poe ieu bet jorojoy hayang tulas-tulis deui di ieu blog.
geus rada lawas teu posting riwayat hirup he he he,
bongan sibuk wae nyanghareupan mesin produksi nu tik-tik-brek.
nya kitu ge alhamdulillah masih keneh dipercaya ku bos, pikeun ngomeana.
aya beja saung kuring nu dilembur geus rengse dibangun, tinggal pasang listrik(ah instalasina
rek dipigawe sorangan), malah rencana kuring rek make plc pikeun ngontrol kabeh sistem kelistrikan pikeun imah kuring, ambeh aman jeung otomatis bisa dikontrol ku komputer.
mugia bulan hareup pas balik ka lembur sagalana lancar.
tapi beja ti bos mingu hareup ka singapore deui nyokot turbopump, padahal deukeut nya tisingapur ngan sajam ka lembur, ngan rokaya kudu ngadagoan nepika beres kontrak 1.
hate mah asa geus sagabrug-gabrugeun nangkeup anak+pamajikan, yah ayeunamah ngagabrugan guguling heula we ah.
Share
Gary Benson: Python antipattern: Close in finally
-
Don’t do this:
thing = Thing()try:
thing.do_stuff()finally:
thing.close()
Do do this:
from contextlib import closing
with closing(Thing()) as th...
2 days ago