Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

si awu ngabageuran

manehna datang kadieu tadi bari jeung rada sura seuri, ngabageuran tiditunamah meureun.
mun ceuk jelema mah kitu. terus ngajak diskusi tapi nu tepatnamah mere instruksi kitu kieu, teuing ah teu pati kaharti ngomong melayu na blepotan, aing mere komentar dan terjadilah debat hebat, yen mun intinamah manehna teu ngarti cara kerja pabrik nukieu bari jeung so nyaho, ih aya ku pikasebeleun eta mangkeluk, mun ceuk nafsu mah aing hayang angkat kaki ti dieu. ayeuna keneh. saumur umur memang aing paling najis dicarekan cina. barijeung teu gableg cedo piraku aing kudu gawe 24 jam ( asli gawe) teu jiga di karyamas aing nyantai, tapi memang gajina oge ngilu nyantai. ah geus nasib memang ieu pilihan aing ngan sugan jeung mudah mudahan Gusti Allah masih welas asih ka aing, sugan ieu ngan saukur cobaan jeung godaan pikeun aing boga kasabaran jiga kumaha jeung nepi kamana.
kadang aing sok sedih bari jeung dilembur batur euweuh batur pakumaha, harga diri asa teu diajenan ku batur, tapi efekna aing jadi nyaah kana duit, beunang tidieu mah.
Eta duit sa estuna kudu ngajadi madal neruskeun hirup jeung kulawarga. Kudu jadi imah aing moal rek endag pamadegan, najan loba nu rek ngarinjeum duit . eit ke hela anan piraku hasil aing nepika belek galede, rek sangeunahna dibikeunan kabatur. lamun pek aya numaca blog aing ieu sugan wae ngamaklum aing lain rek koret ngan hajih jerih payah ieu kudu aya hasilna, nya sahenteuna jadi imah pikeun ngiuhan anak pamajikan. Share

dicarekan si awu

teuing dosa naon aing aya ku apes poe ieu , ges aing teu sare sare da tos gawe peuting. padahal aing tadi tas ngisi genset full tank kusorangan dua drum. capena kacida. aya sms deih ti mang akes cenah rek nginjeum duit dengan alasan bla bla bla ( teu etis ditulis didieu mah )
kamari silina nu nginjeum duit teh, Wah kawas jelema kalobaan duit dulur dulur jadi ngarinjeum duit euy.
Padahal maranehna teu nyaho aing gawe jiga romusa kieu, aing jadi nyaho ngarana nyaah kana duit kajeun saperak oge. mun giliran aing susah maranehna oge sok karitu jiga nu apilain wae (tapi teu kabeh ketang)
geus kitu eta si awu nelphonan wae masalah pagawean , JADI IRAHA AING REK MOLOR ATUH PANON GEUS BEURAT AWAK ASA PASIKSAK EH NGADON DICAREKAN CINA.
AING bisa stress dikieu kieu mah!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!.
Tapi nya sing sabar hate, matak kitu oge tantangan gawe jeung eta resikona. matk kitu oge aing kapake gawe da sagala urusan nitah na ka aing wae ( ngahibur hate caritanamah).
kadang sok emosi mun geus kitu mah aing oge da jelema butuh sare, geus ah rek sare. Share

internet pabrik online

Alhamdulillah poe ieu internet pabrik geus bisa online euy,
aing poe ieu karek tepang deui jeung nu ngarana internet. ceuk beja pabeja beja anu rada aktif macaan ieu blob teh neng Pinkan. Hatur nuhun neng kersa buka2 blog Aa.
Teuing yeuh jadi lieur loba teuing picaritaeun.... timana heula nya ?.
ah pokona aing rek ngadongeng panjang lah mangga bandungan edisi berikutna nya!. Share