Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

jadi pindah ka pabrik

jigana poe minggu isukan mah jadi pindah ka pabrik teh, barang2 geus dikirim kaditu kabeh ngan peuting ieu kuring masih balik ka office sare didiueu, ceuk beja pabeja beja, barudak kalimantan (si akun & Frant) tanggal 22 januari rek dikirim kadieu termasuk lanceukna bang phinto.
mudah mudahan sing lancar. Share

duit geus katarima.

karek meunang beja yen sifitri, kamari ka tempat polsek,eta ge sanggeus maca emailna. bari jeung terus saya nelphon. ah biasa di indo mah nukitu teu jadi masalah anu serius.
ngan saya sorangan didieu jadi hariwang ka adi saya bari jeung manehna awewe.
pamajikan tadi geus telphon duit geus di ambil 3,5juta di bca.
cenah mah poe ayeuna kuring bakal pindahan ka pabrik, tapi nepika ayeuna jam 4 sore, mr wu jeung asoon, can aya datang ah keun wae, sugan isukan bari rek ningali nu masang pipa. Share

sieun vertigo deui

teuing kunaon euy jadi linglung, hate marojengja, asa hayang balik asa teu pararuguh kiu.
ngeblog oge jadi waregah.
teuing karena rada gering keneh kitu, memang suku masih karasa carngkeul, sirah rada lieur.
bet jadi geugeumeu-eun sieun vertigo deui .
ayeuna geus mulai loba gawe ngatur itu ieu, unggal poe bulak balik ka pabrik, ngariksakeun anu masang partisi, briefing jeung nu masang pipa chiller jeung pipa compressor.
nu masang ac, jeung installasi kabel power.
katambahan der deuih miluan ngecet ruangan tingkat 2, tambah ruangan infentory.
balik peuting , wu nanya sabara kw mesin inj & printing.
langsung ditanyakeun ka as00n, lewat sms langsung di fordward ka mr wu.
BL rek di fax ku achong, barangna rek di bawa ku Alim. si soon rek balik isukan cenah. Share