Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

ngomong teu eucreug

teuing kudu kumaha ngamimitianana euy.
poe kamari aing teu nulis nanaon dina ieu blog. kamari cararape, pisan jeung euweuh batur ka warnet (internet cafe).
padahal poe kamari diajak chong jeung soon kukurilingan, muter muter kota pnom-phen.
ngan hanjakal hp keur di cas, alias teu bisa moto nanaon.
kota pnom-phen mah leutik pisan . memang baheulana didieu teh jajahan francis, cenah, dekeut olimpic dinya aya jajaran hotel hotel gede oge yah aya sih turis tapi teu loba jelema bule oge bisa diitung ku ramo titingi.
memang aing keur apes , aing leungit duit alias kacopetan , +/- $60. dasar sial padahal eta alowen ti raymond ngan sakitu kituna . ah ya enggeus lah geus leungit rek ngomong kumaha deui. ngan jadi conto kadituna moal rek mamawa duit gede mun nyaba ka pnom-phen kota gendox ieu.
sangeus kukurilingan teu nepika sa jam, dasar kota leutik pendudukna mariskin keneh, biasa jelemana laloba ceta. awewena oge barutut, euweuh deuleu deleu eun ubar sono ka pamajikan.
poe tadi can rengse kabeh making mesin masih aya sababaraha item deui. tapi awak geus mulai karasa nyareri euy. dina cangkeng asa aya balok nyelap , dina punduk asa aya bata , dina kanyut as aya naon nya.......
mungkin isukan sagalana rek dibereskeun, kusabab. akang soon rek mantog ka malaysia tgl 26 desember dan kaula rek mantog tgl 27.
mudah mudahan isukan jelema urang kamboja ieu bisa datang eucreug waktuna, karena eh karena urang dieu mah lain jam karet deui tapi jam pegat alias jam ruksak, janjina datang jam 8 pagi eh torojol jam 4 sore, nu edan ge teu kitu kitu teuing kang.
kamari beresti pabrik terus mantuan pindahan barang barang kantor ka kantor baru sementara barang dipindahkeun ka toko. lucuna teh batur pahibut rebutan teori ngasupkeun barang kana treuk bari jeung cang cing cong ngaromong bahasa taneuh(teuing naon). ah aing ge ngiluan we ngomong make bahasa sunda bari so serius maranehna nanya sababaraha kali aing ngomong naon tapi euweuh we moal dibejaan euy, padahal aing ngomong nyarekan maranehna ngan beungeut aing dijieun jiga jelema keur nerangkeun anying rek lakian bari jeung pepeta sagala rupa , tapi angger manehna teu daek percaya ha ha ha . . . . . .
teu pira aing ngomong kieu <>. hampura ah urang kamboja uing geus campelak . Share