Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

jatuh cintrong

Poe ieu nepika jam 4 ieu can aya nu istimewa.
ari cek beja kamari mah eta orang TNB (tenaga Nasional Berhad) rek datang, tapi can aya batang irung na oge anu nonghol.
meureun sesuai ngarana berhad teh lamu ceuk urang mah ber halangan meureun.
jadi maraneh na halangan wae he he he he...
ayeuna kuring karek beres nyieun list consumable jeung sparepart masih sabagian deui ah kaburu waregah ngagaweanana.
sugan para pembaca blog kuring geus marales maca ieu blog ayeuna mah gara2 lila teu di update' , sorry coy laptopna karek datang yeuh.
2 poe kaliwat pangih jeung boss, manehna mere pengarahan bla bla bla.
tapi bet ayeuna karasana bageur pisan euy, teuing keur aya mau na sugan, naon pamenta kuring dibikeun termasuk ieu laptop jeung mesin cuci, kaasup menta tambah orang.
kuring malah jadi keu eung, tadina kuring rek mabur, ke balik ka jakarta moal balik deui kadieu, dumeh diditu ge geus aya stok pagawean, si Aki aki tea ngajakan gawe deui, ngomongna mah ayeuna beli 3 mesin injection jeung 1 mesin offset. barinage si eta sok rada debul.
tapi pamajikan geus bosenen ditingal jauh jauh wae. sarua oge kuring kitu anu rada heran kunaon bet ayeuna geus boga anak 2 kuring bet ngarasa jatuh cinta deui, tapi untungna jatuh cinta teh ka pamajikan sorangan, da baheula mah kuring teu boga rasa kitu ka manehna, malah sabenernamah masih mencintai mantan kabogoh nu baheula. tapi ayeuna beda ,
kuring banget bogoh ka pamajikan, leuwih ti leuwih, geus kanyahoan nyaah na ka kuring pribadi.
harepan mah bisa langgeng nepika tutup umur . Amin atuh amin euy !!!!!! Share