Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Daftar pasang listrik

asa inget kana lagu doel sumbang
'mun jadi jalma letik mah hayang pasang listrik ge HESSSEEE'
ajigh teh, aing ge ngalaman kesel (jigana aing geus jadi korban tipu2).
asa ku piraku deui aing daftar listrik geus 4 bulan
barijeung duitna geus jrung jreng.
tapi weleh nepika kiwari can dipasang keneh. ajigh mah.
senen hareup ieu ceuk beja jelemana rek mulangkeun duit aing nu 1,2 juy.
tapi aing pesimis....... manehna daek mulangkeun eta duit.
waduk , sumpeh aing teu percaya satai kuku ge.
ngan jigana aing rek gugat ka polisi we ah, hayang nyaho kumaha tah ktakna.
mun polisina eucreug kitu ge jiga dina sinetron .
hahay.... dina sinetron mah polisi jalujur kabeh.
naha ari tatanga aing mayar ngan 1,1 juy samingu geus hurung???
aneh nya....... Share

blog ABAHOJEG

ieu mah saukur pangeling eling
kususna pikeun satungturunan abah Ojeg (Adhani)
kuring nyobaan nyieun blog khusus di alamat http://abahojeg.blogspot.com
supaya tapak lacakna bisa kapedar deui
jeung mudah2an jaga ieu blog jadi panduan pikeun ningali silsilah turunan bah Ojeg. Share

kabagjaan

Naun cenah kabagjaan / kabahgiaan teh ?

Tangtu ungal jalma boga definisi masing2 kana eta ucapan bagja/bahagia
jiga kecap kabagjaan hirup.

Teu sadarrrrrrrr
urang teu sadar sagede naon kabagjaan nu pernah urang tarima ti gusti Alloh.
ungal usik bati humandeuar jeung ngarahuh.
loba nu mepende hate marake nu ngaran agama. atawa pituah2 nu lian.
beuh.......
moal nerap , cadu lah.
kuring mah ngadefinisikeun kabagjaan teh , saperti suasana hate nu normal(sabenerna), sangeus bisa ngaliwatan hiji bangbaluh.
lain ku loba duit?
bisa........ loba jalma nu bagja mun loba duit.
lain awak sehat?
heuh bener ceuk jalma nu gering mah.

caduk, caduk caduk
kabagjaan mah lain dijentrekeun ku pikiran batur.
saestuna aya dina otak sorangan. tong dipalire penilaian batur.
jalma ngarasa kasiksa batina mun teu bisa punjul ti batur.
eta sipat alamiah.
mun jalma ngarasa naon nu pernah karandapan ngan ukur bagian tina kahirupan,
barijeung terus ikhtiar kana widang na, eta jalma bisa ngasaan bagjana hirup.
bagja aing ngasaan kahirupan ieu jeung sagala rupa warna kahirupan.
kasedih kabungah kakeuheul hanjakal jeung sajabana,
ah etamah bagian tina hirup,
jalani we lah, ke ge bakalan paeh ieuh, moal hirup salawasna.
tong pohara teuing kahayang, bisi teu kalakonan
kahayang mah hiji we ah
jadi jalma nu bagja/bahagia.
amien ya alloh. Share