Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

emosi yeuh





poe ieu loba pi emosieun yeuh , kuring meunang fordward sms deui ti pamajikan, eta eusina sms si mamang bet nyarekan pamajikan aing bahasana nganyerikeun hate pisan. ku kuring si mamang di sms bertubi tubi tuluy di telpon, eh manehna ngomong rek putus hubungan. ceuk aing ok lamun hayangna kitu, ari ges giliran ngeunahna hayang putus hubungan teu cara keur susah. keun we lah ges kitu adatna aing ngarti, tapi lamun berurusan jeung aing moal bisa kitu wae , tong harap bisa beres nepika dinya. ngan untung na manehna menta dihampura. teu masalah da memang manehna nu neangan masalah ka aing. memang mun dilayanan sarua gelona. tapi aing kudu melindungi keluarga iang, gimana pun carana mun aya nu menghina pamajikan sarua jeung ngahina aing. pan moto aing 'orang yang mencintai keluarganya lebih dari mencintai dirinya sendiri, ( keren oge tah)
poe ieu aing aya oge sms an jeung mang didin(bi eli), aya oge nelphon ka bapa pandi ,manehna keur di cikembar cenah, ker gajian meren, kuring nenya kabar bapa+ema, jeung menta pidu'a ti maranehna.
Share
isux isux ngaing geus nyaring, awak asa pasiksak, maklum kamari tos ngadorong pc 3 palet ku duaan. sanggeus mandi kuring terus ngesian desel 1drum bari jeung hararese kusorangan.
aya beja ti pamajikan ' simamang ngambek masalah manehna transfer duit ka rek pamajikan sayah, terus hayang dicandak poe senen, kuring sorangan can gajian euy, sedangkan saldo di bca kurang ti 3,5 juta mah teu bisa cicokot ku buku, pamajikan jadi bingung, kecuali transferna liwat ti tilu juta ya bisa diambil gitu. eta ge bisa tapi urang sarua jeung tutup rekening.
ah keun wae lah, eta urusan maranehna, soalna ATM na dibawa ku aing didieu. Share

Yayang ngupahan

Poe kamari kuring curhat (tapi lain curuk jahat >> curahin hati ) ka nu jadi bojo, intinamah kuring nepsong pisan ka eta jelema nu ngaran awu, hate jahat aing mah hayang ngalebok wae eta jelema. atawa didoa keun tabrakan tuluy cacat atawa pengkor ( punten ah )
Pamajikan tuluy ngupahan , memang urang kudu rada sabarayeuna ayeuna mah posisi keur tidak menguntungkan urang nya bu,
aing kesel oge ayeuna geus tanggal 2 tapi can gajian keneh, manehna ge can ngomong nanaon , ari ceuk si MB (muka Babi) mah Bos masih aya di luar negri, ah paduli bos aya dimana ge kuring mah butuh duitna lain jelema na.
kadang didieu kuring sok sedih, taya batur pakumaha, teu bisa curhat, jeung rada hanjakal saeutik, jiga babasaan moro julang ngaleupaskeun peusing. memang gaji 1000$ limayan gede pikeun aing tapi resikona asa leuwih gede yeuh , jeuh jauh lewih cape.
mun di KV (karyamas) mah pagawean unggal poe ukur nyo'o komputer (ngan mun hayang online sok susulumputan bari jeung sok ngabates jam online, tapi didieu mah cape na 3X lipet, geus kitu dicarekan teupupuguh karena misunderstand wungkul eta teh komo mun bener2 aing ngalakukeun salah.
hanjakalna aing loba hutang dilembur gara2 krudat kridit, tah jadi kieu geuning jaba budah keur mejeuhna loba kahayang. Ah mudah2han aing bisa sabar, niatna oge rek ibadah nyiar rejeki insya Allah berjuang sakuat tanaga. Share