Wilujeng Tepang Deui

Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.

ngageris ati ngagurat bayah

mun mangsana kuring tumanya
na aya dunya nu lian
hayang nganjang kadinya
hayang nyorang hirup nu beda

estuning tiap peuting batin nyungkelik
kekejot geus hayang balik
tiap waktu anu niktrik
kuring ngan ukur nahan ceurik

bisi mingke kuring geus nyerah
hate nu geus teu bisa dibeberah
wayahna anjeun tong mudal amarah
anguran lenyepan na jero bayah

pan kuring geus ti mimiti
ka anjeun nya nitipkeun diri
sugan kuring anjeun rek surti
nepika dipundut pati

bejakeun ka budak bapa teh unggul
sanajan saeutik wadul
cinta mah moal rek pupul
sanajan dapur kadang teu ngebul Share