Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

isuk isuk biasa si MB datang kadieu , kuring ningali akun keur ngalamun di hareup, terus manehna curhat saeutik tentang pagawean didieu, menurut manehna gawe didieu leuwih cape , jeung teu bisa kamamana (nyari cewe cenah).
padahl aing oge bete leuwih ti kitu, ngan jang naon curhat kamanehna sarua jeung nalanjangan sorangan, dina waktuna aing mabur nya mabur wae teu kudu loba omong lah.
aing mere nomer telpon pamajikan ka si fran, bisi jeung bisi aya nanaon karandapan kuaing manehna bisa ngabejaan ka lembur.
beurang ieu aing terus ngabenahan blog ieu, bari jeung surfing ka situs situs anu perlu, jiga ilmu komputer, komputek ,pcplus jeung teu poho ningalian harga hengpon (baca: Handphone),
lantaran yayang hayang ganti hengpon da nu sony z600 sering heng(baca: hang), jeung susah meunang sinyal.
tapi aing inget tukang ojeg nungaran sikaleng , lamun menehna meunang sinyal mah jelema sok kalabur ( kenapa eh kenapa ?) karena sinyal manehnamah kaluar tina liang waduk alias hitut, ha ha ha ha ha ha ha ha
Share