dedeuh teuing Fadli

dedeuh teuing duh anaking
ayeuna anaking nuju teuwalakaya
ngagoler katut infus dirumah sakit
pasti anaking kasiksa
pasti anaking kuciwa
pasti anaking nanya
kamana ayah?

ceurik


ayah rumasa tambelar ka anaking
ayah rumasa tacan bisa ngaping ngajaring anaking
ayah rumasa.......... rumasa......... rumasa
tacan bisa ngabahagiakeun anaking.
hampura ayah ,..........anaking
ceurik