Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Mending ngabonceng atawa dibonceng

nuhuNebak hubungan nu ngabonceng motor jeung nu diboncengna ditingali ti cara ngaboncengna.
1.Ngabonceng awewe ditengahna diganjelan dus dina setangna digantelan jingjingan jeung kantong keresek, moal salah deui pasti tukang ojeg anu tas nganteur tipasar.

2.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, nu diboncengna diuk nyangigir, mun manggih gajlukan, tipepereket nyekelan jok, tah eta mah nu anyar keneh bobogohan.

3.Nu ngaboncengna balangah nu diboncengna brongbrang tidalalagor, geus pasti eta mah tukang kurupuk asup ka gang leutik.

4.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, leungeun nu dibonceng nyangreud kana cangkeng nu ngabonceng, sedengkeun dadana tamplok kana tonggong nu ngabonceng, tah eta mah nu keur bobogohan keur meujeuhna ngumbar kasono.

5.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna paranje,jalanna nyeput, ieu mah moal salah deui tukang hayam kabeurangan.

6.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, anehna ari motor mah aya, ari nu ngabonceng jeung nu diboncengna teuing pabonceng bonceng dimana.

7.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, ditengah jalan nu diboncengna gogorowokan bari memerik motor, tah ieu mah pasti nu ngaboncengna teu apaleun nu diboncengna murag.

8.Nu ngaboncengna teu puguh rupa nu diboncengna nyakitu keneh, ngageuleuyeung maju, sora motorna aya, tapi jegrigna teu katingali, tah eta mah sakadang jurig keur jalan jalan.

9.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, sapoe jeput kukulintingan neangan alamat, sihoreng tukang ojeg nganteur nini nini teu apal balik.

10.Nu ngaboncengna lalaki nu diboncengna awewe, anehna nu ngabonceng kalahka nyanghareup kanu tukang, tah ieu mah meureun nu anyar pangantenan, rarasaan keur dikaramar keneh.
===========================
(hatur nuhun ka kang syam ridwan) Share

cara bikin status Facebook berwarna biru

Gua perlah liat status facebook orang yang nge link nama2 temen nya dan nama2 itu berwarna biru. pas cari2 tau dan ahirnya gua modif sendiri jadi semua isi status baru kita berwarna biru, nah sekarang tanpa banyak cingcong gua share aja disini deh, terutama buat yang pake m.facebook (yang ol pake hp)/wap.

itu sih trik nya sederhana aja koncinya cuma ada di no 2048.
jadi formatnya gini :

@[1470606303:2048:tulis status kamu disini]

nah selamat mencoba deh buat status baru berwarna biru, lumayan buat sedikit fariasi supaya gak bete.

tapi ingat trik ini cuma bisa di situs wap (http://m.facebook.com)

Share

paisbueuk

jadi rame pebukan teh ayeuna mah euy, papangih deui jeung babaturan heubeul, babaturan ti friendster oge marake pesbuk ayeuna mah. wah lumayan jadi bahan hiburan kana hate.
ka ayeunakeun pakeupis wae ngurusan pesbuk, najan bari gawe nya taya halangan.
nya syukur alhamdulillah. poe isukan geus nincak bulan ramadhan, kuring niat ya Allah, bade ngajalan keun ibadah saum dina dinten enjing dugika boboran , mugia dipaparinan kakuatan pikeun ngajalankeun na, amien. Share