Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Ringrang


peuting ayeuna jiga sarua jeung peuting2 nu kamari...
sarua hese sare jeung teu tibra hate,
kalah kuring bulak balik kaluar kajero ti rohangan ieu,
malah hate tambah ringrang.....
Ringrang ka nu jadi anak, nu ayeuna masih keneh di rumah sakit bunut.
jaba ujug ujug didieu hate langsung jadi barosen,
najan mesin nambahan terus nu di beuli ku si bos pagaweueun jadi tambah loba.
gajih anger keneh.
waaaah jadi leuwih ringrang deui mun nyawang masa depan
naha kuring bakal bisa nepika nganteurkeun+ngabiayaan anak2 kuring nepika jaradi jalma?
pertanyaan nu pikaringrangeun
sawab teu boga pisan garansi pikeun eta
sanajan sababaraha asuransi di iluan,
sok sieun ari umur ngabongohan,
anak2 kuring katalangsara.
tambah ringrang hate
mun inget kana pagawean nu teu matuh,
mun status didieu sih emang teu paruguh,
jadi tukang ngawaskeun pagawean jeung mesin produksi.
memang kuring di ogo ku si bos didieu
tapi nepika iraaha bisa kitu?
kadang hate leutik sok nanya, naha rek kieu wae boga gawe teh?
sanajan kuring kekepehan hayang kana pagawean nu lain ge
buktina brasna ka dieu dieu keneh.
nya sugan geus guratana jadi tecnik engineer sa umur2.
hate leutik mah hayang sakola deui.......
kuamaha da 2 budak eta sakolakeuneun keneh.
yaaaaaa bati ringrang we ayeuna mah. Share