Tadi datang ka changi beurang teuing yeuh, ayeuna karek beres boarding, bari ngadagoan kapal rek ngapung ngahaja ngadon tulas-tulis teu paruguh, bieu oge toas meuli kainuman abokan, blue label jeung chivas regal 18th.
lain kuring nu rek giting, mun eta oleh2 jang urang vietnam nu bareuki mabok, da kuringmah boro2 hayang nginum nu karitu patut, ngambeuna ge geus lieur.
lain so suci euy, memang baheula mah kuring ge tukang nginum nu kararitu. mung ti saprak vertigo, jadi hariwang paur eta panyakit datang deui, nungajadikeun kuring ngajobrag di rumahsakit 10 poe bari jeung teu walakaya.
ceuk urang cigarung mah trauma meureun nya.
teu poho meuli farfum pesenan pun kapilanceuk nu damel di custom, inget we etage, dumuhan isukan rek balik he he he..
malah meuli hp sagala rupa jang budak, bongan ngaeh wae hayang boga hp sorangan. jiga kuring baheula hayang boga walkman, ngaeh we ka kolot salila can dibeulikeun mah.
kahayang budak mah beda, teu hayang nyaho kolot boga duit atawa hanteu
Share
gcl @ Savannah: Small release errata
-
Greetings! While these tiny issues will likely not affect many if any,
there are alas a few tiny errata with the 2.7.1 tarball release. Posted
here jus...
13 hours ago