Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Rada bete

Bismillahirahmanirohim,
ayeuna poe sabtu, hudang kabeurangan. eta oge dihudangkeun mba Ana. dihandap geus ditungguan ku Asun, manehna mikeun merk2 utility jeung nulaina. ah poe ieu mah teu pati garenah awak. najan tadi tos minum susu+ubar riut tapi masih keneh yeuh. ceuk beja siasun mah sekitar poe rebo hareup rek indit ka kambodio teh, tapi teuing ah, kumaha urusan maranehna wae.
ahhhh, ari kieu teh sok jadi sono ka urang lembur euy, puguh dei ari sono ka budak mah. terutama ka si Nanda..., manehna loba kahayangna anu can kalakonan. sebagai kolotna saya sok hayang ngawujudkeun atau sahenteuna mantuan ngawujudkeun eta kabeh kahayangna. mereunan kabeh kolot oge kitunya.
oh iya eta cv si fitri geus masuk ka bang pinto, malah geus diforward ka emailna boss. tapi can aya keputusan.
saya keur ningalian map online saya neangan puchong aya oge teu lengkap kudu install heula di alamat iue:http://earth.satellite.maps.googlepages.com/?gclid=CN_Bt-qJhYkCFQKmTAodPQ8kWA. ke geus pake nu sorangan download nya.
accaunt saya di six4sep@gmail.com. mun ningalian photo keluarga termasuk photo karuhun saya coba tingalian di http://predol.fotopages.com/.
tah ayeuna saya rek nyaritakeun kang yana :
kesan pertama pas ningalina mah jiga urang india euy tapi ternyata Subang asli cenah, awakna rada gemuk, bageur , ramah , rada workholic oge.
aya deui mass imam : najan orang jawa tapi paseh sundana mah, rada pendiam , geus rada umuran.
ADI: tah ieu mah budak keneh , masih sadudulur maranehna didieu teh. matak alakur. ieu budak sopan jeung ramah oge sih, ah pokoknamah maranehna open oge ka saya tina urusan itu ieu oge malah asa leuwih leuwih ti dulur. jadi saya asa teu nyemah cicing di dieu.
Sulis: ieu awewe teu pati loba interaksi jeung saya. teu nyaho lah kitu kieuna ngan sok katingali sapopoena di lantai3. kitu heula nya ke hayang emod.... Share