Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

internet pabrik online

Alhamdulillah poe ieu internet pabrik geus bisa online euy,
aing poe ieu karek tepang deui jeung nu ngarana internet. ceuk beja pabeja beja anu rada aktif macaan ieu blob teh neng Pinkan. Hatur nuhun neng kersa buka2 blog Aa.
Teuing yeuh jadi lieur loba teuing picaritaeun.... timana heula nya ?.
ah pokona aing rek ngadongeng panjang lah mangga bandungan edisi berikutna nya!. Share

mabil Asun dicongkel badog

ayeuna isuk jam 8.30 saya jeung asun geus siap rek berangkat ka seremban deui. tapi kenapa hei kenapa itu kaca mobil molongo sendiri? sanggeus ditingalian lebih deukeut ternyata eta mobil ( ceuk urang diu mah Kereta ), aya nu maok tapedeck na malah kursi jeung setirna oge ngilu kabawa . yah jadina melengek lah manehna, bingung lantaran eta mobil teh nu lanceukna.
Ah kuring ngan ukur bisa clingak clinguk wungkul, eh saya inget paspor tingaleun di jero , atuh geuwat dicanak, di parkiran Asun geus megat polis nu liwat, sangeus ngomong ba bi bu terus manehna kajero deui.
Poe ieu teh minggu, jadi poe apes jang manehna. bagi aing sih teu ngarasa nanaon, malah teu asa karunya oge henteu, lantaran asa kurang ngahargaan ka aing kadang sok rada kesel lamun manehna wani tutah titah kawas ka anak buahna wae. Terus aing sok asa jadi jelema bodo lamun ges kitu teh. Share

ngendong di office

alhamdulillah tiasa ngeblog deui sanggeus teuing sabaraha lila di pabrik, diditu can aya pc euy, mani asa dileuweung bae. ayeuna poe senen sayah aya di office dengan tujuan rek translate ngaran2 sparepart nu ti hongkong jeung cep asun.
nyempetkeun sorangan kuring nulis heula ieu blog tamba sono wae ka ieu blog. Share