sanes kuring cangcaya kagusti
paralun ampun sanes kuring teu tiasa narima papasten gusti
ming saukur paneda kuring ya gusti,
mugia enggal2 cabut deui panyawat pun anak
asalna ti gusti, nya gusti oge nu tiasa nyandakna.
hapunten kuring ya gusti
jadi sepuh anu tambelar
jadi bapa nu teu walakaya
kapan kuring nuju ikhtiar
hoyong nyubadanan anak pamajikan
namung duh tulung ya gusti
tangtayungan kulawarga kuring nu dikantun di lembur

