Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

dicarekan si awu

teuing dosa naon aing aya ku apes poe ieu , ges aing teu sare sare da tos gawe peuting. padahal aing tadi tas ngisi genset full tank kusorangan dua drum. capena kacida. aya sms deih ti mang akes cenah rek nginjeum duit dengan alasan bla bla bla ( teu etis ditulis didieu mah )
kamari silina nu nginjeum duit teh, Wah kawas jelema kalobaan duit dulur dulur jadi ngarinjeum duit euy.
Padahal maranehna teu nyaho aing gawe jiga romusa kieu, aing jadi nyaho ngarana nyaah kana duit kajeun saperak oge. mun giliran aing susah maranehna oge sok karitu jiga nu apilain wae (tapi teu kabeh ketang)
geus kitu eta si awu nelphonan wae masalah pagawean , JADI IRAHA AING REK MOLOR ATUH PANON GEUS BEURAT AWAK ASA PASIKSAK EH NGADON DICAREKAN CINA.
AING bisa stress dikieu kieu mah!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!!.
Tapi nya sing sabar hate, matak kitu oge tantangan gawe jeung eta resikona. matk kitu oge aing kapake gawe da sagala urusan nitah na ka aing wae ( ngahibur hate caritanamah).
kadang sok emosi mun geus kitu mah aing oge da jelema butuh sare, geus ah rek sare. Share