Dina metakeun software/hardwarena referensi nu sok disebut sebut/kudu wae ditanggarakaeunt kutiap aji software kujang pusaka luluhur nu aya di realm/tangtu -nu pokona/nu jadi mandahna- Ratu nyaeta Sang Siliwangi ti Pajajaran jeung ka luluhur Galuh Sang Manarah/ Prabu Ciung Wanara. Disebut  bari disuhunkeun kamatihan kamampuhanana memehna salaku karumasaan/nganuhunkeun yen nu ayeuna mah ukur make ukur neruskeun hasil kamotekaranana. ieu ge kabiasaan etis jalma akademis ayeuna mun nganepikeun langsung pamanggih batur kudu wae nyebutkeun meunang tisaha/timana nyutat referensina.

Tapi, lain hartina kujang geus jadi pakarang perang ganggaman karatuan dina harti Kujang dijadikeun pakarang perang ngaganti/sarua jeung keris.
Saperti nu ditulskeun di bag I, kaayeunakeun kujang loba kacaritakeun/asup kana ranah/realm/tangtu Ratu sab jadi pakarang/genggaman Sri Baduga Maharaja (dipercaya ku masyarakat sunda salah saurang)  Siliwangi nu mashur. Kongas pakarang Siliwangi mah ‘two in one’ rupa kujang jeung keris ngahiji aya kaciri jelas/mangrupa dina ganggaman. Bisa kitu the sabab ieu Ratu dina karirna bisa ngaheuyeuk lain saukur hal hal perang/kemanan pertahanan,  tapi mampuh oge ngahontal karaharjan/karahayuan kawas kacaritakeun bisa nyieun talaga, nempatkeun daerah salaku fungsina -misalna daerah kawikuan, ngatur leuweung, nagara kacaritakun gemah ripah subur makmur kerta nu ahirna sok jadi harepan sakabeh sunda supaya pinarengan manggih jaman siga jaman siliwangi/pajajaran baheula (loba kacatet dina prasasti jeung ditambah ku carita carita pantun). Nu neraskeunana mah, dintarana, Sang Surawisesa/Prabu Guru Gantangan teu kawartikeun pakarangna kujang sabab salila karirna perang mungkul. “inya nu surup ka Padarén, kasuran, kadiran,kuwamén…..Prangrang limawelas kali hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu…..Ti inya nu pulang ka Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana” (carita parahyangan).
Samemehna, mun teu kasebut mimitina, …….

Kujang jadi ganggaman Ratu lainna nu teu kasebut Siliwangi, ayana di/kagenggem ku  luluhur agung ti Galuh  nyatana Sang Manarah Prabu Ciung Wanara pakarangna aya/mangrupa kujang Ciung -salian ti Kerisna WanaraBraja/sarotama –software kujang ciung kudu wae nga refer ka ieu luluhur.  

Nu jadi sababna ieu oge lain Kujang jadi  pakarang perang  Sang Manarah tapi saperti nu geus pada nyaho timimiti Sang Wreti Kandayun nyusun purbatisti purbajati  nepikeun ka Sang Manarah - 4 generasi- Galuh-sunda teh aya dina perang/pacengkadan boh fisik boh auban –Rahyang Sempak Waja, Rahyang Mandi MInyak, Sang Purbasora, Sang Sena, Rahyang Sanjaya, Sang Permana dikusumah, Sang Tamperan, Sang Rahyang Banga, Sang Manarah - nepikeun ka Sang Manarah meunangkeunana karatuan Galuh teh ngaliwatan Perang. Tapi sanggeus anjeuna jadi ratu nyepeng kakawasaan mah nagara bisa aman tingtrim euweuh pacengkadan militer malah kasebut jadi Ratu Jawa nu bisa ngaheuyeuk salila 80 tahun bari dibere ‘salutation’ panghurmat Rampes dina Agama. Carita parahyangan nyatetkeun  “Sang Manarah adeg ratu di Jawa pawwatan….lawasniya adeg ratu dalapanpuluh tahun, kena rampés na agama” hartina alus hasil ngajalankeun agama purba tisti purba jati -kaasup nanjeurkeun kaidah tri tangtu  nu hiji targetna ngahontal ningkatkeun karaharjaan karahayuan realm Rama, tapak nage bukti natrat nepi ka ayeuna kongas Karang Kamulyan –kamulyaan keur seuweu siwi.

Matak Lamun, ngira ngira kecap ciung wanara -sabab aya kujang nu rupana kawas ciung -jadi boga harti “manusia yang mengetahui segala hal”, nyokot harti ciung sarua jeung caang /pencerahan, wanara diwancah jadi weruh sadurung winarah  mangrupakeun imaginasi kirata mungkul.  Sabab kahiji, manusia nu nyaho sagala hal mah dina kanyatana euweuh. Kaduana, manuk ciung  lain sabangsaning nu neangan mangsana ngandelkeun ‘high speed’ ti jarak jauh- nepikeun ka kudu luhur hiber ngawang ngawang/luhur ngajaul (lir) ka panonpoe/neangan caang panonpoe tapi indicator subur/henteuna leuweung t(ingal bag kujang ciung) jeung ari Wanara teh monyet gede nu jadi ngalambangkeun kagagahan kasaktian pamuk (kerisna wanarabraja-sarotama).  Kumaha kuatna wanara sok dicaritakeun gening dina Ramayana (atawa carita sun go kong). Dina silat ge aya ulin pamonyet nu can tangtu eleh tina pamacan nusok disebut raja leweung (kumaha skill nu ngawasana). Nu bisa katengetan enya sacara visual, dina you tube, aya monyet leutik nu ngaheureuyan maung ku cara ngajeweran ceulina sababaraha kali bari ngagantung dina tangkal nu dipelendoy pelendoykeun nepikeun ka maungna teu bisa kukumaha salilan ti nyumput dina tangkal.

Gelar rahayat Ka Sang Manarah jadi Ciung Wanara,  Ciung sab bisa ngaraharjakeun ngarahayukeun nagara jeung pangeusina (tingal manuk ciung jeung kasuburan leuweung-nagara), Wanara  sab cocok jeung kamampuh kadigjayaan kaperkasaan anjeuna ngarebut kakawasaan ngaliwatan perang  jeung nganggeuskeun ‘peperangan gede’ salila 4 generasi nu teu anggeus anggeus –salah sahiji ‘lawanna’ the pan Rahyang Sanjaya nu ngawasa Nusantara harita – Anjeuna malah tuluy  mampuh ngaheuyeuk nagara salila 80 tahun.
Cekel delegna, Kujang dicekel ku Ratu lain kujang jadi pakarang nu gunana robah dipake keur maehan jelema di realm Ratu –boga falsafah yuda nagara jst jst jst -kawas atawa ngaganti Keris/gobang, tapi sabab aya Ratu-Ratu nu mampuh ngokolakeun ngamajukeun LANGSUNG realm Rama nepi ka hasilna nagara aman kerta raharja subur makmur teu kurang dahareun iinumeun nya nyekel pakarangna langsung.


NAHA RATU TEU DITAMBAHAN PAKARANG TANGTU RESI, NU SOK AYEUNA DIKIRA KIRA TINA KUJANG BOGA FALSAFAH PINANDITA/KARESIAN?

Dijaman pajajaran baheula karir jadi Resi mah sanggeus Ratu ‘pangsiun’ atawa milih Resi teu jadi Ratu heula najan boga hak – misalna Rahyang Sempak Waja  milih jadi batara dangyiang guru atawa Panglurah Rakana Ratu Simbar Kancana  ti saunggalah milih jadi pandita.

Jadi lamun satria pinandita mah atuh pakarangna lain kujang keris tapi kudu keris-peso pangot. Lain hartina sunda teu boga ajaran satria pinandita tapi ieu mah ngeunaan hal husus – ngeunaan pakarang jalma jalma di realm rama nu falsafahna di sunda geus established. falsafah satria pinandita mah di ajarkeun make ‘media’ lain deui –da loba lain ukur kujang.

Tapi, kadieunakeun Konsep satria pinandita, kanagaraan jrrd jrrd nu dijadikeun nempel kana kujang sabab ayana pangaruh Islam jeung jawa.  Cutatan dihandap ieu bisa jadi bahan iloeun:
“…Ganjaran nu belapati, satria santosa iman, Raden teu burung dileler, jimat kujang nu utama, pikeun neruskeun lampah, pangjurung ngapung ka manggung, pamuka lawang ka Sunan. Cangkingan lalaki langit, wangkingan lalanang jagat, wewesen leber wawanen, saratna sapira kujang nanging jadi lantaran, Sunan Ambu mikayungyun, para jawara ngaraksa. Kujang teh dipake ciri, pusaka Tanah Pasundan, ciciren gede wewesen, pantang lumpat ngandar jangjang, ngeok eleh ku bikang, saur galur nu cacatur, kujang dua pangadekna…”
Harti kujang dua pangadekna –nu geus jadi galur nu kacatur tibabaheula memeh ieu wawacan aya, kunu nulis wawacan disusur susur  kana sifat ksatria -lain wong tani- nu hade laku gede wewesen oge kapanditaan nu jadi pamuka lawang ka sunan bari memehna di referensikeun kana Islam (iman). Kapan ari budaya islam arab nu hirup di sagara keusik mah moal apal moal boga pangaweruh nu leubeut ngeunaan dunya agraris di sunda, ‘glosary’ kecap tani jeung pakarangna ge moal sarua. Jadi tangtu ngarahkeuna falsafah tina pakarang luhung sunda nu geus aya kana hal hal katauhidan, kasolehan, kaimanan, sinatria –salaku sajumlah nilai jual/kaleuwihan islam  nu matak islam jadi payu di sunda. Bisa jadi bijil tina kasasmitaan jeung niat hade mere pepeling ageman nyambungkeun kana barang pusaka tuturunan, tapi jadi ngarobah – nu dina sisi gorengna sakaligus nutup-maehan-mengkolkeun - eksistensi kaluhungan/pamahaman kamotekaran budaya ngeunaan guna/fungsi kujang wong tani realm rama di sunda nu pernah heubeul aya.   Padahal, ajaran/kamampuh/falsafah neangan dahareun jeung iinumeun keur karaharjaan the crucial pisan keur sunda ayeuna –jeung kahareup. Kamulyaan hirup hurip lain saukur ngagegedekeun kapanditaan jeung jadi satria tapi bari henteu teu boga sandang pangan harta banda.
Sanggeus kujang jarang/teu dipake /dipikawanoh, hardwarena tara dipake deui, upaya neangan filsofina nu geus loba robah/nambah kapangaruhan ku Islam nu ditambahan kalawan sumanget hayang make cara ‘sunda’ oge sok malah jadi ‘blunder’. Misalna, ngahartikeun kujang nu boga nilai filosofis ‘rupa rupa’ dicokot tina huruf KA JA NGA hanacaraka, ‘blunder’ sabab sigana teu apaleun/pohoeun yen tulisan hanacaraka nu sok disebut tulisan cacarakan the tulisan jaw lain tulisan sunda nu aya dina naskah naskah sunda kuna jeung prasasti prasasti sunda. Jadi tangtu ahirna teu nyunda sab ngahartikeun sunda make jawa (pikiran jawa). Hayang nyunda lain deui lain deui. Cacarakan nerekab diasupkeun jadi bahan ajaran ka sakola sunda “Handleiding voorAanleren van het Soendaneesch Letterschrift” ku walanda - G.J. Grashuis tahun 1860.


V. KUMAHA MAKENA KEUR URANG AYEUNA???
Kumaha cara manggihan kujang nu masih keneh software/hardwarena dipake dina tani nulaina Kumaha bisana nyusud teknik proven baheula di jaman ayeuna? Naha bet ayeuna malah kujang (hardwarena) bisa dibere software pamor diluar widang karaharjaan karahayuan?? Naha bet ayeuna aya nu teu boga hardwarena tapi bisa softwarena?? Kumaha makena meh bisa jadi salah sahiji kaarifan lokal unggulan sunda nu bisa ‘berdaya saing’ dipake di sunda?
cag....

(dicutat tina seratan eddy nugraha)


Share