Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

baca blog rayi

poe ieu, walaupun rebuan kwadrat rada kesel, dumeh eta kontroler anu dikirim ti singapur can datang keneh wae, aing ngabubungah hate sorangan, lantaran babaturan aing sanajan visana geus beak (teu bisa perpanjang deui), tapi manehna sanasib oge teu bisa balik lantaran tiket pesawat anu balik ka singapur penuh. barinage aing embung sorangan didieu .
bieu aing tos maca blog pun rayi, bagus oge, sanajan manehna teu wani terang-terangan ngabejakeun jati diri. tapi teu nanaon. aing sebagai Aa bisa komunikasi lewat blog.
Sabenerna aing betah oge didieu, ngan ah mending keneh di imah ngeukeupan indung barudak.
atawa ngajak ulin barudak, hirup ieu kudu dinikmati lantaran teu nyaho hirup teh nepika iraha!!? kitu pan palawargi. Share

rada sebel

ayeuna poe minggu, aing rada bete didieu euy, lantaran unggal poe ngan luman lamun wungkul
aya batur si ang(urang malaysia) rada jeprut, jeung kumed na jiga nu keked mengkene wae.
hirupna teuing jiga kumaha aing ge teu nyaho, ngan seperti biasa manehna sebagai urang malaysia rada legeg, nganggapna meureun urang malaysia derajatna leuwih luhur ti urang indon.
barijeung kitu aing teu ningalikeun sikap kamanehna. keun wae lah. Share