Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

paisbueuk

jadi rame pebukan teh ayeuna mah euy, papangih deui jeung babaturan heubeul, babaturan ti friendster oge marake pesbuk ayeuna mah. wah lumayan jadi bahan hiburan kana hate.
ka ayeunakeun pakeupis wae ngurusan pesbuk, najan bari gawe nya taya halangan.
nya syukur alhamdulillah. poe isukan geus nincak bulan ramadhan, kuring niat ya Allah, bade ngajalan keun ibadah saum dina dinten enjing dugika boboran , mugia dipaparinan kakuatan pikeun ngajalankeun na, amien. Share

Maen PS2 (playsatation 2)

Naha lain ps3 sakalian?
1.playerne mahal
2.kasetna harese jeung angger mahal

jadi boga coco'oan anyar jang barudak , sangeus si nanda geus boseneun maen game dina komputer,
ahirna kuring ngelehan meuli ps oge.
bubuhan ka anak sagala hayang ngayonan kahayangna. sok jadi bungah kacida mun ningali budak teh marahmay atoh.
bubuhan da kaset na mah teu kudu meuli.
ngan saperti biasa tantangan anyar ogesa pikeun kuring jadi aya bahan jang ngoprek software na, jeung neangan cheat na hehehehe
kiwari mah browsing teh resep macaan trick2 jang ngoprek ps, aya bahan muka rental ps yeuh.......... Share

Kadatangan SOBAT DALIT

Sukur bagjaning awak
poenan pamelu sobat aing keur sma datang ka imah,
hahay.... sono eung geus lila pisan teu pangih.
nya saperti nu bisa dibayangkeun nya datang2 langsung we ngabacokak,
ngawangkong ngaler ngidul bari jeung ngelepus udud.
bedana ayeuna mah geus pada rimbitan, baroga budak.
sikumpay budakna hiji ngarana Reija ......teu apal panjang na mah.
harita biasa nu ditanyakeun pasti si Inoth, tentang khabar terahirna jeung posisina dimana. sono..........
hayang bisa ngariung deui, bari ngobrol ngaler ngidul.
keun we taya juntrungana ge, nupenting rame.
mun baheula kadang aing asa sok jadi era sorangan, dumeh aing urang kampung, maranehnamah urang kota.
sok asa beda cara pandangna ka aing, mni bangun nyapirakeun. tapi ah meureun pikiran aing sorangan nu minder waktu harita, da memang aing urang kampung.
harita urang bisa sosobatan lantaran karesep nu sarua kana Queen. jadi weh sosobatan, jeung resep heureuy banyol jeung jail.
aaaaahhhh endah waktu harita. Share

Tong sieun gagal

tibaheula nepika kiwari
aya hiji su'al nu matak alergi
nyaeta kecap gagal
gagal ngajikeun hate marojengja
gagal matak jadi gelo
gagal matak leungit temah wani
gagal matak hayang bunuh diri,.iyyyyy ba'id

sieun gagal ?
naha make dipikasieun.
gagal mah sarua jeung proses diajar nu can rengse.
gagal teh ujian karena urang bakal hasil.
jalma nu sieun gagal,barijeung teu prak milampah geus pasti jalma gagal.

gagal aya oge nu ngeunah,
nyaeta:
'Gagal gegel kana biwir kabogoh'
heuheuy deuh Share

Papatah kadiri sorangan

timimiti ayeuna rek mulai
ngumpulkeun papatah nu hade
jeung pihadeun keur aing khususna.
mun pareng aya nu maraca ieu tulisan , ah salah maneh sorangan make maca
jadi weh ngiluan dipapatahan.
mun nu teu kuat dipapatahan atawa ngarasa geus pinter, buru2 kaluar ti blog ieu, jig ah Share

Nikmat na Rumahtangga

Najan kuring sok aya rasa heran,
atawa kuring teu pernah jeung teu hayang ngalaman.
aya rumahtanga nu gujrud pakokolot.
sangeus geus reay anak.
ceunah basana geus taya kacocokan.
naha teu cocok teh geuning kakapeungan?
ah eta mah alesan teu asup di akal.
Alhamdulillah, kuring malah ngarasa makin cinta ka pamajikan.
komo geus aya nujadi anak
makin meumeut ka sang bojo
sanajan rada galak , ah kuring hayang larut ka sifat manehna.
kitu deui sang bojo, karasana kukuring terus ngaleburkeun diri kana sifat2 kuring nu hayang slalu mimpin.
karasa nikmatna rumahtanga
barijeung sok aya pabentar paham ge da wajar we,
malah kuring sok ngahaja ngarah kanyahoan unek2 hatena
ambeh gancang kuring neuleuman perasaan manehna.
mungguhing sifat awewe perasaan diheulakeun tina logika.
etamah tos kudratna nya lumrah, malah eta nu sok jadi seni dina hirup rumahtanga.
anak kuring nu cikal sanajan teu cerdas oge deuh kuring tetep nyaah, moal rek ngabanding2 jeung anak batur. keun we soal rengking disakola mah teu jadi soal. nu penting manehna berhasil dina kahirupana jaga.
nu bungsu katempona leuwih cerdas tapi rada geringan.
nya kabeh ge matak betah kuring cicing di imah
sok inget jaman sangsara......
insya Alloh moal deuk ngalaman deui, asal kuring bijak dina ngatur keuangan rumahtanga.
komo ayeuna kuring keur latihan bisnis lantaran hayang pidah kwadran ka kwadran kanan.
najan hesebeleke rek diayonan, da mun aing sukses kabeh kluarga pasti ngarasa sukses.
tapi mun gagal nya aing sorangan nu gagal,
aing teu sieun gagal ,tapi aing kudu siap jadi jalma sukses terutama dina finansial.
memang eta nilai sukses masih di awang2, butuh proses , tapi aing yakin berhasil
aing optimis
aing lahir ka dunya ieu lain jang jadi jalma kasor
aing sumanget pisan
aing bagja geus ngalaman kahirupan ieu. Share

Nepungan si Papih

dua poe kaliwat kamari sakulawarga nepungan ka Papih, indit ngabring ti sukabumi 2 motor,
kuring ,bojo jeung barudak 2.
si opik maan siLina katut siErika.
kitu ge lantaran sapoe samemehna teh nina nepungan ka sukabumi.
beu......
si papih teh kiwari sangsara pakokolot.
raweuy anak, teu kuat ngabiayaan.
malah manehna geuring cenah akibat stroke
imahna dijual nu cenah dipake brobat.
ari geus sangsara mah karek inget ka aing.!!!!!!!
ah keun we ketang .........
aingah moal ngungkit2 jaman bareto.
tapi aing ge boga keneh rasa nyaah mah ka kolot aing nu tingal eta2na.
manehna gering teu bisa leumpang cnah, menta biaya brobat, nya pidu'ana we atuh tisarerea.
ameh aya rejekina jang brobat, amin. Share

laksana NYANUNG

heu heu.... ningali judulna asa serem nya
ah ieu mah lain urusan bikang euy
tapi kuring laksana buga motor dua alias'NYANUNG'
nya geus puguh si JUVE alias jupiter Z, geus ampir 5 taun ditumpakan wae nepika turun mesin 2 kali. walah ....
kiwari meunang si VIXY alias V-ixion , can aya dua bulan.
meujeuhna meumeut keneh, ampir ungal poe dimandian jeung diusapan,
bodyna nu jangkung leutik matak genah numpakana , ceuk dongeng mah asa numpakan lunamaya ..... hahay, meureun etage.
ke poe snen si juve rek dibikeun ka adi kuring si opik.
sina digusur ka banung.
ambeh manfaat lah, dipake jang indit gawe kumanehna.
bye bye juve.............. Share

Daftar pasang listrik

asa inget kana lagu doel sumbang
'mun jadi jalma letik mah hayang pasang listrik ge HESSSEEE'
ajigh teh, aing ge ngalaman kesel (jigana aing geus jadi korban tipu2).
asa ku piraku deui aing daftar listrik geus 4 bulan
barijeung duitna geus jrung jreng.
tapi weleh nepika kiwari can dipasang keneh. ajigh mah.
senen hareup ieu ceuk beja jelemana rek mulangkeun duit aing nu 1,2 juy.
tapi aing pesimis....... manehna daek mulangkeun eta duit.
waduk , sumpeh aing teu percaya satai kuku ge.
ngan jigana aing rek gugat ka polisi we ah, hayang nyaho kumaha tah ktakna.
mun polisina eucreug kitu ge jiga dina sinetron .
hahay.... dina sinetron mah polisi jalujur kabeh.
naha ari tatanga aing mayar ngan 1,1 juy samingu geus hurung???
aneh nya....... Share

blog ABAHOJEG

ieu mah saukur pangeling eling
kususna pikeun satungturunan abah Ojeg (Adhani)
kuring nyobaan nyieun blog khusus di alamat http://abahojeg.blogspot.com
supaya tapak lacakna bisa kapedar deui
jeung mudah2an jaga ieu blog jadi panduan pikeun ningali silsilah turunan bah Ojeg. Share

kabagjaan

Naun cenah kabagjaan / kabahgiaan teh ?

Tangtu ungal jalma boga definisi masing2 kana eta ucapan bagja/bahagia
jiga kecap kabagjaan hirup.

Teu sadarrrrrrrr
urang teu sadar sagede naon kabagjaan nu pernah urang tarima ti gusti Alloh.
ungal usik bati humandeuar jeung ngarahuh.
loba nu mepende hate marake nu ngaran agama. atawa pituah2 nu lian.
beuh.......
moal nerap , cadu lah.
kuring mah ngadefinisikeun kabagjaan teh , saperti suasana hate nu normal(sabenerna), sangeus bisa ngaliwatan hiji bangbaluh.
lain ku loba duit?
bisa........ loba jalma nu bagja mun loba duit.
lain awak sehat?
heuh bener ceuk jalma nu gering mah.

caduk, caduk caduk
kabagjaan mah lain dijentrekeun ku pikiran batur.
saestuna aya dina otak sorangan. tong dipalire penilaian batur.
jalma ngarasa kasiksa batina mun teu bisa punjul ti batur.
eta sipat alamiah.
mun jalma ngarasa naon nu pernah karandapan ngan ukur bagian tina kahirupan,
barijeung terus ikhtiar kana widang na, eta jalma bisa ngasaan bagjana hirup.
bagja aing ngasaan kahirupan ieu jeung sagala rupa warna kahirupan.
kasedih kabungah kakeuheul hanjakal jeung sajabana,
ah etamah bagian tina hirup,
jalani we lah, ke ge bakalan paeh ieuh, moal hirup salawasna.
tong pohara teuing kahayang, bisi teu kalakonan
kahayang mah hiji we ah
jadi jalma nu bagja/bahagia.
amien ya alloh. Share

internet di keluarga kuring

kiwari nu ngarana internet di kulawarga kuring geus lain barang asing deui.
sangeus kuring sareng fitri (sibungsu) dulur awewe nu kadua, hampir tiap poe berurusan jeung nungarana internet. kiwari dulur jeung baraya oge mulai ngagunakeun internet pikeun sarana komunikasi sarta informasi.
hanyakalna ...... internet masih jadi barang mahal di nagara urang.
walah.....
bororaah bisa gratis jiga nagara deungeun.
kuring ge hayang si cikal anak kuring geura bisa make fasilitas internet di imah.
wajigh teh salian teu aya jalur telepon rumah , geuning alat nu ditawarkeun pihak indosat masih keneh na awang2 hargana.
bagong mah hayang pinter ge ku hararese ajigh.
lah ..... bati luh lah. Share

Tos damel di jakarta

hahay....
asa arera rek nulis deui,
saking sakitu lilana tara posting
ah jadi karagok deui euy.
kiwari kuring aya di pabrik,
tepatna daerah dadap
kaasup group na pabrik kagungan ngko ali, bos dvd nu geus kakoncara.
ayeuna kuring karek 3 mingu gawe didieu.
karasana ...... geunah jeung betah, hampir taya keluhan nanaon.
enjoy we lah. Share

ngawitan damel deui

Nembe sasih ieu kuring ngawitan damel deui
sangeus 3 bulan campleng ngangur total, nepika tabungan nu aya ge jadi rangsak, alias nepika beak na.
meunang hese beleke teh lumayan aya buktina, kiwari imah geus ngajega, malah motor geus bisa ganti anyar
make v-xion ,
deuh bungah hate, komo ningali kluarga sarehat wal afiat
alhamdulillah gusti Alloh. Share