- PANGANTEUR
Kujang mangrupakeun pakarang teuteupaan/tempaan/enggineered hasil kamotekaran urang sunda, nu baheulana, diantarana katuliskeun dina naskah sunda kuna sang hyang siksa kanda ing karesian, ngarupakeun ganggaman (gegaman) wong tani (patani) nu dipake pakeun ngala/ meunangkeun kikicapeun/dahareun jeung iinumeun. Sedengkeun Teuteupaan (nempa) upaya ngabentuk/nyieun ngaenggineer ngarekayasa “bahan teuas/hese diolah” supaya dibentuk/dijieun/dimanipulate dipake sakumaha kaperluan. Baheula mah ukur dipake kana logam ayeuna mah jelema ge nu dididik/dilatih sok biasa oge disebut ditempa/hasil tempaan.
Waruga kujang, nu pokona, congona seukeut ‘lancip’ bisa nyongkel nubles, tonggongna seukeut bari aya liang/bolong keur ngagampangkeun ‘maneuver’ ‘ngorek’ dijero taneuh/tangkal/peujit jrrd, Bagian beuteungna oge seukeut matak aya babasan kujang dua pangadekna kana maksud hiji kekecapan jalma sabab dua ‘sisi panjang’ kujang (najan beda ‘bentuk’na’ –tonggong +beuteung) bisa dipake ngadek. Buntutna bisa ditutupan di perahan. Bahanna teuteupaan/tempaan tina logam jeung aya oge –arang kapanggih nu bisaeun nempana jadi kujang - tina bahan meteor nu ‘sesana’ sok loba ragrag kapanggih di tanah sunda.
Tempatna dina kaidah ajaran sunda Tri-tangtu (Ratu-Rama-Resi) kujang mangrupakeun pakarang jalma dina realm/tangtu Rama, nyaeta keur ngala dahareun jeung inumeun. Lain keur ngabahayakeun/nyilakakeun/maehan jelema atawa perang sakumaha pakarang dina realm ratu/prabu kayaning Pedang, golok, keris. oge lain pakarang nu dipake keur ngagaris/ngagurit/mahat diantarana peso raut, peso pangot para pandita/wiku dina realm/ tangtu resi (tingali naskah siksa kanda ing karesian).
Guna kujang nu aya patula patali jeung tani masih keneh bisa kasungsi diantarana didaerah kanekes, di dulur dulur kanekes mah aya babasan bentang kidang turun kujang nu maksudna lamun bentang kidang –bintang wuluku- geus kaciri di langit cirina geus waktuna mitembeyan (keur kaum agraris mah tani) nya kujang nu asalna ukur diluhur ‘digantungkeun’ dicokot diturunkeun dipake keur ngamimitian gawe-bari jeung lamun ka semah mah tara ieuh ngabasakeun kujang cukup ‘bedog’ wae sab arinyana tarapti nyumputkeun harti tara asal betus.
Dikalolobaan daerah sunda mah, kaayeunakeun, geus jarang dipake –mun teu kasebut tara- malah geus jarang/teu dipikawanoh dina kabiasaan usaha/gawe neangan dahareun inumeun ayeuna sab kamajuan teknologi dina pertanian jeung kusabab mekarna upaya ngala dahareun-iinumeun nu lain saukur dina tani. Malah kujang teh jarang kapanggih iwalti jadi alat souvenir atawa hiasan imah nu bahana ge loba cukup tina beusi sesa atawa urut per mobil jieunan pabrik /teu ditempa ku sorangan tinu bahan asal.
‘hardware’ kujang nu aya keneh ayeuna geus teu dipake, tapi ukur dipercaya ngabogaaan ‘software’/pamor/maunat atawa boga nilai seni nu guna/dipikaresep keur/ku nu nyimpena/collectorna. Najan kitu, keur sabagian mah sabab manggihan nyieun software/hardware na teh teu gampang atawa manehna teu bisaeun teu sanggupeun nurutan/nyieuna nepikeun ka nyimpena ge dipupusti/ dihurmat pisan/dihargaan/ diagungkeun bakat ku reueus ku kaluhungan luluhurna/nu nyieuna.
Malah teu saeutik nu nganggap kujang -kalolobaanana kana kujang heubeul - boga kakuatan gaib (gaib sab teu kahartieun kumaha bisa kitu tapi kabuktikeun ayana kumanehna dina eta kujang) jadi we nerekab kujang teh pakarang nu boga kakuatan mistis.
Tuluy we ku jalma ayeuna ngarana ge disusur make cara ‘kirata’ di kira kira supaya siga nyata/enya saluyu jeung rekaan ati-pikirna/ imajinasina-sangkana sab ningali/manggihan kamampuh/pamor/maunat/softwarena kujang -Naskah sunda kuna mah tara ngahartikeun kecap make wancahan kirata aya oge dijaman basa sunda orba-orla baheula. Cenah ge, kujang teh asal/wancahan tina kudi (senjata nu boga kakuatan gaib) + hyang (asma Allah na urang sunda nu kapake da enya nepi ka ayeuna).
Ku kitu teh, ahirna nyambung jeung aktivitas ritual, kayakinan, filosofis, simbolis, jeung oge -kudu disebut- aya nu nyambung kana pamusrikan, tahayul, mitos jrrd jrrd, malah nepikeun ka ngarobah (nambahan/ngajembaran) kujang jeung attribute attribute / value addedna - nu asalna tina baheulana realm rama jadi kana realm ratu jeung resi, misalna wae: nu asalna dipake jadi symbol pamarentahan sipil nu gunana ngaronjatkeun pangwangunan gemah ripah wibawa mukti (1945) tuluy nambah dipake jadi symbol/ngaran batalyon infanteri –militer- nu boga maqam ‘queen of teh battle’ (1960) encyclopedia sunda (2000), najan teu nyebutkeun timana sumberna sacara langsung, malah nyebutkeun yen kujang salian ti alat tani oge alat keur perang. Kamari kamari, dina facebook aya komunitas sipil ‘legion kujang’ nu nga-klaim kumpulan gabungan ‘jawara jawara aliran dan perguruan pencak silat ditatar padjadjaran, para kolektor kujang, grup tosan aji, padepokan seni dan budaya, lembaga adat lembaga adat kabuyutan dan kahuripan, ORMAS, OKP, paguyuban, lembaga lembaga pendidikan dan latihan seni budaya’ –lain para entrepreneur/ahli karaharjaan (2010) nu kutilu hal eta oge, ngajadikeun ‘kesan’ pakarang kujang teh jadi boga hawa hawa perang/militer hawa hawa jawara, oge hawa hawa seni/kolektor/sekte, lain pakarang keur usaha ngahontal karaharjaan ‘meunangkeun dahareun jeung iinumeun’ sacara jembar.
Tapi sabenerna naon ahengna kujang teh nepika kudu dianggap jadi warisan nu kudu dimumule di jaman ayeuna ?? kieu geura urang buka saeutik lalangsena sugan sugan aya pieusianeunana.
II. KUJANG: PAKARANG NU BISA METAKEUN LELEMBUT KU LELEMBUTAN DINA GANGGAMAN KEUR KARAHARJAAN
Pakarang hartina alat pakeun ngolah karang, karang hartina taneuh – sarupaning bahan/unsure dunya nu bisa di olah dimanipulate - dipacul dipelakan diteuasan di pupuk disaeur digali jrrd jrrd bahan/unsure nu di bias engginered/direkayasa bari loba kandunganana/eusina/potensina/faedahna. Matak dina harti jembarna hasil olahan uteuk make pakarang (peso pangot, pulpen, keyboard, touch screen, voice recognition, gerak mata motoric sensor) disebut karangan. Taneuh sabudeureun imah nu geus diolah (make pakarang) sakumaha kahayang nu boga imah disebutna pakarangan. Pulo leutik /taneuh ditengah sagara disebutna karang kambang. Wilayah dimana taneuh jeung hasil bumi sakabehna katut pangaweruh nu dihasilkeun ti ieu daerah bari dibarung kuhasil kaparigelan kaluhungan nu ngeusian/nu ngolahna nu ngajadikeun kamulyaan sabudeureunana disebut karang kamulyan (ayeuna ukur jadi situs) kongas nepika ayeuna aweuhan Sang Manarah luluhur Galuh di karang kamulyan teu sirna sirna manjang natrat apanjang apunjung. disebatna ge ku rahayat mah Prabu Ciung Wanara (Kujang anjeuna kujang ciung nu ngaraharjakeun ngarahayukeun (kerisna mah wanarabraja atawa sok disebut oge sarotama – kujang ciung beda bentuk/rupana jeung kujang nu dipake di kanekes dina mitembeyan tani).
---
Naha kujang dicepeng ku ieu ratu? Naha bet ciung?, kitu oge naha bet pakarang Sri Baduga bet ‘two in one’ keris jeung kujang ngahiji bari hasil yasana “ngadamel” leuweung tutupan jeung talaga rena mahawijaya –tingal carita parahyangan-nu bisa ‘ngaluarkeun’ 4 ‘lelembut’ udubasu Banaspati, Pulunggana, Surugana, tingali bag IV). ----
Ganggaman alat/pakarang andelan/penting nu dicekel/kacekel ku leungeun. Baheula kujang keris peso pangot nu beda di tiap relam/tangtu ayeuna mah bisa wae pestol, kuas, handphone, jam tangan, tablet PC jrrd.
Sang hyang siksa kanda ing karesian nyebutkeun:Sa(r)wa Iwir/a/ ning teuteupaan ma telu ganggaman palain. Ganggaman di sang prabu ma: pedang, abet, pamuk, golok, peso teundeut, keris. Raksasa pina/h/ka dewanya, ja paranti maehan sagala. Ganggaman sang wong tani ma: kujang, baliung, patik, kored, sadap. Detya pina/h/ka dewanya, ja paranti ngala kikicapeun iinumeun. Ganggamam sang pandita ma: kala katri, peso raut, peso dongdang, pangot, pakisi. Danawa pina/h/ka dewanya, ja itu paranti kumeureut sagala. Nya mana teluna ganggaman palain deui di sang prebu, di sang wong tani, di sang pandita.
Tina cutatan diluhur katingal yen, Tani mangrupakeun sagala usaha pakeun ngala dahareun jeung inumeun. Nu tangtu ayeuna mah usaha meunangkeun dahareun jeung inumeun lain dina widang agraris mungkul tapi bisa oge di bidang industri perdagangan jeung sakabeh usaha pakeun meunangkeun karahayuan karaharjaan cukup sandang pangan papan. Jadi nu nyieun lambang pamarentah provinsi jawa barat harita, bisa disebut ngartieun pisan/sasmita kana ‘kapasitas’ pamarentahan provinsi nu teu boga kakawasaan militer tapi leuwih kana ngaronjatkeun pangwangunan pakeun ngahontal karaharjaan karahayuan gemah ripah wibawa mukti matakna make symbol kujang nu jadi pakarang wong tani lain symbol keris dikaratuan atawa boga kakuatan militer/perang.
Leuwih na pakarang kujang, lain saukur beusi tempaan, sabab kamampuh luluhur sunda dina nyieuna teh lain saukur ‘ngabentuk’ beusi jadi hardware/alat mungkul -nu boga kamampuh aplikasi jeung boga nilai seni - tapi nambahan masieup mere ‘value addded’ kana eta barang ku jalan dibere program. Hal ieu teh ditunjukeun ku kecap “Detya pina/h/ka dewanya, ja paranti ngala kikicapeun iinumeun”.
Ari detya teh hartina lelembut mahluk nu teu kaciri ku mata teu kasat mata, tapi bisa mangaruhan jelema tempat imah wangunan tutuwuhan tatangkalan cai hawa dahareun iinumeun jeung lingkungan sabudeureunana (keris raksasa dewana –raksasa=buta/gede/tanaga rosa kuku ranggoas seukeut/kasat mata- sabab keur maehan). Hal nu teu kasat mata ieu ulah dihartikeun jurig siluman sileman mungkul tapi virus bakteri sasalad hama unsure hara kelembaban ‘ketenangan’ gawe, rasa aman migawe, karesep katemen migawe, pamor/kualitas hasil tani jrrd jrrd hal hal ‘gaib/teu kasat mata’ tapi aya pangaruhna kana hasilna / kahontal henteuna karaharjaan karahayuan jelema.
Proses nyieuna ge lain mistis tapi, hiji pagawean temen rumit enya enya bari kudu kuru cileuh kentel peujit timimiti: milih bahan; mere tambahan bahan/ramuan lamun rek nyieun model ciung, bangkong, kuntul jrrd; teknik nempana; bahan naon salian ti cai/getih sato keur nyimpen trigger supaya lelembutan nu nyieun bisa metakeun ngamanipulate ngontrol lelembut lelembut nu dimaksud; kumaha nyieun sort cut link jeung lelembut lelembut, kumaha nyieun ‘template’ ameh engke nu rek makena bisa nambahan nyocokeun ‘personalised’ jeung nu makena –karakter wewedalan ngaran naktu nenet jrrd jrrd- kumaha maintenancena lamun salah make kumaha nyipuhna kumaha nyieun security lock lamun dipake ku nu lain haqna; Rajah naon nu dipake supaya pamorna enya matih mancur angger; keur dirampa naon triggerna, keur disalusur naon wae nu di scanna, keur dijadikeun ganggaman naon ajina, kudu naon wae nu make engke ameh lelembutanana bisa make eta software kujang; raga kasarna make hardwarena ameh bareng itikad jeung peta/usikna ameh metu matih aya hasilna jrrd jrrd jrrd jrrd
Wah siah bener ieu teh lain ngawadul mungkul? Kumaha bisana nyusud teknik proven baheula di jaman ayeuna? Naha bisa aya rupa rupa kujangna? Kumaha bisa nyebut lain mistis tapi hiji ulikan established ngeunaan lingkungan? Naon gunana keur urang ayeuna eta kamampuh??? Naha aya kajadian bisa kujang dicekel ku Ratu? Naha bet ayeuna malah kujang (hardwarena) bisa dibere software pamor diluar widang karaharjaan karahayuan?? Naha bet ayeuna aya nu teu boga hardwarena tapi bisa softwarena??
Dina
nyieun kujang, nempa ngabentuk rupa/wujud jeung mere software
‘default’ katut mere lologkrang supaya bisa ‘personalised’
saluyu jeung pamake katut lingkunganana, pakeun neangan kadaharan
jeung iinumeun saperti nu geus dicaritakeun di bagian samemehna (Bag
I) kujang boh dina rupa/hardware/wujudna, boh kagunaan
specifikna, boh kelas pamor oge nu make/nu nyekelna jadi warna warna
rupa rupa tingkat tingkat.
Keur
somah /jalma biasa mah, lain lulugu/kapala kelompok/kokolot atawa
nanggananna, lolobana ukur mangrupa pakarang nu jadi ‘short-cut’
atawa ‘linked’ ka pakarang lain nu jadi sumberna nu biasana
dicekel ku kelas strata nu leuwih luhur. Nepikeun ka kujang kujang nu
dicekel/ ganggamana somah mah ukur biasa wae kumaha jentul
hardwarena. Karek bijil pamor teh lamun di trigger ku software
mangrupa jangjawokan atawa rajah nu dipakena memeh gawe atawa keur
gawe. Ciri kecap kecap Rajah/jangjawokana make ‘referens’
heula/teu langsung ‘direct command’ kayaning ‘ka hyang
/embah anu….. nu ngawasa detya anu… muga muga anu teh sing anu’-
atawa ukur dibarengkeun/di linked ku kujang luluguna.
Sedengkeun
Kujang lulugu dina nyieun, nyimpen, make jeung ngaropeana leuwih
‘sophisticated’. Tara sagawayah dibijilkeun komo diabar abar mah,
ukur dipake dina: Mitembeyan/ngamimitian atawa dina ngontrol
lamun aya hal hal teu saluyu jeung nu diharepkeun, misalna aya
hama, bagong ka kebon atawa aya kacilakaan dina keur migawe-, atawa
dina nganggeuskeun/panen/nganuhunkeun /syukuran hasil tani
jeung tahap evaluasi keur aktivitas satuluyna. Kekecapan/ basa
programming dina AJI-na sifatna direct ‘si anu teh kudu jadi dat
anu, atawa ieu/eta teh “anu” matakna kudu anu’ teu rea
sanduk sanduk nga’link’ kana/ tara loba macakeun mariksakeun
“reference” kayaning nyebut nyebut luluhur ti ditu luluhur
tidieu nu jadi ‘source code’na, tara sab beda kelas.
Cara
nyieun pamor/software siga nu ‘nyiksa sato’, dumeh salah sahijina
diala getihna keur kapentingan jelema. Tapi justru kaluhunganana teh
sab dina hiji daerah teu kudu tiap nu tani boga kujang nu dibere
pamor, teu kudu hii kujang hiji sato tiap wong tani. Hiji atawa dua
kujang -kujang lulugu/pimpinan - bisa dipake keur wilayah nu
lega/kaperluan bala rea-kelompokna. Matak ahirna teu kabeh kujang nu
kapanggih aya pamor/maunat/program/softwarena.
Tuluy
lamun kujang somah dijieun sacara ‘pabrikan’ dina jumlah nu rea
nu oge leuwih ngagedekeun kualitas hardware keur ngadekna, kujang
kujang lulugu mah dijieun dumasar ‘pesenan’ leuwih ‘personalised’
hardwarena dihade hade nepikeun ka siga leuwih kaciri nilai ‘art’
jeun gpamor aweuhana katimbang guna keur ngadekna – komo beuki lila
mah ukur kaciri ‘pernah’ seukeut mungkul. Kujang lulugu
kadieunakeun jadi kujang pusaka sab saeutik bari hese nyieuna, bisa
disebut teu bisa ditiron ukur dijieun replica, tapi masih keneh aya
gunana keur nu bisa metakeunana, tungtungna dipupusti dirawat enya
enya.
III.
GUNA RUPA RUPA KUJANG
Di
taun 1862 keur sunda diajah walanda, Jonathan Rigg bule inggris
nu ngaku nyieun dictionary “meunang guguru ti gunung meunang
diajar ti guriang”,
paling henteu saperti pangakuanana kalolobaanana hasil kaluhungan/pangaweruh/yasana Demang Jasinga Raden Nata Wireja sareng juru Pantun Ki Gembang ti Bogor nu ngabantuanana, netelakeun yen Kujang teh mangrupa “a variety of chopper iron with crooked blade”. Kujang sakumpulan rupaning beusi-beusi pangadek/pemotong bari ciri cirina sisina/bilah peso na teu lempeng/sudat sedot, ari chopper biasana dipake dina aktifitas ngolah dahareun jeung iinumeun-Tani. ’liku liku’na beda jeung keris, sabab Keris mah disebut Rigg sajenis senjata di militer/perang (weapon) kawas peso balati nu geus umum di Indonesia nu dipake pakeun tangtu ratu “the well known malay weapon or dagger of this name”.
paling henteu saperti pangakuanana kalolobaanana hasil kaluhungan/pangaweruh/yasana Demang Jasinga Raden Nata Wireja sareng juru Pantun Ki Gembang ti Bogor nu ngabantuanana, netelakeun yen Kujang teh mangrupa “a variety of chopper iron with crooked blade”. Kujang sakumpulan rupaning beusi-beusi pangadek/pemotong bari ciri cirina sisina/bilah peso na teu lempeng/sudat sedot, ari chopper biasana dipake dina aktifitas ngolah dahareun jeung iinumeun-Tani. ’liku liku’na beda jeung keris, sabab Keris mah disebut Rigg sajenis senjata di militer/perang (weapon) kawas peso balati nu geus umum di Indonesia nu dipake pakeun tangtu ratu “the well known malay weapon or dagger of this name”.
Sanggeus
sunda saukur jadi provinsi, Team LBSS lembaga basa jeung sastra
sunda (kamus umum basa sunda 1969 -1975) nyatet yen Kujang teh
mangrupa pakarang urang sunda nu bisa dipake
ngadek/motong jeung bisa dipake newek /meuncit/nubles
nu saluyu jeung kaperluan aktifitas kaum Tani. Sedengkeun Keris
pakarang nu bisa dipake nubles mungkul. Team encyclopedia Sunda
(2000) nyebutkeun yen kujang nurutkeun bahana aya nu
dijadikeun kujang pusaka aya nu ukur alat keur tani.
Guna
specific atawa dipakena sababaraha jenis/rupa kujang lulugu
/‘pesenan’/pusaka saperti diantarana kujang ciung, kujang
kuntul/bango, kujang bangkong jeung kujang badak urang tepikeun
dihandap ieu:
KUJANG
CIUNG
Kujang
ciung pakarang nu dipake keur
‘ngamanage’/ngaheuyeuk/ngolah leuweung katut sabudeureunana:
lamun rek asup ka leuweung, neangan dahareun iinumeun tileuweung
kaasup miara/ngala kai kai jeung tutuwuhan leweung, sirah cai,
walungan, curug, pasir jeung pangeusina kayaning sato boroeun
soto ingueun sato ingkahaneun katut pangaruh Detya-na jrrd
(harti/maksud Detya tingali bag I) .
Ciung
teh ngaran manuk leuweung nu lain sabangsaning eagle, falcon, garuda,
dadali, heulang nu neangan mangsana ngandelkeun ‘high speed’ ti
jarak jauh- nepikeun ka kudu luhur hiber ngawang ngawang/luhur
ngajaul lir ka panonpoe/neangan caang panonpoe. Tapi manuk anu
membumi nu neangan kadaharan ti tangkal ka tangkal ti rungkun ka
rungkun dileuweung tara hiber luhur kasaksi ku jelema ngajaul ka
awang awing, loba kapanggih kujelema ge lain hiberna/wujudna heula
tapi SORAna diantara rembetna tatangkalan leubeutna dadaunan. Jadi
lamun ngahartikeun ciung sarua jeung caang nu disambungkeun ibarat
manuk nu hiber nuju ka panon poe eta mangrupa imaginasi nu “ngawang
ngawang”.
Ayana
manuk ciung di leweung, nu gampang katingali indikatorna ku sora-na,
nunjukkeun kaayaan leuweung nu masih rembet rungkun rungkuna rea
kakaian daerahna subur keneh nu mere gambaran loba pangeusina loba
alaeun loba olaheun. Tuluyna tangtu geus pada nyaho, lamun leuweungna
subur/alus keneh tangtu daerah sabudeueruenana moal susah, moal
banjir moal kakurangan cai, taneuh moal urug, hawa alus, taneuhna
subur, tuluy daerah tani sabudeureunana sawah sawah kebon kebon ingon
ingon lembur lembur moal susah hirup jrrd jrrd jrrd nu pangaruh
dina leuwih jembarna ngaraharjakeun ngarahayukeun dayeuh dayeuh
sakuliah nagara agraris.
Eta
sababna kujang rupa ciung sok dijadikeun kujang lulugu/pusaka dina
level nu leuwih luhur sab trigger ka leuweung teh bisa nerekab
aweuhanana ka sakuliah nagara aweuhanana jadi nunjukeun kawilayahan
-kasebut ukur menak menak baheula nu make/nu nyekelna tara somah
–ukur turunan menak mah can tangtu, najan loba nu agul kupayung
butut.
Lelembutan
ciung/getihna sok dipake jadi salah sahiji aweuhan pakeun
nyimpeun pamor/program pakeun ngamanage detya-detya leweung
(maksud detya tingali bag I) nu engke dina hardwarena jadi trigger
metakeun pakarang ngauban ngokolakeun leuweung jeung sabudeureunana
-kaasup metakeun papagon neangan kadaharan jeung iinumeun ti/di
leuweung. Nu nyekelna/ nu bisa/weruh kana ngagunakeun
software/hardwarena sok tara loba ukur lulugu menak-na – sakabeh
detya nu 4 aya kaasup nu di manage dina rajahna- ngalatih
softwarena ge sok kucara saba/numpi/napaan leweung/gunung.
Ari
somah mah ukur nyahona, misalna wae, lamun kaleuweung ulah nyebut
maung tapi si belang atawa kerod- nga program yen nu bijil lain sifat
carnivore-na tapi ukur ngajorelat belangna/kerodna, lamun ka bagong
kudu nurut ka detya anu –ulah asal tubruk ulah asal ngaranjah,
lamun ka sirah cai kudu neangan huripna, mencegerna, asihanana,
kajayaanana lamun nyadap kudu nga trigger heula si anu nu ti anu lain
asal cokot/salah nempatkeun pangalana, jrrd jrrd jrrd pecahan
aweuhan rajah aji/software nu masieup kujang ciung. Dijieuna ge enya
enya ‘limited edition’ hardwarena ditempa dipasieup dihade hade.
KUJANG
KUNTUL/BANGO
Aya
dipake didaerah leuwi, situ, muara keur ngala sabangsaning nu
kapanggih di cai. Kuntul/bango hiji mahluk nu daek geten nungguan
kadang kaciri sok ajeg bari jengke lila nangtung ngadodoho
mangsa/alaleun, oge jadi ciri lamun leuwi/situ masih keneh aya eta
manuk hartina aya keneh dahareunana/aya keneh inumeunanna, ari
dahareun kuntul/bango nya dahareun/iinumeun jelema oge. Jadi
lelembutan bango dipake nga trigger aya henteuna boroeun/alaeun
sakaligus kasalametan dina ngara lauk jeung tatanen deukeut
muara/leuwi/situ.
Contona,
didaerah nu kaliwatan walungan citanduy ciamis ti mimiti padaherang
emplak kalipucang tunggilis nepikeun ka muara di laut kidul nu
sok remen caah lamun usum hujan. Kokolot/lulugu lembur nu kawaris
ulikan tuturunan aya keneh nu metakeun software make kujang rupa
kuntul/bango..makena ukur ditancebkeun kana taneuh terus maca
rajahna memeh ararindit ngala lauk jeung melak/ngala
tatanen/palawija jeung neang sawah. Rajahna ngatrigger salah
sahiji detya ‘anu’ nu aya hubungana jeung nu sok ngalalodok
taneuh. Cenah ge, lamun caah buaya ge sok ‘kasered’ ka daerah
tani atawa di leuwi saru teu kaciri. Salah sahiji kecap pecahan
rajahna nyebut buaya ukur catang – malah aya nu pantang nyebut
buaya tapi cukup nyebut catang. Nu maksudna lain saukur
kapamalian/katahayulan tapi nga ‘manage’ yen lamun
pasanggrok/deukeut ka jelema nu bijil lain sifat cannibal buayana
tapi sipat keur pasifna nu kawas catang ngambang dileuwi.
Arang
kacaritakeun dina ngala dahareun inumeun teh dimangsa buaya. Ngan
lamun palebah aya kasus nu dihakan buaya, kaws kajadian taunan
katukang, nu dipake lain kujang, tapi keris. Kerisna ukur
dideukeutkeun kana baju nu dihakan buayana dibaca rajah wewesen,
henteu leuwih ti tilu poe eta buaya geus kapanggih tuluy ditalikung
dibawa ka kokolot. Lamun buaya eta kaciri cimataan (air mata buaya)
sok dicokot/dipelesan loba gunana. Eta buaya tuluyna mah dipaehan
sabab ‘kaduhung pura pura’–geus nyaho/diprogramm software
kujang tapi angger daek ngahakan jelema nu hartina instinct
buayana geus ‘defected’ file na geus corrupted geus
teu kakontrol ku rajah kujang, dipaehan sab bisi ngabahayakeun ka nu
lainna. Tapi lamun euweuh cimataan sok disaliksik bisi nu salahna
jelemana, misalna wae ngalanggar wilayahna, nya sok dileupaskeun
deui.
KUJANG
BANGKONG
Kujang
bangkong keur di daerah tani –sawah kulah empang kebon jrrd. Lamun
aya keneh bangkong –bisa hirup di dua alam- cirining masih
bisa diolah masih keneh bisa produktif aya hakaneun. Bangkong sering
nu jadi pangheulana ngeusian cai nu ku sato lain encan/tara –
mun urang boga ‘swimming pool’ di imah tangtu sering manggihan
najan cai kukaporit/uyah sato lain teu bisa aya – bangkong mah
kadang sok kapanggih ti peuting bijl ti liangna ngadon
ngojay/kawin. Dina nyalindung lamun detya ngabahayakeuna bangkong
bisa cicing dina liangna bulan bulan. Nya pakeun ngolah eta dipake
lelembutan bangkong katut rajah-rajah keur detyana dina ngontrol
ngamanagena.
Kabiasaan
tani ieu sok dipake nyindiran barudak nu hayang diajar kapribadian;
yen manehna teh bisa kaasup kana alam bangkong nu dikongkorong
kujang, ka cai mamawa pecut lain useup atawa kecrik jst ari sab
nu bener mah kujang nu sapopoe mawa aweuhan/ngatur bangkong -
lain bangkong nu ragag rigig –padahal- dikongkorong kujang. Tangtu
bakal hese kahartina ku barudak sunda ayeuna nu cicing di
kota/di kobong bari teu apal kabiasaan tani make kujang
bangkong.
Didaerah
Subang teu jauh ti Ciater, aya tempat leuwih ti 5 ha-an nu jadi
laboratorium sakaligus tempat produksi perusahaan pupuk organic,
pambasmi hama daun jeung bahan bahan pertanian laina, nu gaduhna
alumni angkatan ka-1 pertanian UNPAD. Ditempat produksi eta ngahaja
nyieun ruangan husus nu teu meunang sagawayah diasupan batur/tamu nu
eusina pakarang pakarang nu saurna kapanggih tidinya waktu meuli eta
tanah - diantarana kujang bangkong. Nurutkeun anjeuna, ide ide
formula pupuk/pembasmi hama tanaman teh kapanggih ku
‘mixed’ antara pangaweruh akademis jeung –lolobana-
kawijaksanaan/data base ti luluhur. Hiji waktu memeh indit ngilu
pameran dina konferensi internasional ngeunaan sustainable
development di bali ngawakilan Jawa barat-aya pangrojong ti Bappeda-
eta pakarang dibijilkeun, cara metakeunana katunjukkeun: hardwarena
ukur di tanclebkeun kana taneuh bari metakeun rajah nu jadi
softwarena. Nepikeun ka ayeuna parijkianana dina pupuk – mun
teu salah geus oge diteraskeun ku putrana- pusakana di pupusti
pisan. Saurna, asalna mah produksina berskala nasional sabab
kerjasama jeung pihak lain, tapi kusabab kudu mikeun rasiah
formulana ka pihak partner leuwih milih usaha/modal mandiri.
KUJANG
BADAK
Kujang
badak keur ‘ngamimitian’ ngala bahan bahan tambang/galian sab
daya hirupna mandiri di leuwung dina leutak, daya hirup dina getihna
nu sok dipake nyimpen program lelembutan supaya lamun dipetakeun bisa
nguatan sumanget, daya tahan kasabaran nu gawena najan lila
meunangna, bisa naratas jalana jrrd jrrd.
Contona,
kapanggih dina usaha pengeboran air. Sanajan lamun memeh ngebor make
mesin ngandelkeun survey geo listrik keur nganyahokeun aquiferna,
tapi supaya milih tempat nu dihandapna euweuh batu batu gede sok
ditaratas make kamampuh software nu aya dina kujang badak – nu
gaduhna nyebutna basajan pisan “ah ieu mah mung babadakan” –
bari tara diabar abar dibawa bawa cukup diimah di pake mimitina -
dilapangan ukur diitung itung ku awi nu cenah ngawakilan babadakan.
Teknologi ieu gede mangfaatna pakeun ngahemat biaya operasional, teu
kudu minggu minggu ukur maju sababaraha centi ngabolongan batu –
tara nenggel di batu nu gede gede.
Jadi
ceuk saha Kujang –utamana software na- geus tara dipake atawa teu
boga kamampuh applikatif? Najan memang, saperti nu ditepikeun di bag
I, beuki kadieu geus jarang kapanggih atawa dipikawanoh ku loba loba
jalma kusabab kamajauan teknologi, pangaruh budaya deungeun,
pamahaman sempit ngeunaan agama, jeung euweuhna agent agent nu bisa
jeung daek jadi ahli waris dina ‘passing over’ atawa ‘transfer
knwoledge’.
IV.
NAHA AYA DINA REALM RATU/ KUJANG BET BISA DICEKEL KU RATU?
Dina
metakeun software/hardwarena referensi nu sok disebut sebut/kudu wae
ditanggarakaeunt kutiap aji software kujang pusaka luluhur nu aya di
realm/tangtu -nu pokona/nu jadi mandahna- Ratu nyaeta Sang Siliwangi
ti Pajajaran jeung ka luluhur Galuh Sang Manarah/ Prabu Ciung Wanara.
Disebut bari disuhunkeun kamatihan kamampuhanana memehna salaku
karumasaan/nganuhunkeun yen nu ayeuna mah ukur make ukur neruskeun
hasil kamotekaranana. ieu ge kabiasaan etis jalma akademis ayeuna mun
nganepikeun langsung pamanggih batur kudu wae nyebutkeun meunang
tisaha/timana nyutat referensina.
Tapi,
lain hartina kujang geus jadi pakarang perang ganggaman karatuan dina
harti Kujang dijadikeun pakarang perang ngaganti/sarua jeung keris.
Saperti
nu ditulskeun di bag I, kaayeunakeun kujang loba kacaritakeun/asup
kana ranah/realm/tangtu Ratu sab jadi pakarang/genggaman Sri Baduga
Maharaja (dipercaya ku masyarakat sunda salah saurang) Siliwangi
nu mashur. Kongas pakarang Siliwangi mah ‘two in one’ rupa kujang
jeung keris ngahiji aya kaciri jelas/mangrupa dina ganggaman. Bisa
kitu the sabab ieu Ratu dina karirna bisa ngaheuyeuk lain saukur hal
hal perang/kemanan pertahanan, tapi mampuh oge ngahontal
karaharjan/karahayuan kawas kacaritakeun bisa nyieun talaga,
nempatkeun daerah salaku fungsina -misalna daerah kawikuan, ngatur
leuweung, nagara kacaritakun gemah ripah subur makmur kerta nu ahirna
sok jadi harepan sakabeh sunda supaya pinarengan manggih jaman siga
jaman siliwangi/pajajaran baheula (loba kacatet dina prasasti jeung
ditambah ku carita carita pantun). Nu neraskeunana mah, dintarana,
Sang Surawisesa/Prabu Guru Gantangan teu kawartikeun pakarangna
kujang sabab salila karirna perang mungkul. “inya nu surup ka
Padarén, kasuran, kadiran,kuwamén…..Prangrang limawelas kali
hanteu éléh, ngalakukeun bala sariwu…..Ti inya nu pulang ka
Pakwan deui. hanteu nu nahunan deui, panteg hanca di bwana” (carita
parahyangan).
Samemehna,
mun teu kasebut mimitina, …….
Kujang
jadi ganggaman Ratu lainna nu teu kasebut Siliwangi, ayana
di/kagenggem ku luluhur agung ti Galuh nyatana Sang
Manarah Prabu Ciung Wanara pakarangna aya/mangrupa kujang Ciung
-salian ti Kerisna WanaraBraja/sarotama –software kujang ciung kudu
wae nga refer ka ieu luluhur.
Nu
jadi sababna ieu oge lain Kujang jadi pakarang perang Sang
Manarah tapi saperti nu geus pada nyaho timimiti Sang Wreti Kandayun
nyusun purbatisti purbajati nepikeun ka Sang Manarah - 4
generasi- Galuh-sunda teh aya dina perang/pacengkadan boh fisik boh
auban –Rahyang Sempak Waja, Rahyang Mandi MInyak, Sang Purbasora,
Sang Sena, Rahyang Sanjaya, Sang Permana dikusumah, Sang Tamperan,
Sang Rahyang Banga, Sang Manarah - nepikeun ka Sang Manarah
meunangkeunana karatuan Galuh teh ngaliwatan Perang. Tapi sanggeus
anjeuna jadi ratu nyepeng kakawasaan mah nagara bisa aman tingtrim
euweuh pacengkadan militer malah kasebut jadi Ratu Jawa nu bisa
ngaheuyeuk salila 80 tahun bari dibere ‘salutation’ panghurmat
Rampes dina Agama. Carita parahyangan nyatetkeun “Sang
Manarah adeg ratu di Jawa pawwatan….lawasniya adeg ratu
dalapanpuluh tahun, kena rampés na agama” hartina alus hasil
ngajalankeun agama purba tisti purba jati -kaasup nanjeurkeun kaidah
tri tangtu nu hiji targetna ngahontal ningkatkeun karaharjaan
karahayuan realm Rama, tapak nage bukti natrat nepi ka ayeuna kongas
Karang Kamulyan –kamulyaan keur seuweu siwi.
Matak
Lamun, ngira ngira kecap ciung wanara -sabab aya kujang nu rupana
kawas ciung -jadi boga harti “manusia yang mengetahui segala hal”,
nyokot harti ciung sarua jeung caang /pencerahan, wanara diwancah
jadi weruh sadurung winarah mangrupakeun imaginasi kirata
mungkul. Sabab kahiji, manusia nu nyaho sagala hal mah dina
kanyatana euweuh. Kaduana, manuk ciung lain sabangsaning nu
neangan mangsana ngandelkeun ‘high speed’ ti jarak jauh- nepikeun
ka kudu luhur hiber ngawang ngawang/luhur ngajaul (lir) ka
panonpoe/neangan caang panonpoe tapi indicator subur/henteuna
leuweung t(ingal bag kujang ciung) jeung ari Wanara teh monyet gede
nu jadi ngalambangkeun kagagahan kasaktian pamuk (kerisna
wanarabraja-sarotama). Kumaha kuatna wanara sok dicaritakeun
gening dina Ramayana (atawa carita sun go kong). Dina silat ge aya
ulin pamonyet nu can tangtu eleh tina pamacan nusok disebut raja
leweung (kumaha skill nu ngawasana). Nu bisa katengetan enya sacara
visual, dina you tube, aya monyet leutik nu ngaheureuyan maung ku
cara ngajeweran ceulina sababaraha kali bari ngagantung dina tangkal
nu dipelendoy pelendoykeun nepikeun ka maungna teu bisa kukumaha
salilan ti nyumput dina tangkal.
Gelar
rahayat Ka Sang Manarah jadi Ciung Wanara, Ciung sab bisa
ngaraharjakeun ngarahayukeun nagara jeung pangeusina (tingal manuk
ciung jeung kasuburan leuweung-nagara), Wanara sab cocok jeung
kamampuh kadigjayaan kaperkasaan anjeuna ngarebut kakawasaan
ngaliwatan perang jeung nganggeuskeun ‘peperangan gede’
salila 4 generasi nu teu anggeus anggeus –salah sahiji ‘lawanna’
the pan Rahyang Sanjaya nu ngawasa Nusantara harita – Anjeuna malah
tuluy mampuh ngaheuyeuk nagara salila 80 tahun.
Cekel
delegna, Kujang dicekel ku Ratu lain kujang jadi pakarang nu gunana
robah dipake keur maehan jelema di realm Ratu –boga falsafah yuda
nagara jst jst jst -kawas atawa ngaganti Keris/gobang, tapi sabab aya
Ratu-Ratu nu mampuh ngokolakeun ngamajukeun LANGSUNG realm Rama nepi
ka hasilna nagara aman kerta raharja subur makmur teu kurang dahareun
iinumeun nya nyekel pakarangna langsung.
NAHA
RATU TEU DITAMBAHAN PAKARANG TANGTU RESI, NU SOK AYEUNA DIKIRA KIRA
TINA KUJANG BOGA FALSAFAH PINANDITA/KARESIAN?
Dijaman
pajajaran baheula karir jadi Resi mah sanggeus Ratu ‘pangsiun’
atawa milih Resi teu jadi Ratu heula najan boga hak – misalna
Rahyang Sempak Waja milih jadi batara dangyiang guru atawa
Panglurah Rakana Ratu Simbar Kancana ti saunggalah milih jadi
pandita.
Jadi
lamun satria pinandita mah atuh pakarangna lain kujang keris tapi
kudu keris-peso pangot. Lain hartina sunda teu boga ajaran satria
pinandita tapi ieu mah ngeunaan hal husus – ngeunaan pakarang jalma
jalma di realm rama nu falsafahna di sunda geus established. falsafah
satria pinandita mah di ajarkeun make ‘media’ lain deui –da
loba lain ukur kujang.
Tapi,
kadieunakeun Konsep satria pinandita, kanagaraan jrrd jrrd nu
dijadikeun nempel kana kujang sabab ayana pangaruh Islam jeung jawa.
Cutatan dihandap ieu bisa jadi bahan iloeun:
“…Ganjaran
nu belapati, satria santosa iman, Raden teu burung dileler, jimat
kujang nu utama, pikeun neruskeun lampah, pangjurung ngapung ka
manggung, pamuka lawang ka Sunan. Cangkingan lalaki langit,
wangkingan lalanang jagat, wewesen leber wawanen, saratna sapira
kujang nanging jadi lantaran, Sunan Ambu mikayungyun, para jawara
ngaraksa. Kujang teh dipake ciri, pusaka Tanah Pasundan, ciciren gede
wewesen, pantang lumpat ngandar jangjang, ngeok eleh ku bikang, saur
galur nu cacatur, kujang dua pangadekna…”
Harti
kujang dua pangadekna –nu geus jadi galur nu kacatur tibabaheula
memeh ieu wawacan aya, kunu nulis wawacan disusur susur kana
sifat ksatria -lain wong tani- nu hade laku gede wewesen oge
kapanditaan nu jadi pamuka lawang ka sunan bari memehna di
referensikeun kana Islam (iman). Kapan ari budaya islam arab nu hirup
di sagara keusik mah moal apal moal boga pangaweruh nu leubeut
ngeunaan dunya agraris di sunda, ‘glosary’ kecap tani jeung
pakarangna ge moal sarua. Jadi tangtu ngarahkeuna falsafah tina
pakarang luhung sunda nu geus aya kana hal hal katauhidan, kasolehan,
kaimanan, sinatria –salaku sajumlah nilai jual/kaleuwihan islam
nu matak islam jadi payu di sunda. Bisa jadi bijil tina kasasmitaan
jeung niat hade mere pepeling ageman nyambungkeun kana barang pusaka
tuturunan, tapi jadi ngarobah – nu dina sisi gorengna sakaligus
nutup-maehan-mengkolkeun - eksistensi kaluhungan/pamahaman
kamotekaran budaya ngeunaan guna/fungsi kujang wong tani realm rama
di sunda nu pernah heubeul aya. Padahal,
ajaran/kamampuh/falsafah neangan dahareun jeung iinumeun keur
karaharjaan the crucial pisan keur sunda ayeuna –jeung kahareup.
Kamulyaan hirup hurip lain saukur ngagegedekeun kapanditaan jeung
jadi satria tapi bari henteu teu boga sandang pangan harta banda.
Sanggeus
kujang jarang/teu dipake /dipikawanoh, hardwarena tara dipake deui,
upaya neangan filsofina nu geus loba robah/nambah kapangaruhan ku
Islam nu ditambahan kalawan sumanget hayang make cara ‘sunda’ oge
sok malah jadi ‘blunder’. Misalna, ngahartikeun kujang nu boga
nilai filosofis ‘rupa rupa’ dicokot tina huruf KA JA NGA
hanacaraka, ‘blunder’ sabab sigana teu apaleun/pohoeun yen
tulisan hanacaraka nu sok disebut tulisan cacarakan the tulisan jaw
lain tulisan sunda nu aya dina naskah naskah sunda kuna jeung
prasasti prasasti sunda. Jadi tangtu ahirna teu nyunda sab
ngahartikeun sunda make jawa (pikiran jawa). Hayang nyunda lain deui
lain deui. Cacarakan nerekab diasupkeun jadi bahan ajaran ka sakola
sunda “Handleiding voorAanleren van het Soendaneesch
Letterschrift” ku walanda - G.J. Grashuis tahun 1860.
V.
KUMAHA MAKENA KEUR URANG AYEUNA???
Kumaha
cara manggihan kujang nu masih keneh software/hardwarena dipake dina
tani nulaina Kumaha bisana nyusud teknik proven baheula di jaman
ayeuna? Naha bet ayeuna malah kujang (hardwarena) bisa dibere
software pamor diluar widang karaharjaan karahayuan?? Naha bet ayeuna
aya nu teu boga hardwarena tapi bisa softwarena?? Kumaha makena meh
bisa jadi salah sahiji kaarifan lokal unggulan sunda nu bisa ‘berdaya
saing’ dipake di sunda?
cag....
(dicutat tina seratan eddy nugraha)