Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Mending ngabonceng atawa dibonceng

nuhuNebak hubungan nu ngabonceng motor jeung nu diboncengna ditingali ti cara ngaboncengna.
1.Ngabonceng awewe ditengahna diganjelan dus dina setangna digantelan jingjingan jeung kantong keresek, moal salah deui pasti tukang ojeg anu tas nganteur tipasar.

2.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, nu diboncengna diuk nyangigir, mun manggih gajlukan, tipepereket nyekelan jok, tah eta mah nu anyar keneh bobogohan.

3.Nu ngaboncengna balangah nu diboncengna brongbrang tidalalagor, geus pasti eta mah tukang kurupuk asup ka gang leutik.

4.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, leungeun nu dibonceng nyangreud kana cangkeng nu ngabonceng, sedengkeun dadana tamplok kana tonggong nu ngabonceng, tah eta mah nu keur bobogohan keur meujeuhna ngumbar kasono.

5.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna paranje,jalanna nyeput, ieu mah moal salah deui tukang hayam kabeurangan.

6.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, anehna ari motor mah aya, ari nu ngabonceng jeung nu diboncengna teuing pabonceng bonceng dimana.

7.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, ditengah jalan nu diboncengna gogorowokan bari memerik motor, tah ieu mah pasti nu ngaboncengna teu apaleun nu diboncengna murag.

8.Nu ngaboncengna teu puguh rupa nu diboncengna nyakitu keneh, ngageuleuyeung maju, sora motorna aya, tapi jegrigna teu katingali, tah eta mah sakadang jurig keur jalan jalan.

9.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, sapoe jeput kukulintingan neangan alamat, sihoreng tukang ojeg nganteur nini nini teu apal balik.

10.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, anehna nu ngabonceng kalahka nyanghareup kanu tukang, tah ieu mah meureun nu anyar pangantenan, rarasaan keur dikaramar keneh.
===========================
(hatur nuhun ka kang syam ridwan) Share