Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Ngantosan ngapung

Tadi datang ka changi beurang teuing yeuh, ayeuna karek beres boarding, bari ngadagoan kapal rek ngapung ngahaja ngadon tulas-tulis teu paruguh, bieu oge toas meuli kainuman abokan, blue label jeung chivas regal 18th.
lain kuring nu rek giting, mun eta oleh2 jang urang vietnam nu bareuki mabok, da kuringmah boro2 hayang nginum nu karitu patut, ngambeuna ge geus lieur.
lain so suci euy, memang baheula mah kuring ge tukang nginum nu kararitu. mung ti saprak vertigo, jadi hariwang paur eta panyakit datang deui, nungajadikeun kuring ngajobrag di rumahsakit 10 poe bari jeung teu walakaya.
ceuk urang cigarung mah trauma meureun nya.
teu poho meuli farfum pesenan pun kapilanceuk nu damel di custom, inget we etage, dumuhan isukan rek balik he he he..
malah meuli hp sagala rupa jang budak, bongan ngaeh wae hayang boga hp sorangan. jiga kuring baheula hayang boga walkman, ngaeh we ka kolot salila can dibeulikeun mah.
kahayang budak mah beda, teu hayang nyaho kolot boga duit atawa hanteu Share

hitut

wengi kadiua di singapore asa ku lila hayang geura isukan we geura balik deui ka vietnam, tuluy , isukana balik deui jakarta tuluy kasukabumi tuluy kaimah tuluy kakamar tuluy.........., sareeee, da cape atuh tilu poe noron naek kanaraan ngapung, najan teu lulumpatan di jero kapal nu jelas kuring bete teu meunang udud, komo nyieun api unggun mah , padahal tiris pisan dijero kapal teh , kadang kuring sok tumanya dina jero hate ieu teh naek kapal atawa salah abus kajero kulkas. tapi da rea jalma ning, ah bener meureun.
bieu,kuring maca artikel banyol di kusnet wal hasil gagalakgakan sorangan yeuh komo pas maca nu judulna sifat jalma dumasar kana rupa2 hitutna.(karna cik keneh kuring tos hitut gigireun batur nu keur ngarariung, sssssttt tapi tong geruh nya.
unina kieu :

Sipat jalma dumasar kana rupa-rupa hitutna
Ditulis ku - ndoell - tukang teuing

Jalma jujurJalma nu daek ngaku mun geus hitut

Jalma teu JujurJalma nu hitut tuluy nyalahkeun batur

Jalma belegugJalma nu nahan hitut mangjam-jam lilana

Jalma nu berwawasanJalma nu apal iraha kuduna hitut

Jalma nu MisteriusJalma nu hitut tapi batur euweuh nu nyahoeun

Jalma nu sok gugupJalma nu ujug-ujug nahan hitut mun keur hitut

Jalma nu Percaya DiriJalma nu yakin yen hitutna seungit

Jalma nu SadisJalma nu hitut bari dibekep ku leungeun tuluy dibekepkeunka irung batur

Jalma nu IsinanJalma nu hitutna teu disada tapi ngarasa isin sorangan

Jalma nu StrategicLamun hitut sok bari seuri ngagak-gak meh nutupan sora hitutna

Jalma nu BodoLamun geus hitut tuluy narik napas keur ngagantian hitutna nu kaluar

Jalma nu PeditLamun hitut dikaluarkeun saeutik-saeutik nepi ka disada tit..tit..tit...

Jalma nu SombongJalma nu sok ngambeuan hitutna sorangan

Jalma nu ramahJalma nu sok resep ngambeuan hitut batur

Jalma nu tara gaulMun hitut sok bari nyumput

Jalma nu SaktiMun hitut bari make tanaga dalem

Jalma nu pinterJalma nu bisa nyirian hitut batur

Jalma nu sialMun hitut kaluar jeung bukur-bukurna...

gelo euy kreatif tah jelema teh.....salam ah ka endul-tukangteuing. Share

siap2 brangkat

nyempetkeun ah posting heula memeh brangkat kasingapore, poe ayeuna rada salse, isuk2 geus meeting jeung dunungan ,konfirm masalah harga sparepart ,jeung jumlah qty barang 2 nu rek dibeuli. ngan aya sebelna bet eda lanceuk si boss, make mihape meuli sparepart motor sagala rupa atuh meureun jadi loba deui tempat nu kudu dijugjug teh, jaba aya hiji barang nu kudu diteang di malaysia, ah sebeeeel, kudu kancrang kincring ka malaysia sagala , tapi kuring geus papadon tgl 26an kuring rek balik heula ka sukabumi, menta rehat heula ah leuseuh tuda pasang mesin 2nd kitu bari geus loba nu dimodif ku urang hongkong, mimiti datang mah mani ramijud pisan nya ayeuna 3mesin geus jalan lancar, tingal hiji deui(aya masalah dina touchscreen na jeung turbo controllerna) nya rek balanja heula ka singapur bari biasa kuring meuli udud sampurna mild, lantaran didieu teu aya nu dagang rokok kretek, puguh kecap manis karesep kuring ge teu nyampak di ungal toko ge. urang dieu wawuhna ngan jeung kecap asin hungkul. ke jam 6 burit ngapung na, nepikaditu jam 9an waktu ditu. ya Alloh nyuhunkeun ditangtayungan mugia sing berkah salamet. kahasil sakabeh tujuan, amin. Share

hayang kasurga(1)

aya kahayang jadi jelema nu guna pikeun jalma rea, tapi kanyataan na kadang hirup teh asa teu guna kajeun pikeun diri sorangan oge,
lantaran tiap ngarenghap urang boga keneh kahayang anu can laksana,
tiap ngareret kapikir masih loba nu can dipiboga,
tapi rek tepika iraha(nepika tutup umur jigana mah nya?)
bahkan geus tutup umur masih keneh aya kahayang ,
nyaeta hayang asup surga.tapi kuring bungah boga kluarga nu mikacinta kuring,
nu slalu ngarep2 kuring, nu ngajadikeun kuring betah kumelendang di alam dunya
malah mun kuring geus perlaya, hayang asup ka surga ngariung deui jeung maranehna
>>ieu teuing puisi teuing naon, tapi eta nu aya na pikiran kuring kiwari<< Share

blog stiker

upami bade pasang blog stiker "made in indonesia"
download wae scrip na

download button1
Share

Puyeng yeuh ngurusan mesin , acara ka singapore jadina senen tgl 23, aaaah lila euy.
Share

internet download manager


ieu software sae oge kango grab file flv,mp3, atawa nulaina, tingal setting file naon nu hoyong dipaok ti internet. terbukti, file2 flv anu kedah login heula bisa di baypas, langsung dikenyot (without login)

download button2
Share

buyatak

wah jadi buyatak euy ,
blog ieu jadi teu kaurus .
keur sibuk ujicoba di tempat lain, ieumah keun we jadi saperti awalna jiga kieu.
nu aheng aheng mah dipernahkeun di tempat lain (sakadar jang diajar)
dumeh hayang nyaho. Share

Windows Genuine Validation

Mengatasi Windows Genuine Validation Advantage. bajakan dan jadikan original.
Garansi 100% berhasil bila anda mengikuti trik-trik berikut ini:

1. Check Windows anda dengan menggunakan program Windows Genuine
Validation Advantage. Apakah produk software bajakan atau original ?
Program ini bisa anda down load dgn gratis dari sini :
http://filecargo.com/dw.php?id=1178082754&/0/micr*soft Genuine
Advantage Diagnostic Tool.exe

2. kalau sudah anda download, jalankan program ini (tanpa install),
dan anda akan mendapatkan hasilnya, bajakan atau genuine? Kalau
windows anda versi bajakan, maka gunakan program Keyfinder untuk
merubahnya.

3. Program ini bisa anda down-load dgn gartis dari sini
http://filecargo.com/dw.php?id=1178082907&...2/Keyfinder.exe

4. Setah anda down load, jalankan program ini (tanpa install).
Kemudian pilih menu `Option' terus `Change windows key'. Masukkan S/N
berikut: V2C47-MK7JD-3R89F-D2KXW-VPK3J

5. Setelah itu, coba check ulang dengan Windows Genuine Validation
Advantage.

6. 100% software Windows anda akan menjadi Geniune

7. Maka anda sudah bisa melakukan update ke situs microsoft online,
menginstal WMP-11, dan Windows Defender. (red: surender)

8. Setelah selesai, langsung lakukan validasi ke microsoft online Share

Fadli ultah


Happy brithday my little son.
KIWARI UMUR FADLI 2 TAUN
tapi masing ngempeng,
semoga jadi anak yang shaleh,juga sukses dalam kehidupan,
bahagia dunia aherat,
pidu'a ayah ka salira taya pegatna
dugika dicabut nyawa kunu kawasa.
amieeen.
Share