Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Karek dugi

karek dugi deui ti lembur, nyaeta waktuna anu samporet ngan ukur samingu, ge kurang mun dipotong dua poe naek kapal mah, sakabeh rancana ngababayut, teu paruguh, mould masih keneh di pa yudi, kitu oge kontroller turbo pump, acan diomean. malah jeung si Qimin ge teu sempet pangih.
di lembur teu sempet posting bari oge di imah can bisa online, aya ge warnet asa rada waregah pikeun posting , tibang ngariksakeun e-mail anu asup salila sababaraha poe kaliwat.
ayeuna geus aya deui di vietnam.
barang datang ge geus disampakeun pagawean anu geus pabaliut, karena pabrik keur di rombak tata ruang na , jadi pahibut mindahkeun mesin jeung sajabana.
kuring lansung mantuan da teu genah cicing wae ningali babaturan pahibut kitu mah, antukna jam 6 sore kuring teler kasarean dina korsi kantor, ngagurubug peuting dumeh rek ragrag jeung beuteung karasa lapar, untungna babaturan mangmeulikeun banmi sakangkot, jadi rada kaubaran laparteh, padahal na pesawat (garuda) meunang 2 kali dahar. ngan nya kitu ukur matak getek bujal, alias teu matak seubeuh. Share