Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Yayang ngupahan

Poe kamari kuring curhat (tapi lain curuk jahat >> curahin hati ) ka nu jadi bojo, intinamah kuring nepsong pisan ka eta jelema nu ngaran awu, hate jahat aing mah hayang ngalebok wae eta jelema. atawa didoa keun tabrakan tuluy cacat atawa pengkor ( punten ah )
Pamajikan tuluy ngupahan , memang urang kudu rada sabarayeuna ayeuna mah posisi keur tidak menguntungkan urang nya bu,
aing kesel oge ayeuna geus tanggal 2 tapi can gajian keneh, manehna ge can ngomong nanaon , ari ceuk si MB (muka Babi) mah Bos masih aya di luar negri, ah paduli bos aya dimana ge kuring mah butuh duitna lain jelema na.
kadang didieu kuring sok sedih, taya batur pakumaha, teu bisa curhat, jeung rada hanjakal saeutik, jiga babasaan moro julang ngaleupaskeun peusing. memang gaji 1000$ limayan gede pikeun aing tapi resikona asa leuwih gede yeuh , jeuh jauh lewih cape.
mun di KV (karyamas) mah pagawean unggal poe ukur nyo'o komputer (ngan mun hayang online sok susulumputan bari jeung sok ngabates jam online, tapi didieu mah cape na 3X lipet, geus kitu dicarekan teupupuguh karena misunderstand wungkul eta teh komo mun bener2 aing ngalakukeun salah.
hanjakalna aing loba hutang dilembur gara2 krudat kridit, tah jadi kieu geuning jaba budah keur mejeuhna loba kahayang. Ah mudah2han aing bisa sabar, niatna oge rek ibadah nyiar rejeki insya Allah berjuang sakuat tanaga. Share