Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

rek mantog

poe ayena rasa bungah asana minuhan isi dada, dumeh kuring rek balik euy ka lembur.
sangeus kuring kamari ti vietnam balik ka singapur kuring menta balik ka imah heula ka bos. ayeuna geus dibere balik, wah bungah pisan euy. ayeuna akses internet ti airport deui wae di cangi (ambeh gratis yeuh).
wah geus teu kiat hayang ningali ank pamajikan, jeung hayang ningali eta imah ayar nepika kumaha. Share

hayang no'ong

kuring keur ngakalan hayang no'ong ka
http://192.168.1.2/index.html
tapi can bisa ti warnet euy, naha nya??? Share

Nyobian internetan gratis ti cangi

ayena kuring keur karalang kuriling , dumeh nungguan waktu ngapung ka ho chin minh sihoreng jam 15.10 sabab lamun waktu hanoi mah sarua jeung jakarta, kuduna 14.10.
ya lumayan sae oge, aksesna cepet, jeung tumaninah ( pedah nangtung).
mun di terminal cikonang aya jiga kieu ( meureun geus beak dipaok ku para preman).
dumeh kuring rek balik deui ka hanoi poe ieu, ari cek simoses mah ngareunah naker, cuma 2 minggu cenah , tapi aing boga target ngan maksimal sabulan didinya.
aduh geuning waktu aksesna dibates ukur 15 menit. tapi sakieu ge nuhun lah dumeh gratis. Share

bulak balik

Tadi isuk sabenerna tunduh keneh karena peutingna aing dumadakan hese sare. nonton tipi nepika bosen. ngadengekeuun musik dina mp4 player nepika tai ceuli muruluk ,tapi anger sang tunuh teu daek datang. untungna aya keneh roti 2 bungkus, eh teu katahan dihakan duanana, barang inget cai nginum geus beak, antukna kabuhulan, kapaksa nginum cai keran, da aing yakin turun ka handap oge, eta penjaga hotel keur molor. barinage aing teu resep, teu bisaun ngomong inggris, komo diajak ngomong sunda mah meleg pisan jiganateh.
eh enya karek inget pan judulna bulak balik nya?, tapi aing jadi ngadongeng kabuhulan sungguh teu nyararambung.
maksudna bulak balik teh kieu, poe ayeuna aing brangkat ka singapur tapi poe isuka balik deui ka ho chin minh, pedah mawa barang sample jang bos ditu.
hate mah hayang balik heula ka jakarta ngan kumaha geuning jadwal padet.
ya mau gak mau ,terima heula kaayaan kieu. nepika eta gogobrog di lembur (ceuk si awo mah) beres.
Share

mimpi

tadi isuk mah aya rasa hariwang dumeh nujadi bojo meunang mimpi burux, efekna kuring kababawa mikiran , jadi honcewang hate, jeung teu puguh rarasaan. sanggeus berang kuring nelpon nujadi dunungan , jeung kuring sms ka dunungan didieu. meunang beja pageto kuring rek ka singapore heula, nyokot alat2. tapi can pasti eta rek sabaraha lila. Share

six4sep

loba nu nanya naha make ngaran kitu
Da kitu buktina kudu dikumaha atuh......he he he. pd teuing euy !!! Share

babaturan gawe baheula

aing menang beja tina email si fran didieu oge tapi teuing belah mana. ke ku ain diteangan lah.
spnp oge rasana hayang pangih jeung jelema nu ngomong bahasa indonesia. Share

upruk aprak

poe ieu kuring upruk aprak, macaan blog batur terutama anu make bahasa sunda.
nya sukur oge bisa macaan dongeng2 sunda anu lalucu.
kuring maca sms oge tilembur, eta imah kuring teh masih acan rengse dibangun, da loba kaselang hujan. yah mugia sing geura beres lah, geus tetegeun hayang boga imah sorangan. Share

Share

ampir kalaparan

geus ampir 3 poena, aing ampir kalaparan. lantaran kabeh toko didieu narutup.
jiganamah lalibur taun baruan meureun.
tapi aing buburu nelpon si hiep pikeun nganteuran kadaharan berupa sangu dan sebagaina.
kitu ge dibayar ku duit aing. sok rada kesel euy, bos didieu teu merhatikeun masalah kalebokan.
dumeh aing teu gawe teu dibere nyatu.
aing komplain ka si moses, ngomongna ngan ngupahan wae.
belegug pisan. mun pareng rengse didieu aing niatmah moal gawe deui jeung manehna ah. hayang di jakarta wae ambeh rada nyantai, jiga caduk palid (nyantai pisan). Share

di pabrik

poe ieu aingaya dipabrik. pedah aya, omeaneun mesin .
rengse etaterus aing ningalian web.
aing kangen ka keluarga, sangat kangen.
ngan radagembirana imah aing geus mangrupa, mugia ya Allah maparinan kalancaran. amien Share

baturmah marantog

aing rada honcewang,lantaran batur teknisi ti taiwan jeung ti jerman poe ayena geus marantog.
sanajan eta mesin spaceline can angeus, lantaran eta mesin jiga mimpi buruk.
rusak diditu didieu. aing geus pindah hotel deui anu katilu na ayeuna.
teuing kudu ngetik naon deui euy ke disambung deui lah Share