Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Elmu ngaluarkeun sukma

WARNING: artikel ngaluarkeun sukma mung kenging dibaca ku nu karuat
iman, margi upami saatos diajar ieu elmu kaganggu jiwana misalna bae
kasurupan sareng sarupaning kitu, nu nulis teu tanggel waler. Sanaos
kitu, tinangtos ieu elmu henteu papalingpang sareng ageman salira
alias sanes elmuna iblis/setan.

Salira percanten kana elmu ngaluarkeun sukma (jiwa, atma) atanapi anu
dina basa Walandana disebat out-of-body experiences (OBE), ieu tiasa
dibuktoskeun? Ieu sanes kumargi nu nulis fans berat majalah Liberti &
Misteri, estuning kumargi kanyataanana kitu. Umat Kristen nganggap OBE
teh klenik atanapi tahayul, tapi sabalikna seueur oge umat Kristen anu
percanten kana mati suri atanapi anu dina basa Sundana disebat near
death experience (NDE).

Mati suri (NDE) teh saleresna identik 100% sareng OBE, margi nalika
mati suri ge jiwa urang kaluar tina raga urang.

Dumasar kana jajal pamendak nu dipidamel ku organisasi Gallup Poll
taun 1996, singhoreng di USA aya 13 juta urang nu kantos ngalaman mati
suri (NDE - Toronto Star 5. Maret 2000). Aranjeunna ngaku yen nalika
mati suri, aranjeunna sanes mung tiasa ngupingkeun obrolan manusa di
sabudeureunana, tapi malah tiasa ngadadarkeun kumaha prak-prakan
oprasi nepi ka di lebah mana wae aranjeunna dikaput.

Mati suri tiasa dibuktoskeun sacara ilmiah, janten henteu mung
aku-akuan jalma. Dr. Paul Segal ti University of California kantos
nguji hamster nu dipaehan lalaunan ku cara diteundeun dina hawa anu
tiis pisan, lajeng disimpen dina es salami 4 jam.

Pas eta hamster aya dina es, awakna diponcorong make alat nu kacida
sensitif. Hasilna nunjukkeun teu aya tanda hirup, boh aktivitas
gelombang uteuk atawa jantungna paeh. Geus kitu, ieu hamster bisa
dihirupkeun deui ku cara dihaneutkeun, hisup sabihara-bihari. Dicobian
sababaraha kali ka hamster nu eta keneh, hasilna sami.

Hal ieu sering kajantenan ka jalmi nu tigejebur kana walungan nu geus
beku jadi es, sanaos tos kabukti salami sababaraha jam aranjeunna
maot, tapi tiasa dihudangkeun deui.

Dr. RAymond A. Moody ti Universitas Virginia kantos nalungtik ieu
fenomena. Cindekna, jalmi nu mati suri rata-rata ngalaman hal nu ampir
sami: lebet ka torowongan anu poek mongkleng nu di tungtungna aya
cahya! Kanggo nu hoyong ngaos sareng neuleuman perkawis mati suri,
mangga sindang ka www.iands.org/ index.html atanapi aos buku "Life
after Life" karangan Dr. Raymond A. Moody Jr.

Dr. Duncan Mc. Dougal ti Massachusets kantos nyerat hiji artikel dina
American Medicine (April 1907, mangga buka
http://www.snopes. com/religion/ soulweight. asp) medarkeun
panalungtikanana ngeunaan jalmi-jalmi anu bade pupus. Singhoreng
nalika pupus, beurat awakna ngarurangan. Dibandingkeun sareng 15
anjing anu diuji, teu hiji-hiji acan nu ngurangan beuratna. Ti dieu
panginten tiasa buktos yen mung manusa anu gaduh jiwa. Di sagigireun
eta, ku ayana mati suri, bukti oge yen manusa teh leres-leres gaduh
jiwa sarta eta jiwa tiasa kaluar ninggalkeun ragana sababaraha lami.
Pangalaman salengkepna perkawis jalmi nu kantos ngalaman mati suri
tiasa diaos di http://irdy74. multiply. com/reviews/ item/142 (basa
Indonesia).

Nalika kaluar ti raga, jiwa urang tiasa ngalayang kamana wae, misalna
bae ningal naon anu nuju dipidamel ku bojo di kantor/bumi, atanapi
nyumpingan nu nulis di Holland atanapi mulih ka lembur, da jiwa mah
teu peryogi tiket pesawat. Atanapi panginten tiasa noong Sawarga jeung
Naraka? Kalemahanana mung hiji, yen jiwa nu mulih ka lembur teu tiasa
nyandak oleh-oleh atanapi koper. Nya kirang-langkungna mah sapertos
dina pilem Ghost - Patrick Swayze & Demi Moore!

Tah, nu hoyong neuleuman kumaha carana ngaluarkeun sukma kanggo
nyobian OBE, tiasa diajar ka Mang Ucup dina seratan sambunganana.
Kanggo nu leres-leres hoyong diajar "Elmu Ngaluarkeun Sukma", pami
tiasa mah puasa "Tapa Mati Geni" (pantang nuang nu diasakan ku seuneu
sadinten sawengi) heula.

Sadaya seratan Mang Ucup kenging disalin atanapi dikintunkeun ka saha
wae kalawan gratis!
dicatut tina seratan
Mang Ucup
Email: mang.ucup@gmail. com Share