Sukur bagjaning awak
poenan pamelu sobat aing keur sma datang ka imah,
hahay.... sono eung geus lila pisan teu pangih.
nya saperti nu bisa dibayangkeun nya datang2 langsung we ngabacokak,
ngawangkong ngaler ngidul bari jeung ngelepus udud.
bedana ayeuna mah geus pada rimbitan, baroga budak.
sikumpay budakna hiji ngarana Reija ......teu apal panjang na mah.
harita biasa nu ditanyakeun pasti si Inoth, tentang khabar terahirna jeung posisina dimana. sono..........
hayang bisa ngariung deui, bari ngobrol ngaler ngidul.
keun we taya juntrungana ge, nupenting rame.
mun baheula kadang aing asa sok jadi era sorangan, dumeh aing urang kampung, maranehnamah urang kota.
sok asa beda cara pandangna ka aing, mni bangun nyapirakeun. tapi ah meureun pikiran aing sorangan nu minder waktu harita, da memang aing urang kampung.
harita urang bisa sosobatan lantaran karesep nu sarua kana Queen. jadi weh sosobatan, jeung resep heureuy banyol jeung jail.
aaaaahhhh endah waktu harita.
Share
datamash @ Savannah: GNU Datamash 1.9 released
-
This is to announce datamash-1.9, a stable release.
Home page: https://www.gnu.org/software/datamash
GNU Datamash is a command-line program which perfo...
2 days ago