Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

beli DVD RW

tadi kuring jalan jalan ( kukurilingan ) dumeh rek meuli USB-stick ka seremban, pas nepi ka toko bet jorojoy hayang meuli DVDRW anu hargana 149 ringgit merek samsung. ya kabeneran mawa duit dibelilah eta barang. tapi duit kuring jadi ipis pisan soalna gajian bulan kamari dikirim kabeh + tabungan cadangan kuring, demi keur ngabangun imah ameh gancang rengse, ngarana duit euweuh nu cadu. daripada kapake teu pararuguh.
Nanda sms ulang tauna ke tgl 30 hayang meuli i-pod. tong boro i-pod najan hayang PSP oge dibeulikeun ku aing, kumo mun sakolana berprestasi jiga aing baheula keur SD, ti kelas 1 nepika tamat SD aing juara kahijina ( keren tah) teuing karena sakolana teu pati loba nu pinter sugan. aing percuma paling pinter diantara jelema goblog, tapi lumayan oge jadi jelema goblog pan bisa nge-Blog di ieu Blogger. Share