Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

Kadatangan SOBAT DALIT

Sukur bagjaning awak
poenan pamelu sobat aing keur sma datang ka imah,
hahay.... sono eung geus lila pisan teu pangih.
nya saperti nu bisa dibayangkeun nya datang2 langsung we ngabacokak,
ngawangkong ngaler ngidul bari jeung ngelepus udud.
bedana ayeuna mah geus pada rimbitan, baroga budak.
sikumpay budakna hiji ngarana Reija ......teu apal panjang na mah.
harita biasa nu ditanyakeun pasti si Inoth, tentang khabar terahirna jeung posisina dimana. sono..........
hayang bisa ngariung deui, bari ngobrol ngaler ngidul.
keun we taya juntrungana ge, nupenting rame.
mun baheula kadang aing asa sok jadi era sorangan, dumeh aing urang kampung, maranehnamah urang kota.
sok asa beda cara pandangna ka aing, mni bangun nyapirakeun. tapi ah meureun pikiran aing sorangan nu minder waktu harita, da memang aing urang kampung.
harita urang bisa sosobatan lantaran karesep nu sarua kana Queen. jadi weh sosobatan, jeung resep heureuy banyol jeung jail.
aaaaahhhh endah waktu harita. Share

Tong sieun gagal

tibaheula nepika kiwari
aya hiji su'al nu matak alergi
nyaeta kecap gagal
gagal ngajikeun hate marojengja
gagal matak jadi gelo
gagal matak leungit temah wani
gagal matak hayang bunuh diri,.iyyyyy ba'id

sieun gagal ?
naha make dipikasieun.
gagal mah sarua jeung proses diajar nu can rengse.
gagal teh ujian karena urang bakal hasil.
jalma nu sieun gagal,barijeung teu prak milampah geus pasti jalma gagal.

gagal aya oge nu ngeunah,
nyaeta:
'Gagal gegel kana biwir kabogoh'
heuheuy deuh Share