Wilujeng Tepang Deui
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.
mani reuwas
dumeh meunang beja ti jungjunan,dumeh putra kuring nukadua (fadli) cenah keur gering,
mencret2, duh palangsiang teuing eta budak diare.
tapi tadi beurang jungjunan sang bojo tea, sms deui wireh ayeuna mah tos mendingan sangeus
di obatan ti dokter.
nu jadi hate ngarakacak wireh hudang sare manehna langsung nanyakeun kuring " bu, ayah mana?"
kitu beja ti pun bojo teh, mani teu kuat ci panon ngalembereh mapay pipi,
duh sing sabar anaking, wireh ieu ayah nuju buburuh ripuh nyiar pidunya pikeun bekel maraneh , ayeuna oge keur jaga mun tea mah dipanjangkeun umur, hayang ningali aranjeun jadi jalma anu sukses dina hirup jeung kahirupan.
kudu leuwih ti bapa maneh, anu sakadar jadi kuli saumur-umur.
Ya Allah, tulung kabulkeun pidua kuring pikeun maranehna, anak2 kuring.
mugia dijagi salawasna tina pancabaya, sareng di tetepkeun iman na dina islam.
sarta kabulkeun cita2na. amin ya robal alamin. Share
waktos ALLOH nyebat Hanteu
"Enya Alloh cokot kesombongankuring ti kuring."
Alloh ngomong,
"Henteu. Lain Kuring anu nyokot, tapi anjeun anu kudu mikeunana."
Sabot manusa berdo'a,
"Enya Alloh sempurnakeun kakurangan anaking anu cacad."
Alloh ngomong,
"Henteu. Jiwana geus sampurna, awakna saukur samentara."
Sabot manusa berdo'a,
"Enya Alloh béré kuring kesabaran."
Alloh ngomong,
"Henteu. Kesabaran dipibanda ti ketabahan dina nyanghareupan cobaan henteu dibikeun, anjeun kudu ngahontalna sorangan."
Sabot manusa berdo'a,
"Enya Alloh béré kuring kabagjaan."
Alloh ngomong,
"Henteu. Kami bere keberkahan, kabagjaan gumantung ka anjeun sorangan pikeun ngahargaan keberkahan éta."
Sabot manusa berdo'a,
"Enya Alloh jauhkan kuring ti kesusahan."
Alloh ngomong,
"Henteu. Penderitaan ngajauhkeun anjeun ti jerat duniawi sarta ngaraketkeun anjeun dina kami."
Sabot manusa berdo'a,
"Enya Alloh béré kuring sagala hal anu ngajadikeun hirup ieu nikmat."
Alloh ngomong,
"Henteu. Kuring béré kau kahirupan sangkan anjeun ngarasakeun sagala hal."
Sabot manusa berdo'a,
"Enya Alloh bantu kuring MITRESNA batur, sagedé asih anjeun dina kuring.
Alloh ngomong...
"Ahirna Anjeun ngarti...!"
Sakapeung basa urang mikir yén Alloh henteu adil, urang geus hésé payah memanjatkan doa, ménta sarta usaha, pagi-siang-malam, tapi teu aya hasilna.
Urang ngarep-ngarep dibéré pagawéan, puluhan-bahkan ratusan lamaran geus urang kirimkan teu aya jawaban sarua sakali , batur kalawan gampangna meunangkeun pagawéan.
Urang geus digawé teuas dina pagawéan ngarep-ngarep kalungguhan,tapi malahan batur anu meunangkeunana- tanpa hésé payah.
Urang ngarep-ngarep dibéré pasangan hirup anu alus sarta luyu, lekasan kalawan penolakkan sarta kagagalan, batur kalawan gampang baganti pasangan.
Urang hayangeun harta anu berkecukupan, tapi kebutuhanlah anu terus meningkat.
Coba urang bayangkeun diri urang kawas anak leutik anu keur demam sarta pilek, tuluy urang nempo tukang es.
Urang anu keur panas awakna ngarasa haus sarta ngarasa kalawan inum es bisa ngubaran rasa demam (ma'lum budak leutik).
Tuluy urang ménta dina kolot urang (kawas urang berdoa memohon dina Alloh) sarta Ngarengek ambéh dibelikan es.
Kolot urang tangtu leuwih nyaho lamun es bisa memperparah panyakit urang.Tangtu kalawan sagala dalih urang henteu dibelikan es.Kolot urang tangtu hayang urang cageur tiheula kakara kaci inum es anu lezat éta.
Kitu ogé jeung Alloh, sagala anu urang ménta Alloh nyaho naon anu pangalusna pikeun urang.
Meureun henteu ayeuna, atawa henteu di dunya ieu Alloh mengabulkannya.
Alatan Alloh nyaho anu pangalusna anu urang henteu nyaho.Urang cageurkeun tiheula diri urang sorangan ti "pilek" sarta "demam".... sarta terus berdoa.
Muga Méré mangpaat
Wassalamu'alaikum..wr..wb Share
LAYANG MUSLIMIN MUSLIMAT JILID KA I
BUBUKA
Asmarandana
1. Ieu anu rek digurit, lalakon jaman ayeuna, hal salira anu jongkot, ngawincik aturannana, supaya jadi kabuka, kabuka tunggalna wujud, dipapay ti memeh aya.
2. Nepi kana aya bukti, tina taya kana aya, geus aya bet ngalalakon, ngalaman di alam dunya, nyorang kana karamean, ayeuna baris diatur, urang papay ti asalna.
3. Tina tadi asal sepi, dina alam memeh aya, ari geus aya bet jadi cekcok. Sepi dina jaman Kun Dzat, cekcok jaman Kun Fayak, Kun Mutlaq geus sidik wujud, rupa sarupa-rupana.
4. Rupa teu kenging disalin, kitu tandana Kun Mutlaq, saperti rupa awewe, mun kitu sidik rupana, teu kenging dirobah, rupa pameget nyakitu, teu beunang dipindah-pindah.
5. Rupa istri pikeun istri, pameget keur rupa lanang, henteu salah kituna teh, eta tandana Kun Mutlaq, tapi ieu ayeuna, ku jisim kuring diatur, ku carita sangkan terang .
6. Kahijina ku pamilih, kaduana ku umpama, bade didamel lalakon, geura kieu cariosna, pang ieu urang gumelar, kersana Gusti Yang Agung, ngadegna gumelar sifat.
7. Hanteu ujug-ujug bukti, ngersakeunnana gumelar, sasat ngadamel lalakon, kieu ceuk papayannana, namung upami mufakat, rempug sareng dulur-dulur, mun teu cocog sae cempad.
8. Tapi pamugi sim kuring, upama aya nu lepat, mugi kersa mere hartos, nyakitu deui basana, tangtos seueur nu lepat, mugi neda tawakup, margi ngarang nembe pisan.
9. Kocap aya hiji Nagri, ngaran Nagri Raga Taya, ari nu mangku Bupatos, anu nyepeng Raga Taya, nelah jenengannana, kamashur ka unggal Ratu, sang Prabu Jasadiah.
10. Dupi anu jadi Meswari, jenengan Ratna Atiyah, tunggal turunan Bupatos, teges terahing Kusumah, estu layeut sami pisan, siang wengi tara jauh, babarengan tara pisah.
11. Kocap eta Kangjeng Gusti , geus kagungan dua putra, pameget langkung karasep, kacatur jenengannana, Raden Muslimin cikalna, kaduana anu bungsu, katelah Raden Muslimat.
12. Teu kinten-kinten diasih, ku Ibu rawuh ku Rama, teu pilih kasih dienod, duanana dipalajar, Agama sareng Elmuna, raka rai sami suhud, ngesto ka piwejang Rama.
13. Naon bae sakaliring, sakur pangwuruk ramana, hanteu aya anu mencog, dihartikeun ku duaan, sarta geus kamaranah, geus sumurup kana qalbu, sadaya wuruk ramana.
14. Saparantosna mangarti, kana sadaya piwejang, dua putra lajeng wae, amit ti payuneun Rama, ngalih ka sejen tempat, caralik di tempat singkur, ngahusukeun wuruk rama.
15. Nu mimiti naros rai, nyaeta Raden Muslimat, ka rakana bari mando, hormat tumaros ka raka, saur Raden Muslimat, mugi engkang ulah bendu, rehna rai kumalancang.
16. Kumawantun naros rai, kumargi raos pisan, rai masih keneh bodo, moal sapertos engkang, dina perkawis Agama, nu ku Ama dipitutur, rai tacan paham pisan.
17. Ngawalon Raden Muslimin, duh rai taya pamengan, ka engkang bade tumaros, naon sakapaham engkang, moal arek dikilungan, kajabi anu teu acan mafhum, pun engkang moal tiasa.
18. Perkawis Agama suci, geura kieu sayaktosna, ku engkang baris ditektek, diterangkeun mimitina, geuning kieu dalilna, dina hadist geus kamasyhur, dalil teh kieu unina.
19. Mimitina Awwalu Dinni, lajengna Ma'rifatullah, sundana kieu eta teh, lamun rek lalakon agama, wajib ma'rifat heula, kana dzat Allah nu Maha Agung, supaya sah ibadahna.
20. Tapi rai sanes deui, hal ma'rifat ka dzat Allah, eta teh lain sapertos, nganyahokeun kanu anyar, Hawadist basa arabna mah, hawadist teh nu ngajentul, nu nyata aya buktina.
21. Tatapi masing kaharti, atawa ka elmu tea, sabab Allah ta'ala teh, ceuk saksina Dzat Laesa, Kamislihi terasna, hartina dzat yang agung, hanteu aya umpamana.
22. Ngan dawuhan Kangjeng Nabi, wajib nganyahokeunnana, nganyahokeun diri maneh, diri anu sajatina, sabab kieu ceuk Hadistna, Waman aroffa nafsahu, faqod aroffa robbaha.
23. Jeung aya lajengna deui, Man aroffa robbaha, Faqod jahilan nafsah teh, kieu pihartieunnana, saha-saha jelema, nyaho ka dirina kitu, tangtu nyaho ka pangeran.
24. Jeung saha nu nyaho deui, geus nyaho ka pangeranna, dirina geus tangtu bodo, tah eta kitu hartina, mangga geura manahan, dalilna eta teh kitu, pikeun saksi ngelmu tea.
25. Malah dawuhan Jeng Nabi, Illa anna awallanafsah, terasna teh fardu 'ain, kieu eta teh sundana, mimitina hal ibadah, sing terang jatining hirup, masing tepi ka 'aena. Sasat kudu katinggal, sifat hirup sing kapendak, jatining sahadat eta teh, bibitna sagala rupa, nya hahekat Muhammad, awalna Muhammad kitu, nya eta Sagara Hayat.
Mangga urang sami-sami manahan...palih dieu heula...