Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

bulak balik

Tadi isuk sabenerna tunduh keneh karena peutingna aing dumadakan hese sare. nonton tipi nepika bosen. ngadengekeuun musik dina mp4 player nepika tai ceuli muruluk ,tapi anger sang tunuh teu daek datang. untungna aya keneh roti 2 bungkus, eh teu katahan dihakan duanana, barang inget cai nginum geus beak, antukna kabuhulan, kapaksa nginum cai keran, da aing yakin turun ka handap oge, eta penjaga hotel keur molor. barinage aing teu resep, teu bisaun ngomong inggris, komo diajak ngomong sunda mah meleg pisan jiganateh.
eh enya karek inget pan judulna bulak balik nya?, tapi aing jadi ngadongeng kabuhulan sungguh teu nyararambung.
maksudna bulak balik teh kieu, poe ayeuna aing brangkat ka singapur tapi poe isuka balik deui ka ho chin minh, pedah mawa barang sample jang bos ditu.
hate mah hayang balik heula ka jakarta ngan kumaha geuning jadwal padet.
ya mau gak mau ,terima heula kaayaan kieu. nepika eta gogobrog di lembur (ceuk si awo mah) beres.
Share