Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Di Cambodia.

tikamari aing hayang ngeblog, geus kesel teu bisa abus tapi sangeus pindah warnet aing berhasil oge euy ngeblog deui.
assalamualaikum sadayana nu maraca blog suayah.
poe ieu poe katilu saya aya dinagara cambodia ieu, ah teu jiga perkiraan didieu negarana leuwih miskin dibanding indonesia.
kesan pertama pas masuk ge geus kitu lah , birokrasi visa ge langsung jadi dibayar harita langsung ku nu ngajemput. eh nu nyetir aya di belah kenca euy tapi jalan tibelah katuhu, ah matak kararagok lah, nepi ka mess langsung aya karyawan kantor 2an nu awewe geulis oge ngan susuna leutik tapi jangkung, nu lalaki ngarana- meng la- teuing eta jelemateh loba teuing maen emeng emengan suga dingaranan kitu. nu awewe ngarana neath, dibaca nit kitu etamah rada cocok emang rada genit kituuuuuuuuuu.
didieu papangih deui jeung babaturan lama si akun, manehna loba tanya jawab lah masalah karyamas, dan ini itu.
poe kahiji gawe :
poe kahiji gawena mah teu loba ngan nu bareurat wungkul, termasuk bongkar pipa-pipa saluran waterchiller jeung saluran angin.
balik tiditu diajakan balanja da dibere nginjeum duit ku boss $100, eh pas balanja dipulangan duit lokal didieu Rhea, memang rea sih tapi rea keneh duit urang 1rea = 2rupiah lah.
jadi us$1 = 4000 rea pan duit urang mah 9200 seun.he euh.
balik balanja terus nyimpang ka kedai es jus hareupeun mess. pelayana awewe 2an. teuing kudu kumaha ngomong na arek mesen jus oge, make bahasa inggris lieureun , make malayu teu ngarti, make ngomong cina gideug(babaturan nu bisa ngomong cina mah). geus wae aing make bahasa sakadaek dicampur bahasa tubuh (alias tutunyuk, gideug, jeung ungeuk) wah jiga monyet jengkoleun lah . eta budak ngarana kucher. jigana bapana kucar kacir wae tah.
poe kadua :
rada leuheungan tingal beberes barang2 elektrik, jeung kabel kabel, ah cingcay lah. (nyaho cingcay = ngicing bari ngacay).
balikna nya terus kadiu nulis blog.
eta tadi rencananamah rek ka supermarket jeung a-soon, ke nya didongengkeun deui disupermarketna. Share