Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

siap2 brangkat

nyempetkeun ah posting heula memeh brangkat kasingapore, poe ayeuna rada salse, isuk2 geus meeting jeung dunungan ,konfirm masalah harga sparepart ,jeung jumlah qty barang 2 nu rek dibeuli. ngan aya sebelna bet eda lanceuk si boss, make mihape meuli sparepart motor sagala rupa atuh meureun jadi loba deui tempat nu kudu dijugjug teh, jaba aya hiji barang nu kudu diteang di malaysia, ah sebeeeel, kudu kancrang kincring ka malaysia sagala , tapi kuring geus papadon tgl 26an kuring rek balik heula ka sukabumi, menta rehat heula ah leuseuh tuda pasang mesin 2nd kitu bari geus loba nu dimodif ku urang hongkong, mimiti datang mah mani ramijud pisan nya ayeuna 3mesin geus jalan lancar, tingal hiji deui(aya masalah dina touchscreen na jeung turbo controllerna) nya rek balanja heula ka singapur bari biasa kuring meuli udud sampurna mild, lantaran didieu teu aya nu dagang rokok kretek, puguh kecap manis karesep kuring ge teu nyampak di ungal toko ge. urang dieu wawuhna ngan jeung kecap asin hungkul. ke jam 6 burit ngapung na, nepikaditu jam 9an waktu ditu. ya Alloh nyuhunkeun ditangtayungan mugia sing berkah salamet. kahasil sakabeh tujuan, amin. Share