Wilujeng Tepang Deui
Wilujeng tepang deui sareng ieu blog hasil curat coret kuring, candak nusaena piceun nu awona, mun pareng urang silih kanyahokeun sugan jaga urang baris runtut raut sadayana.
Rahayu _/!\_
Salam kuring six4sep.
istilah ieu biasana mah digukaeun pikeun pagawe anu overtime, tapi bagi kuring ngalembur teh artina nginget2 lembur, dumeh karek 2mingu indit ti lembur pikeun gawe deui di vietnam.
aya beja adi kuring nu bungsu ngendong ka imah, malah poe ieu manehna chat nyaritakeun anak kuring nu bungsu si Fadli nu mejeuhna lucu.
Share
sesuay sareng judul, dua mingon ieu kuring kalangkabut ku urusan ekonomi. lah mun dicaritakeun mah panjang teuing........, intina teu gableg duit weh.
mani asa dipodaran ngora2 . ahirna aya oge solusina nya balik deui ka ho chin minh. pikeun nyalametkeun gaji kuring nu teu kabayar ku si moses.
ngan aya oge alusna tina perkara ieu , kuring jadi akrab deui jeung nu jadi dulur anu geus sababaraha lila saling dingin.
ayeuna mah biasa deui, malah manehna nulungan tina hiji hal ieu.
hatur nuhun ya Allah tina masihan cobaan deui ka kuring, mugia kuring tabah.
Share
poe ayena rasa bungah asana minuhan isi dada, dumeh kuring rek balik euy ka lembur.
sangeus kuring kamari ti vietnam balik ka singapur kuring menta balik ka imah heula ka bos. ayeuna geus dibere balik, wah bungah pisan euy. ayeuna akses internet ti airport deui wae di cangi (ambeh gratis yeuh).
wah geus teu kiat hayang ningali ank pamajikan, jeung hayang ningali eta imah ayar nepika kumaha.
Share