Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

nanda ulang taun

alhamdulillah ya Allah kuring geus dipaparinan anak nu mudah mudahan jadi anak nu shaleh.
ayeuna nanda anak cikal kuring ulang taun anu ka6. manehna geus nincak kelas 1 sd. hate mah aya bagja aya ngarakacak hayang pangih jeung nu jadi anak , keun paling sabulan deui kuring didieu,ke baris pangih jeung buah hate kuring sakabeh. ya Allah paparinan kasabaran hate pikeun kuring ngalakonan ieu kabeh, dumeh kuring beurang peuting rindu kanujadi anak.
oge paparinan kuring jeung keluarga kuring ya Allah kasehatan jeung kaimanan, mugia diberkahkeun rizki anu keur kukuring disiar didieu. amin ya robal alamin. Share

Share
poe ieu paling males karasana, awak asa rariged. sirah rada rieut.
tadi peuting tos ngomean mesin masalah dina sputer singulusna deui, jiga kamari.
ah eta mesin teh memang rada gelo, sangeus diobrak abrik kabeh sistem vacumna karak bisa jalan. kitu ge dibantuan si jacky. malah nu matak aing handeu-eul kana hate. aing sempet parerea omong jeung si jacky, karena manehna nyedekeun saolah olah aing teu becus gawe, malah si awu nyereng melaan si jacky, meureun dianggapna eta jelema teh hebat, padahal sababaraha kali katingali kagobloganana, jiga dina cara ngecek jalur vacum jeung jalur listrik. ngan jelemana so nyaho jeing so mapatahan padahal nu diomongkeun kumanehna aing ge geus jauh leuwih paham, tina ngalaman ngoprek sababaraha mesin.
poe ieu rencana mah rek ngurus pembukuan pikeun laporan ahir bulan,
Aaaaaaaaaaaaaaaaah waregah. Share

yayang ultah


hari ini yayang ulang taun tapi gua jauh di negri sebrang gua udah kirim sms. dan ucapan ultah.

semoga cinta kita abadi ( jadi romantis yeuh)


Share

Loba ngaroko

poe ieu asa rada sesek ngarenghap, sugan loba teuing ngaroko nya?!#*. arek di eureunan hese pisan euy. yayang geus ngingetan wae ulah loba ngaroko. ngan kumaha atuh bete pisan teu ngaroko mah. asa dicabok cina teu bisa ngalawan. susuganan bisa ngurangan lah. mana geuning ayeuna mah teu aya nu comment ka six4sep. Share

Bos ngajak jalan-jalan

poe ieu kuring sibuk neangan data infentory jeung consumable list, jang ngitung stok sakabeh bahan baku bari neangan part no barang2 anu diorder bulan hareup.
si awu datang ka diu mawa film anu can aya stem na , keur dijieun cenah.
pas manehna rek balik kuring dibejaan yen dina poe minggu hareup kuring diajak jalan jalan ka kl, teuing bener teuing hanteu, yang penting aing asa bungah saeutik lah asa diperhatikeun ayeuna mah. kanyataannamah kumaha brehna wae.
oh ya, tadi peuting kuring sms an jeung barudak cigarung, saking asikna brebet sakili ngirim pesen ka 6 no hp sakaligus, tapi bet aya nusalah , neng lela kakirim oge, atu puguh eta neng lela teh nanya saha ieu? kukuring dijawab sajentre na, jeung menta maaf salah no, tapi bet ngambek. nya geus kukuring di ambek oge tapi bari menta maaf berulang ulang.
ahirna tadi beurang leah oge hatena. sangeus sms sababaraha kali , ayeuna geus clear. Share

"A"

sapeo kamari 3 kali dicarekan boss, pasalna format laporan teu merenah kana manahna, aing oge teu bisa nangkep naon kahayang na sanggeus nyebut kata kata cilaka(fuck), aing balas sms ' tes i know i'm stupid ,i'm soory. manehna ngirim email deui mere petunjuk dimana kesalahana, sangeus di email deui, karek manehna nyebut bener.
aing geuleuh ka jelema teu boga tatakrama kitu, najan bos atawa naon oge lah jurig atawa ririwa aing geuleuh.
ayeuna karak sakali mun ngaduakalian kitu jeung kitu deui, yah tinggal angkat kaki wae lah percuma dilayanan oge matak nyeri hate saumur-umur.
aing jauh jauh ti indonesia datang kadieu lain rek menta dicarekan cina. sing cadu mungkuk haram dempak ,mun aya nu wani kitu deui, diakalan kuaing nepika punah kanyeri aing.
ah nepikadinya wae nepsongna nya.
ayeuna carita nu hepi hepi.
kamari barudak cigarung sms ka aing bales balesan ( kabeh make huruf 'A') jiga kieu :
" kang malam saya nangkap anak kandang ayam sama jandanya, saya sataranyangan sajah, bawa kawarga!
sakarang saya ama anak anak akan ada jawaban.
kang ada layar tancap !" terus dibalesan deui ku aing make format nu sarua, memang urang cigarung bareuki pisan kana banyol jeung eleg. sabenerna aing oge bisa leuwih panjang make bahasa kitu kamaranehna
" jam sabaraha layar tancapnya ? apa anak anak pada makan barang haram? jangan banyak makan barang haram
sakarang banyak aparat, pas katangkap ,aparat bawa anda ka kandangnya malah kapanjara, pas nyawa anda tamat anda akan ka naraka jahanam pas yang bawahnya , panas yah halabhab.
banyak-banyaklah makanan halal ,karna makanan halal kana badan nya jagjag kana mata ca'ang ka kapala hampang.
makanan haram mah kana badan nya ba'al lantas nyaksrak kana mata ranyay, kana kapala ngalayang , padaharan panas gak ada apa apanya hanya hawa gas alam pahang,na tarang baga asa aya yang bala, malah dampal panangan tara karasa ngagampar anak tatangga, ah matak bahaya lah.
alangkah amannya anda kadang kadang makan kadaharan atah :
sabangsa lalab lalaban lah kaya kacang panjang, laja , ja'at, kalapa, anak nangka, panglay baralak dan sabangsanya,
agar barang anda ngabadagan. Barang badag ga ada apa apanya manakala badagnya gak tahan lama , karna anak parawan gak paham barang badag, ngan ada janda yang sayang sama barang badag dan tahan lama. sayang nya jandanya tlah wapat ngahadap yang maha kawasa.
Tamat ah. Share

wahyudi call

tadi wahyudi aya sms , biasa nanya kabar jeung nanyakeun masalah software miniliner
ku aing diterangkeun eta software geus di backup jeung hardisk na berupa image make software norton gost. manehna oge aya nanyakeun masalah komunikasi kuring jeung akian, manehna oge geus nyaho perihal akian rek bla bla bla. malah nanya geus nego can sagala ceuk kuring nego lewat sms mah teu seru, ke bulan 6 kuring balik rek nego sabenerna mun mampu ngagaji tinggi nya kuring rek pindah kadinya mun teu............................. kumaha nya , imah aing can beres duit ringgit leuwih gwde tanagana, jadi.................. mendingan mantog deui kadieu, najan aing teu betah dengan seribu alasan aya hiji alasan anu kuat didieu duitna lumayan jeung deui, ayeuna sikap si awu sopan pisan. malah bos katingali percaya ka aing ngurus ieu pabrik. meureun tingal ngamumule wae kahareupna. mun ceuk prediksi pinto sanajan kuring teu gawe di ieu pabrik oge bisa di oper ka mana wae, soalna yong loba joinan pabrikna di nagara menda mendi. ah tapi buktina urang office anu encoding ampir bubar katawuran, najan teu di eureunkeun oge tapi teu paruguh nasibna ayeuna. Share

beli DVD RW

tadi kuring jalan jalan ( kukurilingan ) dumeh rek meuli USB-stick ka seremban, pas nepi ka toko bet jorojoy hayang meuli DVDRW anu hargana 149 ringgit merek samsung. ya kabeneran mawa duit dibelilah eta barang. tapi duit kuring jadi ipis pisan soalna gajian bulan kamari dikirim kabeh + tabungan cadangan kuring, demi keur ngabangun imah ameh gancang rengse, ngarana duit euweuh nu cadu. daripada kapake teu pararuguh.
Nanda sms ulang tauna ke tgl 30 hayang meuli i-pod. tong boro i-pod najan hayang PSP oge dibeulikeun ku aing, kumo mun sakolana berprestasi jiga aing baheula keur SD, ti kelas 1 nepika tamat SD aing juara kahijina ( keren tah) teuing karena sakolana teu pati loba nu pinter sugan. aing percuma paling pinter diantara jelema goblog, tapi lumayan oge jadi jelema goblog pan bisa nge-Blog di ieu Blogger. Share

di calukan bos deui

Bagea palawgi sadaya, ayeuna kuring di pabrik ngalobaan balad, sangeus kuring menta tambah balad ayeuna geus datang hiji tukang printing deui ti batam, babaturan a-hui, jeung isukan rek tambah hiji balad deui urang lokal dieu cenah, wah rame atuh pabrik ayeuna mah .
jeung deuih gawe kuring jadi rada ringen ayeuna mah lantaran operator geus lengkep.
ke beurang kuring dipangilndeui ku boss a-yong ka pucong, rek nyawalakeun masalah konsumable jeung itu iyeu. munkin kuring berangkat jam sapuluhan bareng jeung si a-hie. Share

mesin geus jalan

Alhamdulillah wa sukurilah, tadi peuting ngomean mesin nepika jam 4 subuh, dibantuan ku si jacky, eta jelema memang hokky euy, manehna ge jigana leuwih belegug ti aing, tapi manehna secara teu kahaja mangihan bocor dina aluminium flexyble hose . padahal dina cara ngecek na oge geus kanyahoan eta jelema kanyahona aya dihandapeun aing, tapi nya keun wae nu penting solve problem.
Yayang geus kirim sms duit geus nyampe, malah kuring pesen pang nepikeun nadar kuring waktu keur di sukabumi. sugan eta cukang lantaran aing loba hambatan didieu teh.
mugia ya gusti Allah maparinan kabagjaan dunia rawuh aheratna pikeun kuring sakulawarga.
eh kamari peuting kuring maca coment ti yasuga (a yana), mugia sing lungsur langsar ah kang urusana di nagri babah , upami tos berangkat. tong hilap ka six4sep nya!!! he he he. Share

jatuh cintrong

Poe ieu nepika jam 4 ieu can aya nu istimewa.
ari cek beja kamari mah eta orang TNB (tenaga Nasional Berhad) rek datang, tapi can aya batang irung na oge anu nonghol.
meureun sesuai ngarana berhad teh lamu ceuk urang mah ber halangan meureun.
jadi maraneh na halangan wae he he he he...
ayeuna kuring karek beres nyieun list consumable jeung sparepart masih sabagian deui ah kaburu waregah ngagaweanana.
sugan para pembaca blog kuring geus marales maca ieu blog ayeuna mah gara2 lila teu di update' , sorry coy laptopna karek datang yeuh.
2 poe kaliwat pangih jeung boss, manehna mere pengarahan bla bla bla.
tapi bet ayeuna karasana bageur pisan euy, teuing keur aya mau na sugan, naon pamenta kuring dibikeun termasuk ieu laptop jeung mesin cuci, kaasup menta tambah orang.
kuring malah jadi keu eung, tadina kuring rek mabur, ke balik ka jakarta moal balik deui kadieu, dumeh diditu ge geus aya stok pagawean, si Aki aki tea ngajakan gawe deui, ngomongna mah ayeuna beli 3 mesin injection jeung 1 mesin offset. barinage si eta sok rada debul.
tapi pamajikan geus bosenen ditingal jauh jauh wae. sarua oge kuring kitu anu rada heran kunaon bet ayeuna geus boga anak 2 kuring bet ngarasa jatuh cinta deui, tapi untungna jatuh cinta teh ka pamajikan sorangan, da baheula mah kuring teu boga rasa kitu ka manehna, malah sabenernamah masih mencintai mantan kabogoh nu baheula. tapi ayeuna beda ,
kuring banget bogoh ka pamajikan, leuwih ti leuwih, geus kanyahoan nyaah na ka kuring pribadi.
harepan mah bisa langgeng nepika tutup umur . Amin atuh amin euy !!!!!! Share

komputer anyar

alhamdulillah euy ayeuna geus dibere computer (note book) jang keperluan nyiueun laporan jeung email ka Mr Yong, pas kamari kuring kakantor manehna langsung ngomongkeun masalah mesin jeung eta teknisi urang malaysia nungaran jackie, kuring badami masalah sputring manehna oge sarua nyalahkeun eta barang nu ngaran feedthrough, alusnamah kudu ganti nu orsinil singulus, tapi kuring kudu nyobaan heula make leybold lithium grease, lamun can bisa keneh daek teu daek manehna kudu datang kadieu Share