Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

dipucong

kamari poe minggu kuring berangkat jam sebalasan ka tempat awu, bari mawa sparepart anu rek diorder karena kiwari mesin ngamuk deui alias teu bisa jalan. pas keur diimah si awu kuring meunang telpon ti bos ayong yen kuring kudu ka kantor manehna hayang ngomong langsung cenah . sanggeus makan siang kuring langsung berangkat ka kantor tapi eta supir Mr Ba'on kalah kuring dibawa heula ka bengkel. terus nungguan eta mobil di servis heula nepika aya meureun 2jam leuwih.
nepi ka kantor rada burit langsung ngebel bang pinto menta buka pintu, eh ternyata orang orang pucong masih lengkep keneh , tapi cek beja mah arek parindah ka lain tempat.
sanggeus omong-omong kuring ulin ka tesco bareng jeung a yana, a ucu , adi jeung mengla. pas dijalan hareupeun kantor papangih jeung bos karek datang teuing tostimana. ah kuring cuek wae da tos kagok aya diluar. pulang ti tesco kuring lansung menghadap bos, manehna mere beberapa intruksi ngeunaan cara kerja di pabrik bari jeung nanya keluhan kuring salila diditu, nya teu asa asa barabat wae kuring ngungkapkeun sababaraha keluhan nu kira kira etis, bari jeung kuring nanyakeun paspor naha make dicekel ku bos atuh saya jadi was-was teu bisa ka supermarket2 acan . ternyata Ayong teu nyaho hal eta, berarti anu nahan paspor lain manehna meureun ku bos lain atawa emang kalakuan si awu anu tengil, tapi ayong janji rek cari tau eta paspor disaha jeung rek mulangkeun ka kuring.
beres miting jeung bos ganti acarana meeting jeung balad2 dipucong. rada seru oge mun dibaturan arak mah , bari sugan acara perpisahan a yana nu rek berangkat ka negerina babah tong eng. Share