Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Nikmat na Rumahtangga

Najan kuring sok aya rasa heran,
atawa kuring teu pernah jeung teu hayang ngalaman.
aya rumahtanga nu gujrud pakokolot.
sangeus geus reay anak.
ceunah basana geus taya kacocokan.
naha teu cocok teh geuning kakapeungan?
ah eta mah alesan teu asup di akal.
Alhamdulillah, kuring malah ngarasa makin cinta ka pamajikan.
komo geus aya nujadi anak
makin meumeut ka sang bojo
sanajan rada galak , ah kuring hayang larut ka sifat manehna.
kitu deui sang bojo, karasana kukuring terus ngaleburkeun diri kana sifat2 kuring nu hayang slalu mimpin.
karasa nikmatna rumahtanga
barijeung sok aya pabentar paham ge da wajar we,
malah kuring sok ngahaja ngarah kanyahoan unek2 hatena
ambeh gancang kuring neuleuman perasaan manehna.
mungguhing sifat awewe perasaan diheulakeun tina logika.
etamah tos kudratna nya lumrah, malah eta nu sok jadi seni dina hirup rumahtanga.
anak kuring nu cikal sanajan teu cerdas oge deuh kuring tetep nyaah, moal rek ngabanding2 jeung anak batur. keun we soal rengking disakola mah teu jadi soal. nu penting manehna berhasil dina kahirupana jaga.
nu bungsu katempona leuwih cerdas tapi rada geringan.
nya kabeh ge matak betah kuring cicing di imah
sok inget jaman sangsara......
insya Alloh moal deuk ngalaman deui, asal kuring bijak dina ngatur keuangan rumahtanga.
komo ayeuna kuring keur latihan bisnis lantaran hayang pidah kwadran ka kwadran kanan.
najan hesebeleke rek diayonan, da mun aing sukses kabeh kluarga pasti ngarasa sukses.
tapi mun gagal nya aing sorangan nu gagal,
aing teu sieun gagal ,tapi aing kudu siap jadi jalma sukses terutama dina finansial.
memang eta nilai sukses masih di awang2, butuh proses , tapi aing yakin berhasil
aing optimis
aing lahir ka dunya ieu lain jang jadi jalma kasor
aing sumanget pisan
aing bagja geus ngalaman kahirupan ieu. Share