Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

kabagjaan

Naun cenah kabagjaan / kabahgiaan teh ?

Tangtu ungal jalma boga definisi masing2 kana eta ucapan bagja/bahagia
jiga kecap kabagjaan hirup.

Teu sadarrrrrrrr
urang teu sadar sagede naon kabagjaan nu pernah urang tarima ti gusti Alloh.
ungal usik bati humandeuar jeung ngarahuh.
loba nu mepende hate marake nu ngaran agama. atawa pituah2 nu lian.
beuh.......
moal nerap , cadu lah.
kuring mah ngadefinisikeun kabagjaan teh , saperti suasana hate nu normal(sabenerna), sangeus bisa ngaliwatan hiji bangbaluh.
lain ku loba duit?
bisa........ loba jalma nu bagja mun loba duit.
lain awak sehat?
heuh bener ceuk jalma nu gering mah.

caduk, caduk caduk
kabagjaan mah lain dijentrekeun ku pikiran batur.
saestuna aya dina otak sorangan. tong dipalire penilaian batur.
jalma ngarasa kasiksa batina mun teu bisa punjul ti batur.
eta sipat alamiah.
mun jalma ngarasa naon nu pernah karandapan ngan ukur bagian tina kahirupan,
barijeung terus ikhtiar kana widang na, eta jalma bisa ngasaan bagjana hirup.
bagja aing ngasaan kahirupan ieu jeung sagala rupa warna kahirupan.
kasedih kabungah kakeuheul hanjakal jeung sajabana,
ah etamah bagian tina hirup,
jalani we lah, ke ge bakalan paeh ieuh, moal hirup salawasna.
tong pohara teuing kahayang, bisi teu kalakonan
kahayang mah hiji we ah
jadi jalma nu bagja/bahagia.
amien ya alloh. Share